web analytics
  

Kulinér Sunda Jaman Baheula

Jumat, 16 Oktober 2020 22:52 WIB Dudung Ridwan
Bandung Baheula - Bandungan, Kulinér Sunda Jaman Baheula, Kuliner Sunda,Kuliner Sunda Jaman Baheula,Rupa-rupa Sambal

Sambel Oncom (istimewa)

AYOBANDUNG.COM -- Nyaritakeun kulinér Sunda teu kaci lamun teu nyebut sambel. Biasana sambel dijieun ngadadak méméh dahar. Aya sambel légéndaris ti jaman baheula tepi ka ayeuna, umpamana sambel tarasi, sambel oncom, sambel tomat, sambel goang. Aya deui sambel leunca, sambel cikur. Sambel nu geus khas, umpamana sambel Cibiuk. Ka béh dieu nakeun loba rupa-rupa sambel hasil inovasi tukang masak.  

Mun maca buku Panghoedang Rasa: Boekoe Kaolahan Pikeun Istri Soenda karyana Roemsari nu medal taun 1938—tingali tulisan Rahim Asyik, “Kuliner Bandung Tempo Dulu”, Ayobandung.com, Keumis 15 Oktober 2020—kulinér jaman Bandung baheula nyebutkeun aya 16 rupa sambel nu sohor harita. Tapi, teu disebutkeun saha nu mimiti nyieunna.

Tina 16 rupa jenis sambel téh, aya nu nepi ayeuna masih kénéh aya, umpamana sambel oncom atawa sambel muncang. Tapi aya ogé nu geus euweuh. Duka tah, meureun di wewengkon séjén mah bisa jadi masih aya. Geura nya urang sebutan hiji-hiji:

  1. Sambel oncom
  2. Sambel muncang
  3. Sambel caramcam
  4. Sambel cuka udang
  5. Sambel poya (tina kalapa)
  6. Sambel bajag
  7. Sambel goréng buncis
  8. Sambel goréng kol
  9. Sambel goréng kumeli
  10. Sambel goréng kulub endog atawa dadar endog
  11. Sambel goréng tahu
  12. Sambel goréng petis udang
  13. Sambel goréng tauco
  14. Sambel goréng kering (témpé atawa hui)
  15. Sambel goréng kering daging (ati sapi atawa hayam) maké peuteuy atawa henteu
  16. Sambel goréng désa.

 

Lalab jeung Angeun-angeunan

Salian sambel, deungeunna nu wajib pikeun urang Sunda mah, nyéta lalab. Leunca. Antanan. Engkol. Bonténg. Kacang panjang. Buncis. Terong, jrd.

Teu sampurna dahar lamun euweuh lalab. Komo ari geus aya sambel na mah. Lalab kudu aya. Dina buku éta teu disebutkeun kumaha cara ngolah lalab da lalab mah cukup ku dikumbah ku cai anu bersih.

Angeun-angeunan oge kudu aya. Di buku ieu dijelaskeun kumaha cara nyieun angeun haseum, angeun lodéh, angeun pindang daging, angeun pindang lauk cai, angeun bayeum jagong ngora, angeun kari, angeun rawon, soto babat, podomoro  kimlo, jeung balagudeg.

Ngaran dahareun ieu sigana barudak ayeuna mah moal apal: kabertus daging bungbu kari, bobotok jagong, oblo-oblo tétémpé, baséngék bodas, semur jawa, bakakak bungbu rujak, jeung gadon hayam.

Jajanan Pasar

Jang cuci mulutna aya resép kumaha cara nyieun bubur kacang héjo, bubur sumsum, candil hui jeung aci sampeu, katimus, kolek hui boléd, getuk sampeu, kelepon, jalabria, nagasari tipung paré, aci jagong, céndol, surabi, dadar gulung, lemper, sale, jeung pastél bulan sabeulah nu jerona dieusi daging bungbu kari.

Editor: Dudung Ridwan
dewanpers