Pupuhu PWI Jabar Miharep Pamaréntah Leuwih Merhatikeun Pérs Basa Sunda

Pupuhu PWI Jawa Barat Hilman Hidayat jeung Bupati Bandung Dadang Naser basa ngabuka Konperénsi PWI Kabupaten Bandung, Salasa (11/24/2020) (ayobandung/Mildan Abdalloh)
SORÈANG, AYOBANDUNG.COM -- Pupuhu PWI Jawa Barat Hilman Hidayat miharep pamaréntah leuwih merhatikeun média nu maké basa Sunda. Hilman nyebutkeun ayana média massa nu maké basa Sunda bakal bisa ngaronjatkeun kabudayaan lokal.
"Ayeuna 90% basa daérah di Indonésa ampir tumpur, basa Sunda salah sahiji nu dihariwangkeun bakal tumpur," ceuk Hilman dina acara pembukaan Konferwil PWI Kabupaten Bandung, Salasa (24/11/2020).
Ampir tumpurna basa Sunda alatan loba nonoman anu jarang maké basa Sunda dina kahirupan sapopoéna.
Kiwari, di Jawa Barat memang aya sababaraha média massa anu maké basa Sunda, tapi kaayaanna pikawatireun kusabab kasedekkeun ku média massa nu maké basa Indonésa.
ayo baca
"Malahan, euweuh média massa basa Sunda nu kavérifikasi ku Déwan Pérs," ceuk Hilman.
Kusabab éta, PWI Jawa Barat miharep ka pamaréntah daérah sing leuwih merhatikeun média massa basa Sunda. Salah sahiji tarékah nu bisa dilakukeun nyaéta meré subsidi ka pausahaan pérs basa Sunda.
Atawa pausahaan pérs basa Indonésa nyieun kanal (suplemén) husus basa Sunda siga nu geus dilakukeun ku Ayobandung.com.