BANDUNG, AYOBANDUNG.COM -- Baheula, ceuk Syarif Amin dina “Keur Kuring di Bandung”, nu dimuat dina Sipatahoenan taun 1955—tingali Kandaga, MA Salmun, kaca 55-56—di Alun-Alun Bandung aya nu dagang saté nu kasohor. Ngaranna Saté Mang Api. Saté Mang Api téh salah sahiji nu dagang nu ngajajar bérés di alun-alun beulah kalér. Salian ti saté Mang Api, aya ogé nu dagang soto, kupat tahu, cikopi, jeung sajabana.
Nu daragang téh cenah, meh iyuh, teu diténdaan siga ayeuna, tapi dipayungan ku payung sagedé-gedé saung. He he. Kacipta.
Teu aya dua saté Mang Api. Sohor hipuna, padahal sarua tina daging domba, cara tukang saté séjén. Geura ieu urang petik:
Katéndjo baé keur tjandukulna njanghareupan pameuleuman. Selang-selang bari njolokan daging dipaselangkeun djeung gajih. Diéntép bérés, neundeunna teu patjorok djeung djeroan—aja ati, aja babat, peudjit, sakapeung gigindjel.
Ngageberna, nu disebut geber sedeng téa. Ngeupeul anu keur dibeuleum, méméh dibalikkeun digibrigkeun heula gadjihna anu meredjih. Gur seuneu areng téh hurung, ngagentak kawas diseblok minjak.
Nitah meuleum sabaraha baé, rék lima, rék limawelas, atawa dua puluh, tara ngahadja dibilang heula. Tjeg, djedjeg baé nyokotna téh. Langka njalahan. Ana radjeun sakali-kalieun kurang atawa leuwih, tara leuwih ti hidji kurangna atawa leuwih na téh. Kitu gé karasa harita kénéh, bangunna téh, didjadjarkeun dina pameuleuman.
Dina tungtung pameuleuman, katuhueunnana, nagog kastrol angeun tulang-tulang domba katut huluna. Djeung éta deuih dagangna téh. Lain gulé. Sambarana henteu kentel, tapi pelem.
Duka teuing, ayeuna aya kénéh atawa henteu rundayan Mang Api? Aya teu katurunanna nu jadi padagang saté siga Mang Api? Mun aya, dagang di mana? Sarua teu hipu dagingna jeung sohorna?
Tunjukkeun, ah, hayang ngajugjug.