Buku

Ilustrasi buku (Republika.co.id)
BUKU gedé jasana pikeun hirup kuring. Buku pisan nu ngalantarankeun kuring bisa tina teu bisa. Buku pisan nu ngajadikeun kuring nyaho tina teu nyaho. Tepi ka ayeuna pisan, gara-gara buku, kuring bisa maraban anak jeung pamajikan. Malah pernah nyalametkeun kuring tina éra jadi teu éra. Kieu:
Ka mamana kuring sok mawa buku. Kungsi kuring bogoh ka hiji awéwé. Babaturan sakola baheula. Hiji waktu, nganjang ka manéhna. “Lis, kénging Aa ameng ka bumi?”
“Mangga.”
“Malem Minggu?”
“Wios.”
“Nyaan? Moal aya nu nyeuseul?”
“Moal.”
ayo baca
Atoh kacida. Hayang geura malem Minggu.
Geus dibaju alus. Seungit parfum. Minjeum motor ka lanceuk.
Rada asa-asa rék asup ka imahna da aya mobil sédan parkir. Alah, tamu ka bapana, meureun.
Ditoong tina gardéng, Elis keur ngobrol jeung lalaki. Kasép. Kagok, geus uluk salam.
Elis muka panto. “Eh, Marwan, sok ka lebet.”
ayo baca
“Wios di dieu wé. Moal lami da. Mung badé ngabantun buku nu tipayun kakantun,” ceuk kuring.*