Mérékeun, Kabiasaan di Pilemburan

Kabiasaan Merekeun di pilemburan. (Dudung Ridwan/Ayobandung.com)
SOREANG, AYOBANDUNG.COM – Di budaya Sunda, lamun rék hajat—boh ngawinkeun atawa nyundatan—sok aya kabiasaan “mérékeun”. Mérékeun téh biasana sapoé méméh hajat, pasosoré atawa peutingna. Lolobana mah soréna, da peutingna mah biasa sok diayakeun pangajian.
Tatangga darangdan datang pagaya-gaya marawa amplop nu eusina duit. Nu teu bisa datang, bisa mihapé amplop ka baturna. Atawa memang ngahaja teu datang da isukna rék milu nganterkeun pangantén atawa rék datang dina acara resepsi.
Kabiasaan mérékeun di kota mah geus rada arang. Tapi di pilemburan masih kénéh aya. Siga nu kamari peuting, Jumaah, 27/11/2020 dialaman ku Ayobandung.com di Kampung Cikancung, Desa Pananjung, Cangkuang, Kabupaten Bandung.
Tas magrib datang ka sahébul hajat téh. Ngaranna Kang Alek. Imahna weweg jeung gedong sanajan di kampung jeung asup gang gé. Katinggali aya sababaraha sémah nu keur mérékeun. Ngobrol ka ditu ka dieu bari ngopi.
Di hareupeun marakbak sabangsaning kadaharan. “Di dieu mah kabiasaanna kieu, Kang,” ceuk Kang Alek. Geura urang tatanan hiji-hiji naon waé kadaharanna:
Bugis—bugis téh tipung béas dienténan, dibungkus ku daun cau, tuluy disepan;
Kurupuk beci—nu dijieun tina béas jeung aci;
Jitnong alias Gula Katingker (dudung ridwan/ayobandung.com)
Jitnong—wajit borondong. Aya ogé nu nyebutna gula katingker;
ayo baca
Cigu—aci tarigu;
Kueh Seroja (Dudung Ridwan/ayobandung.com)
Seroja—dijieun tina tarigu, gula, jeung tipung béas.
Kiripik ketan—tina ketan tuluy digoréng.
Ranginang—dijieun tina ketan terus digoréng.
Ogé aya ulén, papais, bala-bala, jeung kuéh-kuéh kering dina keler. Cau jeung bubuahan séjénna.
Sémah, méméh balik, sarasalaman ka nu boga hajat bari ngepelan amplop, biasana mah ka ibu hajat atawa bisa diwakilkeun ka sadérékna. Lamun teu éra mah, sémah bisa mekel kadaharan nu marakbak tadi.
Di luar aya patugas nu siap mahanan idangan nu dikantongan palastik. Di jerona, minyak, indomi, minuman botol, jeung sabangsaning kuéh.
ayo baca
artikel terkait