web analytics
  

Si Tintin

Sabtu, 24 Oktober 2020 05:50 WIB Aan Merdeka Permana
Bandung Baheula - Bandungan, Si Tintin, Carpon Sunda,Bandungan,Sastra Sunda,seni dan budaya sunda

Ilustrasi Si Tintin (Arsacadipura)

NGARAN aslina mah Eng Tin Nio. Ngan kuring saréréa sok nyebutna Tintin. Malah ditambahan “Si”, jadi Si Tintin. Nya bubuhan babaturan salembur, di hiji gang nu aya di Kota Bandung. Ka sasaha gé sok susa-sisi.

Si Tintin teh budak Cina. Meureun umurna 16 mah. Kulitna bodas beresih. Irungna leutik semu bangir. Buukna sakapeung dikuncir, sakapeung dirumbaykeun saret taktak. Panonna sipit. Nya merenah wé, da budak Cina.

Enya batur salembur, di jero gang rupeuk jeung heurin. Imah gé rata-rata laleutik, da imah kontrakan. Si Tinting gé pan ngontrak sagowok. Indungna kétah, Ci Béng nu ngontrak mah, bubuhan boga gawé nyieunan oto budak. Nyieun ku sorangan, diangkleung-angkleung ku sorangan ka saban golodog imah. Si Tintin téh anak nunggal. Ci Béng kacida nyaaheunnana. Si Tintin memang budak bageur. Sanajan keur meumeujeuhna rumaja putri, teu kadéngé boga kabogoh. Komo gunta-ganti mah.

Aktif pisan di Karang Taruna. Lamun poé Minggu cross country ka gunung, Si Tintin milu. Lamun pésta Agustusan, Si Tintin aktif milu dina grup folksong. Nya pokona mah, campur wé jeung barudak bangsa pribumi. Ongkoh sok matak kayungyun deuih. Mun bulan puasa, maké pirajeunan milu puasa. Ci Béng gé indungna sok barang kirim kadaharan boh keur buka boh keur sahur. Tatangga nu deukeut tara cedihan, tara sieun kadaharan campur daging babi. Atoh wé nu aya dikirim deungeun sangu téh.

Si Tintin téh bapana gé sarua Cina. Ngan cenah dipangkaburkeun. Ti barang lahir gé geus teu nyaho di rupa bapa. Cenah mah usaha ka Medan. Ngan plengles teu balik deui. Ci Béng teu hayang boga salaki deui. Leuwih suhud ngurus budak nu hiji-hijina. Ngan ku sabab pangupajiwa anu ngawates, Si Tintin ukur kuat sakola tepi ka SMP.

***

ÉTA téh kajadian taun 1970-an. Dina taun-taun éta kénéh gé, sabenerna kuring mah geus teu tepung deui jeung maranéhna. Nyaéta sanggeus aya kajadian huru-hara di Kota Bandung.

Kuring téh lain kabogohna Si Tintin. Ngan duméh nyobat. Meureun duméh asa sanasib, papada dipangkaburkeun ku bapa, teuka hirup téh ngandelkeun sorangan. Nyobat di lembur sabab aktif di Karang Taruna. Pan mun keur latihan folksong, manéhna anu nyanyi, kuring anu ngahitarna. Kuring jeung manéhna ogé boga pagawéan anu sarua, nyaéta buburuh ngaput di pausahaan konvéksi pakéan, bosna bangsa Cina. Pabrikna di wewengkon Jl. Kalipah Apo. Boh  indit boh balik, teu weléh bareng da pan imah papada ngontrak di hiji gang pilemburan anu sarua.

Tapi poé éta, poé Minggu tabuh 14.00 tanggal 5 Agustus 1973 aya kajadian gehgér tepi ka Kota Bandung kacau. Loba toko Cina dibalédogan. Loba mobil bogana Cina diraruksak. Kalolobaan urang Bandung poé éta euweuh nu apal, naha loba jalma amuk-amukan sagala ngaruksak banda bangsa Cina. Peutingna wé di RRI Bandung aya warta ngeunaan sabab-musabab kajadiannana. Cenah aya roda kuda anu nyénggol sédan VW bogana urang Cina. Kusirna diambek laklak dasar. Malah ceuk isu mah cenah digebug sagala. Tah mireungeuh kitu, papada kusir boh kusir roda boh kusir délman, ngamuk hayang males pati. Geus kitu, para tukang beca, supir bémo, tukang dagang émpér jeung rayat umum, sarua papada ngamuk. Ngamukna murang-maring ngaruksak pakaya bangsa Cina. Sa Kota Bandung kituna téh.

Pausahaan konvéksi tempat kuring jeung Si Tintin buburuh ogé sarua diamuk ku pédah loba nu nyaho bosna bangsa Cina. Padahal da ari pagawéna mah kabéh gé pribumi. Éh aya kétah saurang Cina upahanana mah, nyatana Si Tintin.

Kuring satékah-polah nulungan Si Tintin ulah digunasika ku anu keur ngamuk. Kabur nyalametkeun Si Tintin gé jalan ka tukang, hanjat kana bénténg. Suku Si Tintin gé tepi ka cingked da tipalitek basa dipaksa diajak ngajleng.

“Da manéh Tintin keukeuh hayang operwerk baé poé Minggu téh ….”  Kuring nungtun Si Tintin, anu leumpang gancang bari cingked jeung reumbay cimata.

“Ari geus isukan Senén hayang mawa Ci Béng ka puskésmas sabab sukuna beuki babareuhan …,” témbal Si Tintin nyusutan cimata.

Datang ka jero gang pilemburan kuring, tétéla deuih aya sweeping ka sakur bangsa Cina. Tatangga bébéja montong balik ka imah.

“Ci Béng geus diungsikeun ka kantor RW! Nu sweeping nyao urang mana,” ceuk tatangga. “Memang di jero gang teh loba bangsa Cina anu bumen-bumen. Tapi da ah, Cina miskin kabéh ge.”

Kuring gura-giru nungtun Si Tintin tepi ka bisa jonghok jeung indungna. Geus kitu cul wé da hariwang ka Ema di imah.

Tah, ti harita pleng teu panggih jeung Si Tintin. Cenah tengah peuting harita ge geus pindah ti dinya. Pindahna ka mana, euweuh nu apal. Panggih-panggih deui téh, kira sapuluh taun ti kajadian harita.

***

HIRUP téh ti mangsa rumaja asa teu menyat-menyat. Baréto ukur buburuh di pabrik bogana Cina. Ayeuna geus boga anak hiji, ukur kuat jadi tukang dagang nasi goréng. Teu mangkal tapi roda dagangan téh disusurung mapay-mapay jalan.

Tabuh satengah tilu wayah janari dagangan masih nambru. Ayeuna ngaliwat ka Jl. Gardujati, teu optimis aya nu meuli, sabab pan di dinya mah loba rumah makan ténda anu kadaharanana aralus jeung marahal. Loba réstoran ténda anu dagang kadaharan Cina.

Ti sababaraha jongko restoran, kadéngé jalma tingirilihil galumbira teu awewe teu lalaki. Kituna téh bari capék rahém jeung nginum bir.

Ngan sabot kuring keur nyunyurung roda dagangan, aya sora awéwé nyorowok ngagupayan. Katojo ku lampu toko, awéwé téh mani ménor. Buukna muncugug ka luhur. Harita mah katelahna teh disasak. Erokna pungsat, tepika pingpingna anu bodas beresih téh atra pisan.

Si awéwé menor téh nyampeurkeun. Ngan ari geus deukeut kuring ngagebeg. Kumaha teu kitu da kuring apal kénéh ka manéhna: Si Tintin!

“Mang, maké babi teu?” cenah.

Kuring gideug bari ngabebeskeun topi.

“Enya alus, da sayah mah teu beuki …,” ceuk Si Tintin. Enya apal. Aing mah nyaho manéh teu beuki babi.

Kosréng, kosréng kuring nyieun nasi goréng. Teu loba daging, teu maké endog, tapi ladana sing loba.

“Mang, naha mani geus apal kabiasaan sayah?” ceuk Si Tintin nyodorkeun duit titah pulangan. Kituna téh bari melong ka kuring.

“Eh … maneh Totoy?” cenah reuwas. Kuring mah ukur tungkul.

“Kumaha Ci Béng sehat?” cekéng téh.

“Sidik ti kajadian harita gé maot. Boga sabaraha budak?” témbal Si Tintin.

 Kuring ruménghap. Si Tintin teu hayang cacarita soal mangsa kaliwat, kajaba tumanya soal kuring.

“Kakara boga budak hiji …,” ceuk kuring bari rék mulangan duit nu saratus téa.

“Teu kudu dipulangan. Yeuh, ditambahan saratus jang pamajikan. Lima puluh jang budak. Urang silih doakeun wé, nya!” cenah. Kituna téh bari ngaleos nyampeurkeun mobil sedan anu ngabagug rada anggang.

Si Tintin asup kana sédan, geuleuyeung ka kalérkeun. Kuring gé teu kungsi lila geus nyunyurung roda dagangan, sarua ka kalérkeun.

Dagangan ngahunyud kénéh, tapi cikénéh meunang duit Rp250 rebu. Ngan sanajan kitu, dina haté mah karasa asa aya anu leungit.

 

Editor: Dudung Ridwan
dewanpers