web analytics
  

DOROKDOK ENOK

Sabtu, 14 November 2020 07:52 WIB Roy Rukmana
Bandung Baheula - Bandungan, DOROKDOK ENOK, Carpon Sunda,Sastra Sunda,Sastra dan Seni Sunda,Bandungan

Ilustrasi Dorokdo Enok (Heindry Kurniawan)

BARANG jrut tina sédan anu nganteurkeunana, sup ka gang. Leumpangna beuki ngagancangan, siga anu hayang buru-buru nepi ka panganjrekanana. Sanggeus ngaliwatan tilu gang, terus ngénca ka gang buntu.

“Alhamdulillah, geus nepi,” gerentesna.

Ngajanteng hareupeun  panto. Terus dongko, nyokot konci handapeun kékéséd. Geus apal deui indung bapana sok neundeun konci imah di dinya. Sanggeus muka konci, sup ka jero. Saméméh diuk ngoloyong heula kana méja béh juru, nyicikeun cai tina téko kana cangkir palastik. Leguk, ni’mat naker.

Gék, dina samak anu geus rawing sisina. Laju ngalaan tali  kantong  anu disoléndangna. Kantong leutik, saluhureun lokét ibu-ibu, ngan pasagi ieu mah. Najan leutik, lain kantong sakatong-kantongna. Lain kantong wadah android jeung charger-na, tapi kantong wadah kencring jeung duit récéh lianna.

Rét kana jam anu ngadaplok dina témbok, kakara nuduhkeun tabuh sabelas leuwih saparapat.

Biasana poé Minggu téh masih ngider. Sabada ngalapak di Car Free Day Dago, terus ngaprak ka gang-gang atawa ngasong di parapatan handapeun lampu mérah. Poé ieu mah balikna leuwih gasik, lantaran dorokdokna aya anu ngaborong. Dasar keur alus milik, lian ti diborong téh, ogé dikeupeulan amplop. Ngan teuing sabaraha, manéhna can wani muka.

Seléting kantongna dibuka. Lalaunan nyokot amplop, anu ngahiji jeung duit récéh ladang dagangannana.

“Bismillah …”

Amplop bodas disoékkeun ati-ati pisan. Eusina dipirit lalaunan. Sajongjongan mata simeuteun, nempo éntépan duit keretas beureum jalejreg kénéh. Laju diitung, ramo-ramona rada ngageter. Masih teu percaya ka nu dicekelna. Bulak-balik diitung, angger duit téh aya limalas lambar. Sep, diamplopan deui. Sup, dikana-kantongkeun. Leng, ngahuleng. Bangun nu teu percaya kana lalampahannana.

“Dorokdok, dorokdok kurupuk kulit, ibu, bapa, … raos, yeuh!” gorowokna dina trotoar. Nyanghareupan palastik badag, pinuh ku dagangannana. Leungeunna ranggém, ngasong-ngasong ka nu lalar liwat.

“Sabarahaan, Nyi?” ceuk ibu-ibu anu ditiung maké stélan tréning, dangdanan modis pisan.

“Mangga, mung dua rébuan, Bu. Dorokdok asli ieu mah.”

“Euleuh, lima rébu tilu wé, nya, da bageur,” si ibu nawar, muji bari ngolo.

“Hapunten, teu tiasa. Ieu gé gaduh sakedik langkungna.”

“Lah, mani teu bisa ditawar. Moal jadi, ah!” pokna, bari ngaléos.

Geus teu anéh keur manéhna mah aya nu nawar, bari teu jadi meuli. Teu matak leutik haté, percaya rejeki mah aya nu ngatur. Ku sabar mah teu burung ngeureuyeuh ngaladangan. Malah aya nu méré leuwih, angsulna teu ditampanan. Keur jajan, kitu basana.

Keur anteng nawar-nawarkeun, jol wanoja rancunit jeung jajaka gandang ngadeukeutan.

“Akang, Tétéh, mangga raos kanggo cemilan, ngerekes, geura!” geuwat nawarkeun ka nu nyampeurkeun.

“Muhun. Pami diborong sabarahaeun, Dé?” ceuk si wanoja, bari neuteup.

“Eu, eu ….”  Nu ditanya siga nu bingung.

“Kieu atuh. Ieu dagangan digaleuh sadayana. Mung, ayeuna urang jajan heula sareng Tétéh, keresa?”

Nu diajak kalah ngahuleng. Ahirna mah unggeuk, ngaenyakeun.

“Yés, mari kémon,” si jajaka nimbrung.  Tadi mah anteng midio nu gunem catur.

Si wanoja nungtun nu dagang dorokdok, bari ngajingjing dagangan anu rék diborongna. Si jajaka mah leumpang tiheula, bari teu leupas tina kamérana.

Sup ka hiji kapé. Ngahaja milih méja rada juru, ambéh teu kagiridig ku nu lian, kitu basana. Si Tétéh diukna ngaréndeng jeung Si Nyai Dorokdok, pahareup-hareup jeung si jajaka.

Mau pesan apa, Dé?” tanya Si Tétéh, bari ningalikeun ménu.

“Teu langkung, abdi mah ngiringan waé,” tembal nu ditawaran tungkul.

“Sosis bakar? Pisang panggang? Atawa mi ramén?”

“Eu. Eu … sosis wé, Téh.”

Ya udah, kita mah ngikut ajah, ” ceuk Si Tétéh. Langsung dipesenkeun. Sakalian jeung soft drink-na.

“Ngenalkeun nama Tétéh, Sonya. Tuh, nu nyepeng kaméra Kang Farid.” Si wanoja ngasongkeun leungeun. “Ari Adé saha?”

“Abdi mah sok disarebat Enok.  Tapi nami asli mah Surtiah.” Daria naker, bari sasalaman.

“Jadi, Enok Surtiah, nya? Sori-sori. Ha-hah ….” Farid ngaheureuyan.

“Pan kieu. Mimi sareng Mama asalna ti Cirebon. Mung tos lami di Bandung. Enok téh sami sareng panggilan Nyai pami di dieu mah.”

“Oh…”  Nu ngabandungan silih rérét, ditungtungan ku unggeuk.

“Tos lami jualan dorokdok, Dé?”

“Nya, aya sataun mah, Téh.”

“Ari ieu dagangan sendiri atau setoran?”

“Setoran, Téh. Ti nu gaduhna sarébu lima ratus sabungkusna. Ku abdi diical dua rébu.”

Sehari sok habis sabaraha bungkus tah?”

“Teu tangtos. Nya, lumayan wé kanggo nambih-nambih biaya sakola.”

“Kelas sabaraha sakola téh?”

“Nembé kelas genep.”

“Ari hasil icalan, acisna sok dikamanakeun tah?”

“Ditabungkeun, tapi nabungna di Mimi. Nuju kekempel kanggo lebet ka SMP.”

Obrolan kapotong ku datangna  pesenan.

Cobain sosis bakarnyah, please. Urang nyantai, nya, sambil ngobrol-ngobrol.” Sonya ngasongkeun hancegan Enok.

“Ari tuang rama damel di mana?” tanya Farid anu  teu leupas ngékerkeun kamérana.

“Mama mah sadidinten ngabéca. Ari  Mimi, nya,  kitu wé …,” jep sakedapan, “Sok buburuh nyeuseuh sareng ngalicin, éta gé pami aya anu miwarang.” Sorana ampir teu kadéngé.  Luk, tungkul.

Apa Nok ngga malu, jualan dorokdok inih?” Sonya nalék deui.

“Ah, naha kedah isin sagala. Kan jualan mah halal, anu penting teu ngaganggu sakola sareng ngaos wé, Téh.”

“Wow … amazing!”  Sonya ngacungkeun jempolna, muji kana pamadegan ieu budak.

“Cik Tétéh hoyong terang, cita-citana hoyong janten naon Enok téh?”

“Eu, eu …  abdi mah jaga téh hoyong ngabagjakeun Mama jeung Mimi wé, Étéh, Akang!” walonna tatag naker.

“Aamiin, yaa robbal’alamin ….” Sonya jeung Fajri ngaaminkeun.

Sanggeus ngarasa cukup gunem catur. Créng, Sonya babayar ka kasir. Laju nganteurkeun Enok mulang kana sédan hideungna. Teu poho dorokdok anu diborongna diteudeun dina jok tukang.

***

WANCI sareureuh budak. Ngariung di tengah imah, guntreng tiluan.

Apa betul, duité ana sing ngasih, atawa meunang nyolong?” tanya indungna, basana dicaruk jeung basa Cirebon. Keukeuh  tacan percaya, sakitu dijelaskeun sababaraha kali gé.

“Leres kénging pamasihan, ih! Piraku abdi bohong, Mi!” Enok negeskeun.

“Mimi waswas, ra kepikiran jaman sekarang masih ana sing éman karo wong cilik kaya kita,” pokna deui, méakeun kapanasaran.

Wis aja diributi, iki wis kersaning Gusti, rejekiné anak kita, Mi!” bapana nu ti tadi jempé milu mairan.

“Muga-muga baé orang sing éman pada kita, dilancarkan usahané, ditambai rejekiné, berekah urifna. Aamiin …,” gerendeng indungna. Teu karasaeun, aya nu baseuh dina juru-juru panonna.

Geus kitu mah Enok  asup ka kamar anu ngagemblong, teu dipantoan teu hordéngan. Golédag kana kasur anu ngagelar di handap. Teu lila. Reup, guher. Teu disimbut-simbut acan, bakating ku geus teu kuat nahan tunduh.

***

ISUKNA. Kakara gé asup ka kelas, can neundeun kantong-katong acan. Babaturanana rabeng nyalampeurkeun.

“Hébat kamu, Nok!” ceuk Meila batur sabangkuna. Leungeun kéncana ngeukeuweuk hapé.

“Iyah mani hébring, ih!” géréwék Icha, bari nangkeup ti tukang.

“Kéla, kéla aya naon ieu téh sih?” Enok  pungak-pinguk teu ngarti ku polah babaturanana.

“Euleuh… Kamu téh masuk yutub, tau? Yeuh, tingal. Aya dina kontén SONYA CHANNEL” Meila nempokeun androidna, “Tah, tah,  ieu kamu jeung tétéh-tétéh. Dina awal video aya tulisan, ngajeblag: DOROKDOK ENOK NAN ENAK. Tuh jelas Enok, nyaan sanés anu lian.”

“Asik Enok viral dina yutub, euy!” Kanza nyelengkeung.

“Hidup Enok, édun, viralkeun, …,”  babaturanana réang tinggorowok.

Ari anu diugung-ugungna mah kalah hareugeueun. Teu nyangka sacongo buuk, lalakon kamari jeung jalma anyar pinanggih bet aya dina yutub.

 

Bandung, 24 Juli 2020.

 

Editor: Dudung Ridwan
dewanpers