web analytics
  

Maju-Mundurna Basa jeung Budaya Ditangtukeun ku nu Makéna

Jumat, 20 November 2020 14:19 WIB Dudung Ridwan
Bandung Baheula - Bandungan, Maju-Mundurna Basa jeung Budaya Ditangtukeun ku nu Makéna, Bahasa dan Budaya Sunda,seni dan budaya sunda,Digitalisasi Budaya

Media-media Sunda. (Istimewa)

BANDUNG, AYOBANDUNG.COM -- Maju atawa mundurna hiji basa jeung budaya ditangtukeun ku masarakat nu makéna. Jadi, paéh atawa hirupna basa jeung budaya Sunda gumantung ka urang Sundana sorangan.

Kitu salah sahji pasualan nu muncul di sawalamaya “Merumuskan Strategi Kebudayaan Sunda: Strategi Penthahelix Digitalisasi Budaya” kamari, Kemis, 19/11/220 nu digelar ku Panitia Pra Kongrés Sunda 2020.

Sawalamaya nu dipandu ku Doni Purnama Alamsyah ngahadirkeun pangjejer, di antarana Prof. Dr. Ganjar Kurnia, Pusat Digitalisasi dan Budaya Sunda; Hilman Hidayat, S.Sos, M.Si., Ketua PWI Jawa Barat; Dr. Acep Iwan Saidi, Dosen FSRD ITB.

Dumasar ka Undang-Undang No. 5 Taun 2017 ngenaan kamajuan kabudayaan, Ganjar Kurnia nyebutkeun nagara ngamajukeun kabudayaan nasional. Kabudayaan nasional nanjeur alatan ayana budaya-budaya lokal.

Jadi, ngamumulé kabudayaan téh invéstasi pikeun ngawangun paradaban bangsa ka hareup. “Ngamumulé kabudayaan téh lain saukur beban. Tapi invéstasi,” ceuk Ganjar Kurnia.

Maju atawa mundurna hiji basa jeung budayana ditangtukeun ku masarakat nu makéna. Jadi, paéh atawa hirupna basa jeung budaya Sunda gumantung ka urang Sundana sorangan.

“Mun urang Sunda geus haré-haré ka budaya jeung basana. Geus éra mun disebut urang Sunda. Geus éra ngomong basa Sunda. Atawa lamun nyebut Sunda, sieun disebut sukuisme, tungguan wé bakal leungit tah budaya jeung basa Sunda téh,” ceuk Ganjar Kurnia.

Kukituna, alatan pentingna ngamumulé basa jeung budaya téh. Ngamumulé téh mangrupa ngadigitalisasi, ngainvéntarisasi, ngamankeun, nyalametkeun, jeung publikasi budaya Sunda.

Pusat Digitalisasi Kebudayaan Sunda (PDKS) nu dipingpin ku Ganjar Kurnia salila ieu migawe hal éta. “Budaya Sunda ngabogaan arsip-arsip penting dina média citak, buku-buku, rékaman audio, jeung dokumén lainna,” ceuk Ganjar.

Budaya Sunda, ceuk Ganjar, kungsi ngabogaan 300 jenis kesenian daérah. Sabagian geus leungit. Sésana aya meureun kana 30-40 jenis deui.

Mangfaat digitalisasi téh pikeun ngawangun karakter, ngaronjatkeun katahanan budaya, karaharjaan rahayat, jeung ngaronjatkeun pangaruh bangsa Indonesa di dunia internasional.

 

Tong Saukur Ngadigitalisasi

Pérs Sunda atawa pérs ku basa Sunda boga pasualan nu ruwet jeung seurieus. Beuki dieu beuki nyaeutikan alatan kasedek ku basa séjén ogé pérs Sunda mah teu boga nilai ékonomis.

Ceuk Hilman Hidayat, Ketua PWI Jawa Barat, pérs nu maké basa Sunda atawa pérs Sunda ayeuna tinggal saeutik. “Heueuh, kungsi jaya antara taun 1930-1960. Sipatahoeunan, Manglé, Kujang, Pasoeundan, jsb.”

Nurutkeun data Déwan Pérs, média onlén nu maké standar jurnalistik aya kana 55.000 na. Tapi, média onlén nu maké basa Sunda euweuh pisan. “Sok, wé cék ka Déwan Pérs,” ceuk Hilman.

Memang loba blog atawa situs nu maké basa sunda. Tapi, média Sunda nu maké standar jurnalistik jeung divérifikasi ku Déwan pérs, saeutik pisan. Bisa-bisa lila-lila pérs Sunda bakal leungit.

Nu dipikawatir, ceuk Hilman, wartawan anggota PWI nu aya di pasisian Jabodetabek lolobana lain urang Jawa Barat, tapi ti Sumatra. “Jadi, asaha kumaha nya motrét Jabar nu loba suku Sundana, tapi maké kacamata budaya séjén?”

Tina 1.200 wartawan PWI, wartawan ti pérs Sunda saeutik pisan. Malah, lolobana geus parangsiun jeung euweuh nu ngagantikeun.

“Kuring asa teu yakin lamun nyaritakeun kamajuan budaya Sunda tapi teu dirojong ku média nu hadé tur kuat. Enya loba blog atawa situs nu maké basa sunda. Tapi média Sunda nu maké standar jurnalistik jeung diverifikasi ku Déwan Pérs, saeutik pisan.”

Hilman nétélakeun, lamun euweuh pérs basa Sunda, saha engké nu motrét réalitas masarakat ku kacamata urang Sunda?

“Kuring mihareup salian terus ngaarsipkeun jeung ngadigitalisasi koran heubeul, majalah heubeul, warta heubeul, urang gé kudu nyieun produk jurnalistik ku kontén-kontén nu anyar. Kontén heubeul kaarsip sacara digital, tapi urang kudu tetep ngaproduksi produk jurnalistik nu anyar.”

Editor: Dudung Ridwan

terbaru

Nu Ceurik Lebah Péngkolan

Bandungan Rabu, 24 Februari 2021 | 14:34 WIB

Lebah péngkolan, kasampak si Kokom keur cingogo bari ceurik. Leungeunna mulungan béas nu ngalayah dina taneuh bécék.

Bandung Baheula - Bandungan, Nu Ceurik Lebah Péngkolan, fiksimini,Fiksimini Sunda,Bahasa dan Sastra Sunda,seni dan budaya sunda

Lain Hasil Munjung, Sajumlah Warga di Dua Désa Ieu Ngadadak Beunghar

Bandungan Selasa, 23 Februari 2021 | 16:38 WIB

Sajumlah warga meunang kompénsasi rata-rata Rp8 miliar. Atuh nu baroga duit langsung mareuli mobil.

Bandung Baheula - Bandungan, Lain Hasil Munjung, Sajumlah Warga di Dua Désa Ieu Ngadadak Beunghar, Warga Tuban mendadak kaya,Bendungan Kuningan,Kilang minyak tuban,Warga Kuningan mendadak kaya,Proyek kilang minyak Tuban

Inohong Sunda Nyebut "Kalemahan" jeung "Kakuatan" Urang Sunda

Bandungan Senin, 22 Februari 2021 | 14:28 WIB

Ceuk Ceu Popong, penting nganyahokeun kalemahan diri sorangan méh apal naon baé nu kudu diomékeun.

Bandung Baheula - Bandungan, Inohong Sunda Nyebut "Kalemahan" jeung "Kakuatan" Urang Sunda, watak asli orang Sunda,kelemahan orang Sunda,Gotong Royong,Ramah,karakter orang Sunda,Bageur teuing,Popong Otje Djundjunan,Uu Ruzhanul Ulum,Aang Hamid Suganda

Présidén Joko Widodo Ngawilujengkeun Miéling Poé Basa Indung

Bandungan Minggu, 21 Februari 2021 | 20:00 WIB

Sabab, ceuk Darpan, lamun leungit basana bakal leungit bangsana.

Bandung Baheula - Bandungan, Présidén Joko Widodo Ngawilujengkeun Miéling Poé Basa Indung, hari bahasa ibu internasional,Presiden Joko Widodo,Poe Basa Indung Internasional,Lembaga Basa jeung Sastra Sunda,Bahasa Sunda

Sastra Sunda: RÈPORTASEU IBLIS

Bandungan Sabtu, 20 Februari 2021 | 08:26 WIB

Kota Bandung moal tigerat ku cai. Sabab wakil rayat, pausahaan daérah, jeung pajabat Kota Bandung geus diajar ka Médan....

Bandung Baheula - Bandungan, Sastra Sunda: RÈPORTASEU IBLIS, Cerita pendek bahasa Sunda,Sastra Sunda,Bahasa dan Sastra Sunda,Carpon Sunda,Carpon Cecep Burdansyah,carpon,cerpen Sunda,seni dan budaya sunda

Ti Baheula Urang Tionghoa Pinter Dagang

Bandungan Jumat, 19 Februari 2021 | 16:09 WIB

Di jaman kolonial geus lain jadi rusiah urang pribumi leuwih deukeut ka urang Tionghoa dibandingkeun ka urang Eropah.

Bandung Baheula - Bandungan, Ti Baheula Urang Tionghoa Pinter Dagang, Tionghoa Bandung,sejarah tionghoa di Bandung,Trik dagang tionghoa,sejarah,sejarah tionghoa zaman kolonial

“Saloka”, “Tamara” Katingalina Asing, padahal Kecap Asli Sunda Kuno

Bandungan Rabu, 17 Februari 2021 | 15:26 WIB

Dina basa Sunda, “saloka” hartina “umpama” atawa “ibarat”, sedengkeun “tamara” hartina “gamelan”.

Bandung Baheula - Bandungan, “Saloka”, “Tamara” Katingalina Asing, padahal Kecap Asli Sunda Kuno, Nama Bayi dalam Bahasa Sunda,Nama Bayi,Nama Bayi Eksotis,Arya Saloka,saloka,Tamara Bleszynski,tamara geraldine

Dua Kaulinan Barudak Jaman Baheula: Pérépét Jéngkol jeung Sasalimpetan

Bandungan Selasa, 16 Februari 2021 | 11:06 WIB

Limaan ngariung, tuluy nukang. Laju suku sabeulah nu kénca, diangkat, silih kaél. Geus karasa pageuh, nguriling nukang...

Bandung Baheula - Bandungan, Dua Kaulinan Barudak Jaman Baheula: Pérépét Jéngkol jeung Sasalimpetan, Permainan Tradisional,permainan tradisional sunda,permainan tradisional di rumah,Perepet jengkol,Sasalimpetan,Permainan anak tradisional Sunda
dewanpers