web analytics
  

Ujungberung dina Novél Romantika Cinta di Kampoeung Nyublek

Selasa, 3 November 2020 20:10 WIB Dudung Ridwan
Bandung Baheula - Bandungan, Ujungberung dina Novél Romantika Cinta di Kampoeung Nyublek, Buku Romantika Cinta di Kampoeung Nyublek,Aan Merdeka Permana,Sejarah Ujungberung

Buku Romantika Cinta di Kampoeung Nyublek (Dudung Ridwan/Ayobandung.com)

AYOBANDUNG.COM -- Buku Romantika Cinta di Kampoeung Nyublek beunangna Aan Merdeka Permana pedalan Putra Pajajaran Mandiri taun 2013 nyaritakeun pakait atina Noni Iréné--rumaja wanita kulawarga bangsawan Belanda--ka Radén Abirangga--anak tua Kampung Nyublek nu jadi puseur dayeuh Distrik Ujungberung Wétan. Percintaan noni Belanda jeung jajaka pribumi ieu téh ngabalukarkeun patelak rongkah. Tangsi Belanda diduruk sabab Belanda ngabaikot ékonomi rayat.

Nu jadi catetan di bab hiji novél ieu, Aan Merdeka Permana--nu kungsi nulis novél Senja Jatuh di Pajajaran—ngaguar sajarah Ujungberung, ngaran hiji kacamatan di Kota Bandung, persisna di Bandung wétan. Sigana Aan kudu ngaguar sajarah Ujungberung da setting novél ieu aya di wilayah éta.

Dina catetan buku statistik urang Belanda baheula,  Aardrijksdigkundig en Statistisch Woordeboek van Nederlandsch Indie, anu kungsi kacatet di Landsarchivaris (arsip nagara) di Batavia disebutkeun yén Ujungberung téh nyaéta Negorij Bandung West Oedjoengbroeng. Ujungberung Wétan wilayahna jauh leuwih lega batan Ujungberung kiwari anu sakadar jadi wilayah kacamatan. Baheula mah dina jaman Belanda, nyaéta sanggeus Jalan Raya Pos dijieun ku Gupernur Jenderal Daendels, Ujungberung téh mangrupa wilayah distrik.

Jaman Kabupatén Bandung masih di Karapyak, nyaéta saméméh taun 1810, kaereh ka wewengkon anu disebut Ujungberung. Sanggeus pamaréntahan ngawanohkeun sistem Distrik, Ujungberung dibagi dua distrik, nyaéta Distrik Ujungberung Wétan jeung Distrik Ujungberung Kulon. Tapel wates antara wétan jeung kulong nyéta di Kaca-Kaca Wetan atawa Parapatan Lima mun ayeuna.

Ti mana jolna ngaran Ujungberung? Aya sababaraha vérsi. Vérsi pangheubeulna, nyaéta anu dipatalikeun jeung sasakala Gunung Tangkubanparahu. Basa Sangkuriang keur tihothat nyieun parahu, Dayang Sumbi kacida hariwangna sieun pagawéan anu dipaké pasaratan kawinan Sangkuriang laksana. Mun enya kudu kitu, piraku teuing anak ngawin indung? Dayang Sumbi unggah kana pasir ngélébétkeun karémbong mayang sangkan panonpoé geuwat mucunghul. Kapan kitu pasaratanana, daék dikawin asal nyieun talaga sapeuting katut parahu keur lalayaran.

Dayang Sumbi gé nitah kaom ibu pikeun nutu paré dina lisung. Basa ngadéngé aya halu ramé pakentrung, atuh hayam gé carengkat hudang bari kongkorongok jeung kokotak, para guriang anu diparéntahkeun nyieun talaga sapeuting jadi teu neruskeun hanca gawé sabab pantrang molah gawé pabeubeurang. Atuh talaga sapeuting téh teu tulus anggeus.

Mireunggeuh kitu, Sangkuriang ambeuk nataku, parahu disépak tepikeun ka nangkub. Nya kiwari jadi Gunungtangkubanparahu. Ari karémbong  mayang bogana Dayang Sumbi, robah jadi Gunung Manglayang. Gunung anu kaina dialaan jang parahu, kiwari katelahna Gunung Bukittunggul.

Gunung Manglayang teh mangrupa tempat akhir Sangkuriang dina ngaberung napsu, pajah ujungna ngaberung, nya jadi Ujungberung.

Versi séjén dipatalikeun jeung lalampahan Dipati Ukur dina patelakna jeung Mataram. Pasukan Dipati Ukur téh abur-aburan ti tatar Ukur ka béh wétan, nya anjok ka tungtung urut basisir Talaga Bandung Purba. Si sisi-si urut basisir téh, jembet ku leuweung awi.

Dipati ukur katut balad-baladna nyumput di dinya tepikeun ka teu kapanggih ku musuh. Ieu tempat ku Mataram mah disebut ujungna hiji gerakan dina tarékah nyusul-nyusul Dipati Ukur. Ieu tempat gé dianggap tempat ngaberungna napsu dina kaambek ka Dipati Ukur. Ka dieunakeun cenah katelah baé Ujungberung.

Wilayah-wilayah anu kungsi dijugjug keur ngudag Dipati Ukur téh bisa jadi ti mimiti Kampung Palintang (Demah Luhur), tepikeun ka Panyiraman (hulu Citarum) di suku Gunung Wayang. Tug ka kiwari boh di Palintang boh di Panyiraman aya kapanggih situs-situs anu dianggap kungsi jadi tempat panyumputan Dipati Ukur. Di éta dua situs aya makam Dipati Ukur, nyaéta makam tiruan jang nyamarkeun musuh.

Vérsi nu katilu, bisa jadi ngaran Ujungberung dicokot tina kecap “ujungan” jeung ngaberung (ngumbar). Cenah baheula, para jawara Sunda ti beulah wétan (Galuh), sataun sakali sok ngayakeun lalampahan ka tatar kulon Sunda (Pajajaran) pikeun mecak kabisa. Dina mecak kabisa téh di antarana ngayakeun pertandingan ujungan, nyaéta olahraga silih babuk bitis ngagunakeun hoé. Nu di pakalangan kudu pakuat-kuat ngababuk jeung pakuat-kuat dibabuk. Lamun keur lalampahan ti wetan muru ka kulon, sok rerehna téh di sisieun Citarum.

Di sisi Citarum, para jawara latihan ujungan. Nu dibabuk ku hoé satekah polah kudu bisa ngaberung nafsu, ulah ambek. Ti dinya cenah mimitina aya kecap Ujungberung téh, nyaéta hiji tarékah dina raraga ngaberung napsu dibabuk hoé dina kagiatan ujungan.

Kumaha atuh tungtungna kisah cinta Noni Iréné ka Radén Abirangga, mangga wé baca novélna nepi ka tutug.

Editor: Dudung Ridwan
dewanpers