web analytics
  

Babasaan Ade Londok

Minggu, 8 November 2020 15:17 WIB Dudung Ridwan
Bandung Baheula - Bandungan, Babasaan Ade Londok, Duta UMK Jabar,Ade Londok Bandung,Bahasa Kasar Ade Londok

Ade Londok (m.adelondok/Instagram)

AYOBANDUNG.COM – Ade Nandar Ukandar atawa nu leuwih sohor ku ngaran “Ade Londok” ayeuna keur meunang ujian. Vidéo “Odading Mang Oléhna” viral. Malah nepi ka barudak leutik apal naon nu dikecapkeun ku Mang Ade Londok. Vidéo éta geus jadi cukang lantaran kana kapopuléran Ade Londok. Rejeki nu teu disangka-sangka jul jol ti ditu ti dieu. Lir selebritas, Ade Londok diondang ka mana-mana. Pecenghul di koran. Muncul di tivi. Malah meunang kasinugrahan jadi Duta UMKM ti Gubernur.

Tapi, lebah dieu ujian jang Ade Londok téh mimitina. Geuning teu sakabéh jalma resep kana ketakna. Utamana ka babasaan Ade Londok nu sok ngumbar basa Sunda kasar. Keun kanu pasualan rejeki mah da éta mah geus aya nu ngatur ti dituna.

Aktivis sosial Kota Sukabumi, Kristiawan Saputra, mangrupakeu salah sahiji nu teu resep ka Ade Londok. Manéhna nyieun kampanye nolak kadatangan Ade Londok ka Sukabumi. Ceuk Kristiawan, “Babasaan Ade Londok kasar. Lamun diantep, bakal mawa pangaruh goréng ka barudak leutik di Sukabumi.” Tingali, Ayobandung.com “Ade Londok Dilarang ke Sukabumi, Ini Sebabnya” Kemis (5/11/2020).

Dadan Sutisna, salah sahiji sastrawan Sunda, basa wawancara jeung Ayobandung.com, Minggu 8/11, nétélakeun, yén kecap “gobl*g” jeung “anj*ng” nu aya di vidéo éta dina pamadegan umumna nu maké basa Sunda, teu meunang dikedalkeun sagawayah. Komo ka barudak mah. “Lain hartina tara dipaké, tapi kudu tumpa-tumpa. Ukur dikedalkeun di hiji komunitas nu geus papada akrab, atawa upama jalma-jalma keur meunang kakeuheul,” ceuk Dadan.

Ceuk Dadan, nu jadi kontrovérsi téh, mun ieu kecap tuluy nerekab ka publik, dibandungan ku barudak, mana komo dijieun ukuran popularitas. “Henteu masalah mun Adé Londok sapopoéna nyarita kitu, da hakna ieuh. Jadi viral téh, bawirasa alatan kaunikanana—lain ku dua kecap éta. Méméhna gé apan geus réa nu ngedalkeun ‘gobl*g’ jeung ‘anj*ng’ mah, tapi tara matak viral. Hartina aya hal séjén dina diri Adé Londok. Da lamun aya nu nurutan gé, can tangtu matak viral deuih.”

Hanjakalna téh, ceuk Dadan, Adé Londok bangun teu napakuran perkara éta. Yén ieu mah ukur hiji cara ti Gusti keur mukakeun lawang rejeki, tur lantaran geus jadi tongtonan publik, daék teu daék kudu tuhu kana urusan étika atawa hubungan nu merenah jeung balaréa. “Umumna masarakat teu bisa disamarutkeun jeung komunitas nu geus biasa maké éta kecap. Upama Adé Londok can engeuh ka lebah dinya, nya jelema nu deukeut nu kudu bisa ngageuingna,” ceuk Dadan.

Taya nu ngahalang-halang basa Gubernur Jawa Barat nunjuk Adé Londok jadi Duta Kulinér. Ngan matak hanjakal, éta “kalungguhan” téh henteu dibarengan ku tarékah pikeun nataharkeun léngkah Adé Londok ka hareupna. Sasatna mah, sanggeus “diistrénan” téh tuluy baé diabur. “Padahal ari gubernur mah bisa waé ngangkir ahli basa, ahli komunikasi massa, tuluy sina ngawangkong jeung Adé Londok. Kitu gé mun enya rék dijieun ‘asét’,” jelas Dadan.

Geura wé, mun seug Adé Londok bisa ngarobah sikep—atawa merenahkeun kabiasaan, tangtu nambahan simpati ti balaréa. “Ari ayeuna mah, nu kabandungan téh Adé Londok kawas hulujurit nu dialungkeun ka médan laga, teu apaleun nu mana pasukan mana musuh, teu nyahoeun kudu maké gagaman nanaon, antukna bingung nangtukeun ucap jeung lampah. Mun téa mah Adé Londok geus dibéjaan kalawan daria perkara éta, tapi teu nurut, hartina mémang boga watek adat kakurung ku iga. Mun téa mah euweuh pisan nu ngageuing, hartina nu séjén teu tanggung jawab, ukur numpang kana popularitas,” ceuk Dadan.

Tendy K. Somantri, pangamat basa, mantan Ketua Forum Bahasa Media Massa pusat nétélakeun, “Nu pasti mah kieu wé. Jadi ‘duta’ téh pasti aya kritériana. Tah, basa ‘pangangkatan’ Ade Londok jadi ‘Duta UMKN’ geus maké kritéria nu jelas nu diakui ku umum? Lamun teu jelas, nya moal kabéh masarakat bisa narima. Jadi, kuduna mah tong sagawayah nunjuk atawa ngangkat duta mah.”

Sual basa kasar numawa pangaruh goréng ka barudak, ceuk Tendy, henteu ogé. “Paling kondisina jadi leuwih parah. Barudak nu geus biasa maké basa Sunda kasar asa kahatéan. Jeung nu teu bisa basa Sunda jadi apalna mung basa Sunda kasar wungkul.”

Nasrul Jatnika ti Komunitas Fikmin Basa Sunda, nyebutkeun, ari jang basa wawaran atawa promosi mah, mangga téh teuing. Da warung atawa produk anu anjeunna. Tapi, tangtuna ogé kumaha panampian warga nu ngadangukeunana. Mung ari jadi Duta UMKM mah asa kurang merenah. “Apan urang Sunda mah adab lanyap.”

Ceuk Nasrul, apan kecap “anjay” ogé jadi masalah. Komo ieu kekecapan ‘gobl*g’ jeung ‘anj*ng’. “Sapangemut abdi mah seueur kénéh anu langkung mantes, usahana ogé hasilna mucekil sareng motékar anu tiasa janten wawakil UMKM Jabar. Bisi aya sangkaan, “Geuning perindustrian jeung UMKM téh mageran basa anu kasar siga kitu’. Atuh leungit basa Sundana.

Editor: Dudung Ridwan
dewanpers