NGAGEDUR. Dua nafsu diapungkeun ka langit pangluhurna. Nu hiji nyasar ti handap. Nu di luhur ngahaja teu wara ngalayanan. Ngajauh ka luhur. “Keun sina beuki nafsu,” pokna.
Nu handap terus ngudag. Beuki ngagedur. Nu di luhur beuki ngaluhuran. Nu handap capéeun. Reureuh saheulaanan. Nu di luhur puputeran, siga nu nyeungseurikeun.
“Kuat kenéh?” pokna ngaléléwéan nu di handap.
Teu geunah diléléwéan, nu handap nyebrung ka luhur. Tanaga dibéakeun. Teu disangka ku nu handap, nu luhur nutugkeun manéh. Sarua, sataker kebek.
Jeblag. Duanana ngajeblag. Awor.
Dua langlayangan cap jarum jeung cap écéng ngalayang kabawa angin. Nu lalajo di handap euyah-euyahan.