web analytics
  

Carpon keur Rangga

Sabtu, 21 November 2020 06:44 WIB Komala Sutha
Bandung Baheula - Bandungan, Carpon keur Rangga, Carpon Sunda,Bandungan,seni dan budaya sunda,Sastra Sunda

Ilustrasi Carpon keur Rangga (Arsacadipura)

SABAN motor ngagilisir hareupeun pabukon, ingetan ngopépang jauh. Nu teu kapikir jadi kapikir. Nu satekah polah dipopohokeun némbongan deui. Kumalangkang. Teu beunang disieuh-sieuh.

Sakali mangsa reug motor dieureunkeun di dinya. Ngahaja. Ngadon ngawawaas. Ngimpleng nu kungsi kasorang. Ramo hideng ngitung. Biwir ngagerencem. April ka April. Sataun. Panceg. Tambah Méi. Sataun punjul sabulan. Sataun leuwih kalarung.

Angin ngahiliwir tina tatangkalan sabudeureun. Kuring masih ngajengjen dina motor luareun pabukon. Pabukon nu aya di kantor kabupatén Soréang. Asup ulah asup….

Sirah gideug. Di jero gé jempling. Taya aktivitas. Ceuk Éni jeung Jaka waktu tiluan lawung di dinya kaparengan panto pabukon ditutup. Di luar barala ku kalakay. Teuing iraha mimiti tutupna. Tiluan uplek ngawangkong sedeng pikiran kuring sasar. Waktu munggaran datang ka dinya, sataun katukang. Jangjian jeung Rangga. Tadina mah rék di Jalakharupat, tapi ngawawaas jarak imah manéhna di kacamatan X di Bandung Induk jeung tempat nganjrék kuring di Bandung Barat, pas mun lawungna di pabukon téh.

Inget kénéh, Rangga nu antusias hayang geura lawung da tadina mah kuring nahan kahayang. Waktu dua minggu kuring jeung manéhna dalit dina média sosial. Mimitina mah ngawangkong biasa, ngeunaan pangaresep nu teu béda. Ngencarkeun imajinasi ngaréka carita. Laju tumuwuh geter-geter asih teu bisa disingkahan.

“Kéngéng bogoh?” tanya Rangga. Kuring némbal ku emot. Manéhna surti. Laju urang beuki dalit. Méh unggal usik silih iberan. Dunya narawangan. Saré tibra dahar mirasa. Kasépna, imutna, asihna maturan poé jeung peuting. Béntang dina langit peuting tingkaricep. Panonpoé marahmay saban beurang ngareungeu biwir kuring ngahariring tembang asih.

“Lawung, yu?”  ceuk Rangga teuing ka nu sabaraha kali. Bangun teu sabar. Geuwat kuring muru méja dangdan. Nengetan rupa jeung waruga. Rangga moal hanjakal mun nyaho kuring bungkeuleukeunna? Ah, tapi kétang da potrét kuring mah saratus persén asli, teu diudat-édit saeutik gé. Teu kabawa ku sakaba-kaba ku mojang séjén nu karesepna ngaropéa beungeut ku kaméra jahatna. Pajar méh pédé padahal pembohongan publik.

Panceg dua minggu sanggeus ngarasa hubungan légal, kuring ngajugjug pabukon sakumaha geus dijangjikeun ti anggalna. Manéhna geus nyampak di jero. Kasawang teu, dua manusa nu silihsimbeuh cinta di dunya maya, paamprok jonghok? Naha rasa nu tinggulidag leungit? Nurutkeun pangalaman batur, biasana kitu pangpangna mun waruga dina potrét jauh jeung bungkeuleukanna.

Kuring nengetan warugana. Imeut. Ti luhur nepi ka handap. Aya nu béda saeutik mah jamak. Tapi Rangga hareupeun kuring, angger Rangga beubeureuh kuring. Lain ukur di dumay.

Bet kawas bolon urang silih tanyakeun perasaan séwang-séwangan.

“Angger bogoh,” pokna polos. Heuheuy deuh… jadi hayang seuri. Tapi dina dasar haté, sukuran. Tétéla perasaan sorangan gé teu robah. Pan saméméhna remen manéhna ngingetan sanggeus negeskeun perasaan kuring ka manéhna, bogoh henteuna. Paribasa, ulah robih nya. Moal, témbal téh tandes. Rangga malah ngimplik-ngimplikkan, beuki bogoh. Lain waktu, beuki bogoh. Sakapeung bosen ngadéngéna tapi ari teu kedal kecap-kecap éta, kuring nu sok tetelepék. Ah, éndahna cinta.

“Pami Cinta kumaha?” tanyana sanggeus aya di luar rohang pabukon. Leungeunna ngaléng cangkéng. Ngarandeg heula. Panonna ngarérét. Neuteup.

“Naonna?” kuring api-api teu ngarti.

“Euh... ieu mah. Tadi Rangga naros… sawalerna perasaan Cinta kumaha saatos urang lawung ayeuna? Robih?”

Teu waka némbalan. Tibang imut leutik.

“Pasti robih….”  Panonna ngadilak. Meni goréng sangka.  Haté nyeblak inget nepika dinya. April ka April. Sataun. Tambahan Méi. Sataun leuwih sabulan. Dada ngarénghap. Haté kumeter. Lalaunan motor ngageuleuyeung. Ninggalkeun sapotong katineung. Ngeunaan Rangga.

Kalangkangna teu daék ingkah. Kabawa ka imah. Peuting dumadakan gulinggasahan. Hayang geura ganti poé. Waktu nyérélék bangun surti. Poé ganti. Motor ngagilisir deui ka hareupeun pabukon. Tibang dirérét sabab rusuh.

Sajam réngsé urusan di kantor pamedal buku. Nyelang heula dahar di RumPad. Ngahaja motor ngageuleuyeungna dilaunan hareupeun pabukon. Reug eureun. Sajongjongan ngahuhuleng. Ngawawaas. Pikiran ngacacang. Ngopépang kana mangsa sataun katukang. Ah, leuwih hadé asup ka jero. Motor maju, méngkol, blus. Turun tina motor. Leuleumpangan sakeudeung. Simpé. Kalakay tina tatangkalan jangkung minuhan lemah sabudeureun. Barala. Teu kaurus.

“Ka bupati komplén atuh pabukon buka deui!” ceuk Jaka ka kuring.

“Is, ulah ka abdi atuh, da abdi mah urang Bandung Barat,”  cékéng bari rét ka Éni. Tiluan dariuk dua bulan katukang. Duanana teu maca nu aya jero pikiran kuring. Nu keur mitineung mangsa jeung Rangga.

Poé ieu kuring keur aya di dieu deui. Tapi nyorangan. Hapé ngageter. Aya WhatsAp asup. Ti Wulan. Keur di mana, tanyana. Témbal, di pabukon. Jeung saha, cenah képo. Sorangan, kuring negeskeun. Apan pabukonna gé geus lila tutup, na rék nanahaon di dinya sorangan? Néangan inspirasi keur ngarang? Tanyana meni murudul. Keur napak tilas, ngahaja di-capslock. Ceuk Wulan, mun masih bogoh kénéh mah, balaka wé ka jinisna.

Sakedapan ngahuleng, mikiran kalimah pamungkas Wulan. Balaka? Balaka ka Rangga yén kuring bogoh kénéh? Sanggeus Juni 2018 putus secara sah, kuring jeung manéhna sapuk rék jadi sobat biasa. Unggal poé najan teu unggal poé, masih silih iberan. Wangkongan biasa. Taya kecap-kecap cinta. Taya ungkara éndah. Sakapeung kuring baper, hayang mulangkeun katineung, tapi Rangga bangun teu méré lolongkrang nyarita ka lebah dinya. Kuring kudu maksa? Oh. Tidaaaak. Najan haté morojéngja.

Sababaraha urang jajaka nu ngadeukeutan.Saurang gé taya nu mampuh ngaganti posisi Rangga dina sanubari. Naha atuh hubungan kuring jeung manéhna bet pungkas? Haté marékplékan peurih. Cangcaya, teu percaya jeung mertahankeun égo masing-masing. Timburu nu kaleuleuwihi tur teu daék silih élédan. Saupama sakabéh éta teu ngadoja kaharmonisan hubungan asih meureun kuring jeung manéhna ayeuna masih ngahiji. Sabagé dua manusa béda jinis nu silih pikacinta.

“Rangga teu bisa mopohokeun Cinta,” malah Wulan getol ngirimkeun krinsutan status WA Rangga. Sajak, curhatanna nu nurutkeun Wulan mah tujuanna ka kuring. Mun Rangga teu gampil mopohokeun kuring, naha atuh teu ngupayakeun nyambung rasa nu saenyana éta rasa masih motah? Teu robah. Malah leuwih nyiksa. Kitu nu karasa mah.

“Naha nyarioskeun waé Dandi?” tanya Rangga hiji waktu. Anyar kénéh, sabulan katukang. Singhoréng manéhna teu resep mun kuring nyabit ngaran lalaki séjén najan ukur sobat. Timburu? Kuring teu bisa nyindekkeun. Manéhna gé bangun sadar teu boga hak timburu. Sakumaha kuring teu wasa ngadakwa mun manéhna katempo raket jeung wanoja séjén. Najan jero dada ngagolak.

Kalakay marurag tina luhur tangkal. Suku ngaléngkah diuk dina bangku nu aya di saung teu jauh ti panto gerbang. Simpé. Panon ngarérét ka beulah kidul. Café lowong. Harita gé lowong malah simpé najan pabukonna aktip kénéh. Duaan diuk di dinya. Pagégéyé. Saeutik-saeutik panonna ngarérét. Dampal leungeunna ngagerewek kana dampal leungeun kuring. Dicekel. Laju dirames. Teu lila, duaan leuleumpangan mapay jalan bécék. Bari suka seuri. Leumpang nuluy ka tukangeun pabukon. Leungeunna ngaléng cangkéng. Sakapeung pindah kana taktak. Bari diselang ku ngusapan.

Angin tina tatangkalan jangkung sabudeureun ngahihidan awak. Dada ngarénghap. Jero. Aya nu nyelek tina jero dada. Hayang ngajerit. Najan satekah polah mopohokeun, tapi buktina kuring teu mampuh! Henteu!!!

“Rangga, teu nanaon pan mun Cinta dalit sareng inisial ‘H’.” ceuk kuring culun pisan, saminggu katukang. Manéhna teu némbal. “Janten… hapunten pami teu gaduh waktos nu salsé kanggo Rangga. Atuda pan Rangga mah sanés sasaha Cinta.”

Teu némbal. Keuheul. Teu réspons. Teu paduli atawa timburu? Hayang mah timburu. Tapi deui-deui kuring teu bisa nyindekkeun kumaha perasaanna ka kuring ayeuna. Sedengkeun, ti poé ka poé manéhna masih merenah dina jero manah. Posisi kahiji. Loba katineung jeung Rangga. Naha saukur jadi katineung? Manéhna dina jero kalbu geus jinek. Angger jadi tokoh utama. Teu saukur dina carpon-carpon nu kungsi ditulis ku kuring. Malah mah saupama lalakon cinta kuring jeung manéhna dikotrét, bisa jadi puluhan boa ratusan novel. Lain ukur carpon. Komo tibang sajudul.

Adan Asar ngalanglaung ti kajauhan. Itung-itung ngabuburit ngadago waktu buka puasa. Puasa taun kamari mah kuring masih milik Rangga. Rangga masih milik kuring. Taun ieu? Kuring masih miasih Rangga najan teu mampuh mibanda warugana. Rangga mah teuing kumaha. Boa kuring mauh ukur katineung nu geus lila dipopohokeun. Tibang sajudul carita pondok. Nu imeut dibaca sakali diuk. Kitu meureun. Tapi teu kitu manéhna pikeun kuring mah. I can’t stop loving him.

Manéhna gé lain ukur aya dina sajudul carpon, tapi mangpirang-pirang carpon nu baris dikotrét ku kuring. Carpon ieu mah salah sahijina. Wawakil perasaan kuring nu ayeuna keur kasiksa nu lain meumeueusan--(sugan Rangga maca)--sanggeus nginget-nginget deui yén sataun katukang urang kungsi nyulam carita éndah di dieu. Di sabudeureun pabukon Soréang.

Dina Implengan Lalakon Rangga jeung Cinta,  28 April 2019

Editor: Dudung Ridwan
dewanpers