web analytics
  

Dina Lulurung Simpé

Sabtu, 7 November 2020 12:32 WIB Nina Rahayu Nadéa
Bandung Baheula - Bandungan, Dina Lulurung Simpé, Carpon Sunda,Bandungan,Seni dan Budaya,Sastra Sunda

Ilustrasi Dina Lulurung Simpé (Heindry Kurniawan)

ANTUKNA ngahaja nyamuni. Nyingkur ka nu sepi, ngabeberah rasa tunggara. Néang tempat nu sayaga nampa bangbaluh jiwa maluruh lulurung simpé malahmandar gudawangna haté bisa leungit baganti kabagja. Manggih hiji tempat nu matak pikabetaheun. Kuciwa nu karasa, saeutik-saeutik marékplékan disimbeuh ku nawaitul wudhuu diusap ku manglaksa dzikir diayun ambing cihcir, jangrik, ogé tongérét.

Ampir sapuluh taun pindah ka tempat anu singkur. Jauh ka kota. Saprak kajadian harita. Enya rumasa diri tihothat hayang meunang sora dina pilkada. Sasat poho waktu, cul anak pamajikan. Unggal waktu nu diobrolkeun ukur organisasi mekarkeun partéi.

Mimitina pamajikan pon deui kolot protés waktu kuring bébéakan. Tapi kadieunakeun mah ngarti sarta ngadukung kana putusan kuring ancrub kana dunya pulitik. Bungah kagiri-giri bungah amarwata suta waktu hiji poé dumasar kana hasil rapat, kuring dicalonkeun jadi anggota déwan. Dipilih ku partéi nu salila ieu ngagedékeun ngaran kuring. Tawaran giak dienyakeun teu dipikir dua kali. Geus kajudi engkéna, kuring bakal jadi anggota déwan jadi kareueues kulawarga.

Tapi ning sulaya. Ngaran kuring teu kacatet dina daftar, ngadon si Dudung babaturan sapartéi anu asup. Kuring nu ka ditu ka dieu. Merjuangkeun partéi kitu deui mun aya masalah kuring nu ka hareup. Anéh beut manéhna nu maju.

Ditanyakeun mah ditanyakeun ngan cenah aya sarat kurang téa, kurang deudeul sora téa. Teu ngarti enyaanana. Pan ti mimiti gé kuring mah teu ménta pikeun maju. Ari ayeuna sanggeus haté buleud beut bolay. Éra aya, da ngaran kuring geus diwawar ka tiap jalma ku kulawarga.

“Éta nu pangalusna ceuk Alloh,” ceuk Ema hiji waktu.

“Enya asa nyeri haté, Ma. Pan Ema apal kuring nu tihothat merjuangkeun. Naha beut si Dudung anu majuna?”

“Mana kitu gé can milik hidep. Omat tong ngéwa tong geuneuk maleukmeuk ka Dudung. Tandaning hidep can siap sagala rupana.”

Ti harita karasa cua jeung keuheul tiap aya pemilihan. Moal ngabibisani sanajan eya katingalina kuat, tapi dina haté pangleutikna aya kaceuceub anu pohara. SMS, telepon ti Dudung tara diangkat sumawona mun manéhna ka imah tara ieuh daék nyanghareup. Sababaraha kali utusan ti partéi datang, miharep kuring sangkan aub deui, tara diwaro.

Ayeuna, geus ramé deui ku pilkada. Aya nu nyiwit ati nyuaikeun nalangsa dina haté. Rahayat dibobodo deui dinangna néngné dibibita ku sagala rupa. Sangkan kabongroy tur pamustungan milih maranéhna dina waktuna. Pangalaman peurih baheula sok deui narémbongan.

Ceuk sasaha kuring téh pinter gaul, tur pinter nyarita. Ti SMA ogé kuliah mun aya lomba debat sok jadi juara waé. Jadi ketua organisasi geus biasa. Rérés kuliah langsung ancrub di dunya pulitik. Mun aya nanaon nya kuring nu sok maju mertahankeun argumen itu ieuna.

Kolot pasti bisa ngarasakeun kunaon pangna antukna kuring milih nyingkur. Sasat maranéhna gé meureun ngilu ngenes jeung nalangsa kana kajadian anu tumiba.

“Ké sugan periode engké bisa nyalonkeun deui.” Nu jadi indung nyarita.

“Kamari gé Abah panggih jeung Dudung. Manéhna rék merjuangkeun hidep taun hareup mah.”

“Merjuangkeun naon, Bah. Lain merjuangkeun tapi rék ngusrukeun kuring. Kuring anu babak belur, manéhna nu majuna. Horéam, Bah.” Nu pagaliwota dina dada teu betus. “Muhun, Bah. Ayeuna mah abdi badé niis heula.” Kitu anu ka luar tina tikoro.

“Abdi mah ngiringan kuma Akang. Akang ngalih abdi gé pasti satuju.” Pamajikan nyarita waktu hiji poé kuring nyarita yén hayang pindah.

***

SAPULUH taun kuring ngumpi tina dunya pulitik. Di Gunung Singkup anu jauh ka ditu ka dieu. Tara kadéngé démo, atawa tinggorowok nitah milih partéi. Éstu tengtrem tiis ceuli hérang panon. Paheuyeuk leungeun ngolah bangbaluh babarengan. Tara paing-aing sumawona hayang pangonjoyna.

Atuh perkara dahareun teu kudu sieun. Geus jadi kabiasaan, silikirim, siliasaan kadaharan. Mun pareng hasil tatanén nguciwakeun, geus sadia leuit désa anu bisa ngabantu warga. Kadaharan asli ti lembur, kayaning sampeu, hui, ganyol teu weléh aya.

Teu kudu hariwang olok duit lantaran meuli daharan online. Lembur téh moal kasusud ku gofood, teu kadeték ku google map. Pikeun anjog ka dieu, jalma kudu maké rakit, sab kahalangan ku Walungan Girimanuk, ti dinya leumpang puluhan kilo. Bisa éta gé make motor ngan kudu nu bener-bener tapis lantaran jalan loba kahalangan ku batu nu garedé ngaliwatan jurang nu lungkawing, meulah gunung.

Tonggoy dina kahirupan jaman ayeuna. Hirup di gunung bari siliajénan nyababkeun kuring ogé pamajikan betah. Golontorna cai, sora sasatoan leuweung marengan kuring unggal waktu. Nyeuihkan rasa sungkawa ngajauhkeun tunggara.

Moal deui nginget-nginget nu geus kaalaman. Cueut ka hareup, beuki nambah pangaweruh ngahanca bacaan pibekeleun balik. Ari kagiatan kuring, hudang subuh, mandi, ngalaksanakeun salat subuh di masjid, ngaderes nepi ka isuk-isuk, datang ka imah sasarap tuluy indit ka sawah atawa ka kebon nepi ka beurang.

Harita rebun-rebun geus ka cai. Karasa nyelecepna cai nu ngagolontor tina kulah kana leungeun. Langsung ngudar baju, brus mandi.

“Tin, anduk,” kuring ngagorowok.

“Kedap.” Titin pamajikan némbalan ti dapur. Teu lila ngurunyung bari jeung mawa anduk. “Ka mana ayeuna?” Titin nanya bari jeung neundeun anduk na biwir kulah.

“Ka imah RT heula. Béjana aya riungan. Nyawalakeun cai ti gunung,” ceuk kuring bari ngaruruan keuneung ku batu.

“Ké mah moal kagaringan sawah téh, nya, Kang?”

“Moal sugan.”

“Sabaraha waragadna?”

“Gratis. Anakna Pak RT ti kota nyumbang. Tah, ayeuna gé ngariung téh pan jeung manéhna.”

“Sukur atuh. Kang, sasarap mah aya kulub sampeu nya dina sééng. Gula beureumna dina pago. Kuring ngala heula randamidang, kamari teu kaburu.”

“Enya.”

Sajajalan leumpang dibaturan sora manuk. Leumpang mapay-mapay jalan gedé. Nanjak jeung loba batu galedé, tapi geus biasa. Béda jeung basa anyar datang. Ngarumas jeung ramohpoy mun diajak leumpang téh. Matakna sababaraha lila mah tara natangga da enya horéam ku leumpangna.

Tapi kalilaan mah biasa. Ayeuna nu dijugjug imah RT Danu nu aya di tungtung lembur, anjog ka imahna katangen dina bangbarung geus rentul sendal, tandaning sémah geus daratang.

“Assalamu alaikum.... Leuh, punten telat, Pak RT.” Kuring sasalaman ka nu aya.

“Wa alaikum salam. Acan dimimitian. Mantri Ulis jeung Lebé Jaka gé acan datang. Sok ngopi heula tah.” RT Danu ngasorkeun susuguh ka hareupeun kuring. Katangen aya roti, kuéh-kuéh dina kelér sababarah rupa. “Sok. Ieu mah moal aya di dieu. Asli ti dayeuh,” RT Danu nyarita ka nu aya.

Nu ngariung ting celemun kana opieun.

“Naha dianggurkeun. Sok atuh, Pak Dirman.” RT Danu ngasongkeun ka kuring.

“Cekap, Pak RT. Tadi sasarap heula puguh gé.”

Teu lila jol Mantri Ulis jeung Lebé Jaka. Gék maranéhna diuk dina palupuh. Camuil kana roti hareupeun sanggeus disokkeun ku nu boga imah. Acara langsung dimimitian ku RT Danu.

“Tong salempang mulai ayeuna ka hareup, urang moal hésé cai keur ka sawah. Cai ti gunung disalurkeun ka kulah gedé nu di tonggoh. Tah ti dinya tinggal maké selang wé ka sawah séwang-séwangan. Insyaa Alloh kabagi walatra. Teu kudu mikiran béaya deuih. Kabéhanana ditangkes ku budak kuring.”

Jol itu jol ieu nganuhunkeun. Kacida reueus ku budak RT Danu. Lian ti jeneng, nyakola ogé jiwa sosialna anu kacida gedé. Geus sababaraha kali aya kagiatan manéhna teu weléh mantuan dina hal waragad.

Acara lekasan pabeubeurang waktu cacing dina beuteung mimiti ting garero. Geus kabayang ku kuring nikmatna dahar sambel sapuratina. Kadaharan kampung nu teu weléh matak deudeuieun. Sulaya, da geuning RT Danu ngabagi nasi dus. Dibuka téh fried chicken bawa ti dayeuh. Kabéh ngalimed. Iwal kuring neu teu pati ponyo téh. Enya nu diajam dahareun kampung ari nu datang beut kadaharan kota.

“Cep Donina ka mana, Pak RT?” salah saurang tumanya.

“Nyéta aya telepon tadi subuh kudu langsung ka dayeuh deui. Aéh, enya aya oléh-oléh ti nu jadi budak.” RT Danu nangtung muru kamar. Ka luar deui geus mawa tumpukan kaos nu masih kénéh diplastikan. Kabéh dibagi hiji éwang. “Omat kudu dipaké.”

Nu hadir langsung muka plastik. Kitu deui kuring. Geuwat dibuka. Bréh kaos gambar hiji partéi, ngaran Doni Suharta ngajeblag handapeun logo partéi.

Lulurung simpé ngadadak bayeungyang. Karasa harénghéng sapada harita. Sora-sora adurényom merkarakeun pilihan nyeuitan ati. Lambaran lalakon narémbongan deui. Pulitik geus nyeuseup hawa lulurung nu simpé baganti ku héhéab dunya. Hawa tiis ngadadak panas.

Lembur nu simpé nu matak ajrih beut asa ngaléléwa. Rék ka mana ieu diri nyamuni. Lulurung haté nu simpé nu pinuh ku kasadrahan ayeuna diayun ambing kingkin.

 

Editor: Dudung Ridwan
dewanpers