web analytics
  

NGASUH

Sabtu, 31 Oktober 2020 08:27 WIB Euis Rohayati
Bandung Baheula - Bandungan, NGASUH, Carpon Sunda,Bandungan,Sastra dan Budaya,Sastra Sunda

Ilustrasi Ngasuh (Ayi Sacadipura)

"KANG, meungpeung poé Minggu, jung geura bawa ulin budak teh! Kaluman hayang ngagantél waé. Ieu hulu susu meni lalinu!" Pamajikan ngagorowok ti kamar.

"Bawa ulin ka mana?" Bingung.

"Ka mana wéh kumaha dinya. Bonganna bet hayang ngukut budak!" témbalna.

Nyampeurkeun ka kamar. Kasampak budak keur naplok dina beuteung pamajikan, bari ngecrokan hulu susu. Kuring ngabalieur, asa ku rujit nempona. Mun wasa mah hayang nyekék, hayang ngabantingkeun. Gancang budak dibenyéng, sina lésot nyusuna.

"Cobaan sina ngala duit, bawa ulin kanu ramé ka dituh!" ceuk pamajikan bari nguniang hudang.

Horéam-horéam ogé budak dirawu.

Ka luar ti imah, leumpang ka jalan raya. Megat angkot bari ngagandong budak.

Reg, mobil angkot eureun hareupeun. Kalacat naék. Angkot nyemprung ka kotakeun.

Di Alun-alun, gancang turun.

Jelema meni ramé,  malum poéan liburan. Sup ka taman,  budak élékésékéng hayang turun, resep meureun ningali jelema sapantaran  manéhna keur arulin, aya nu lulumpatan, nu maén bal, jeung anu gogoléran dina jukut.

"Jung, geura usaha!" Bari ngécagkeun budak téh, kuring ngaharéwos kana ceulina.

Budak teu ngawaro, kalah berengbeng lumpat muru kolam aér mancur, laju kukucuprakkan nyo'o cai. Kuring diuk di juru taman, nyérangkeun ti kajauhan.

***

TI saprak dipecat ti pagawéan, aya kana sataunna hirup nganggur. Cicing di imah kontrakan. Karasa ngarumas pisan.

Teu rék ngarumas kumaha tuda tuman hirup senang, duit loba, imah sigrong, dahar tinggal am, udud ngebul, kandaraan nyampak sanajan mobil pausahaan ogé.

Ngan, hanjakal dunungan kaburu ngambeu. Aya nu teu bérés dina laporan keuangan pausahaanana. Tibatan dilaporkeun ka nu berwajib, gancang imah dijual dipaké ngagantian duit pausahaan nu kungsi kapaké. Mobil pausahaan dipulangkeun.

Tapi, angger wé kuring dipecat ti pagawéan. Teu karasa geuning ngontrak sataun téh, nu boga imah geus nagih deui duit kontrakan. Ceuli geus asa rawing, unggal poé ngadéngé pamajikan luhlah. Urut dahar ka warung bayareun, arisan RW geus tilu bulan teu kabayar, éra cenah, ditatagih waé. Budak sakola biayaaneun satilu-tilu. Jaba bati cicing di imah pamajikan geus bureuyeung deui. Can kapikir, ti mana biaya keur ngalahirkeun.

Ieung, matak jangar kana sirah.

Kencling indit ti imah. Karep rék  nepungan Si Odin, sobat dalit ti bubudak. Susuganan manéhna bisa nulungan, saeutikna bisa nginjeuman duit. Tapi, geus paadu hareupan mah ku hésé rék pok téh, aya rasa géngsi. Heueuh tuman baréto ngawur, duit dimonyah-monyah, ari ayeuna kudu unjam-injeum.

Ngadon uplek ngobrol ngalér-ngidul, nepi ka poho kana waktu. Nya ahirna mah kuring balaka, keur néangan pagawéan, butuh duit keur biaya pamajikan ngalahirkeun.

"Teu kudu susah-susah digawé hayang piduiteun mah. Tuh, turutan Mang Dinta," pokna.

"Mang Dinta, salaki Bi Ésih?" cekéng.

"Enya. Tempo, ayeuna hirupna geus senang. Imahna geus boga opat. Mobilna geus teu kaitung. Jaba meulian tanah, meulian sawah di mamana. Malah mah ceuk béja, pamajikannana ogé geus opat ...."

"Kutan? Na, pagawéanana ayeuna kana naon kitu?" Panasaran. Heu euh da saingeut kuring baheula, nu kaciri hirupna pangsusahna di lembur téh, Iwal ti Mang Dinta.

"Teu pira pagawéannana mah saukur ngasuh budak, héhéh..." témbalna bari ngahéhéh

"Ngasuh budak kumaha? jadi baby sitter maksudna?" tanya téh asa teu percaya, maenya Mang Dinta nu méh aki-aki jadi baby sitter.

Cakakak Si Odin ngadon seuri ditanya téh. "Enya, ngasuh budak. Ngan, budakna budak hideung jaba dugul. Hahaha...!"

"Ah, manéh mah heureuy waé! Nu bener ditanya teh!"

"Euh, hésé nyarita jeung Énté mah, mani kudu jéntré waé! Ngasuh tuyul, atuh!" pokna deui.

"Maksud Énté miara tuyul?" cekéng.

"Enya. Bisi Énté rék nurutan ngasuh mah hayu ku sayah dianteur, sayah nyaho tempat nu ngajualna," pokna.

"Baruk, aya nu dagangna, kitu?"

"Marukanan, jaman ayeuna mah geus teu hésé. Hayang naon waé sagala aya, sagala gampang, asal boga duit keur maharna wéh. Rék nu harega sabaraha? Ti harega nu ratusan juta nepi ka harega lima juta aya, euy."

"Ambuing! Sayah mah karék nyaho aya nu dagang tuyul, Din, euy. Éta hargana nepi ka ngaratus juta, geuning?

"Ah, da engké gé duitna bakal balik deui. Apan budak nu diasuh téh bakal mulangtarima, bakal méréan duit ka nu ngasuhna."

"Naha atuh énté lain nurutan, Din?" Kuring malik ngaheureuyan.

"Nyéta pamajikan embungeun, komo palebah nyusuannana mah." témbalna bari nyéréngéh.

"Mun Énté érék nurutan Mang Dinta mah, hayu ku sayah dianter, sayah nyaho tempatna," pokna deui.

"Sangeuk teuing. Rarujit  kudu sasusu jeung tuyul!" Kuring ngabirigidig. Odin seuri deui ngabarakatak.

Harita, saeutik gé teu niat pikeun narima tawaran Si Odin. Pamajikan nu karék  hudang orokan kot ka jejebris. Pajar téh bararaid teuing kudu nyusuan tuyul, cenah. Tapi, ngalamar pagawéan ka ditu-ka dieu euweuh nu narima, sedengkeun pangabutuh tuluy murudul.

Parabot rumah tangga nu bisa jadi duit mah geus béak dijualan. Si Cikal ngurihit hayang neruskeun sakola, samalah bébéja geus katarima di SMK, cenah, bulan hareup kudu aya duit genep juta. Kuring poékkeun. Motor barang berharga nu tinggal hiji-hijina kapaksa dijual, dipaké keur mahar.

Aya kana tilu jamna diuk di juru taman, nungguan budak nu keur ulin kukucuprakan dina cai, heug buligir. Mun anak jelema mah geus noroktok kabulusan meureun. 

Laju disampeurkeun, diolo sina hanjat. Keukeuh embung hanjat. Tungtungna  kuring nu ngéléhan, ngoloyor deui ka juru taman, da éra ku batur nu marelongkeun. Meureun aya nu nyangka kuring owah, pédah katingali ku maranéhna mah ngocoblak ngomong sorangan. Bener ceuk Si Odin, nu maharna harega majuta mah budak asuheun kénéh, can bisa ngala duit.

Editor: Dudung Ridwan
dewanpers