web analytics
  

Cisusu Nyi Putri

Sabtu, 17 Oktober 2020 12:16 WIB Ai Wawang
Bandung Baheula - Bandungan, Cisusu Nyi Putri, Carpon Sunda,Seni dan Budaya,Sastra Sunda,Bandungan

Ilustrasi Cisusu Nyi Putri (Heindry Kurniawan)

GIRIMIS ngepris, isuk-isuk nu mucicid. Citangis mapay damis Nyi Putri, awakna mingkin lila mingkin luhur baé. Lambéna teu wasa nyoara, sora katahan dina tikorona. Pait jeung peuheur karasana alahbatan ti nginum godogan batrawali. Gupayna éstu laun, teu nangan sanajan ukur ngulangkeun panangan.

Di handap lemah kasiram girimis. Odang, lalaki dedeg sampé, salakina Nyi Putri, ramohpoy ngudag-ngudag kalangkang pamajikannana. Leungeunna sabeulah gugupay ka luhur, sabeulah deui tipepereket nangkeup pageuh anakna nu ngoléar ceurik. Ceurikna budak umur sataun lir ibarat keur ngabudalkeun kakeueung. Kawas nu ngarti, yén dirina moal pinanggih deui jeung cikahuripan nu ngamalir tina kadeudeuh biangna.

“Nyai, hampura Akang, rumasa geus katalanjuran, sing karunya ka budak nu butuh kaasih Nyai.” Kahayangna mah manéhna ngagorowok, tapi nu kaluar ukur haréwos dumareuda. Teuteupna teu lésot ka luhur, ka nu juuh cimata bari gugupay.

“Hapunten abdi, Akang. Sanés jisim abdi téga, bongan akang tos codéka. Kapan abdi mah ti kawit ogé seja ngumawula lan buméla ....” Nyi Putri némbal halon nakeran, cimatana jaladri nu bedah. Ku teu nyangka katunggara datang, nalika dirina keur gumati ngarumah tangga nyacapkeun kasuka. Saha nu hayang papisah jeung puputon ati kembang soca. Tapi dirina ogé kapan teu daya upaya. Geus jadi katangtuan ti biharina, lamun salakina ngarempak pantrangan, éta téh ciri wanci dirina kudu mulang. “Pileuleuyan, Anaking, sing jadi jalma nu babakti ka indung jeung bapa ...,” haréwosna.

“Enung, ulah bibilasan, tada teuing tunggarana buah haté urang ...,” ceuk Odang bari tanggah. Cimatana teu kaampeuh.

“Akang teu kedah ringrang hariwang, kadeudeuh cikahuripan, ku abdi dipihapékeun dina langari.”

Awak Nyi Putri kumalayang mapakan méga, siga anu kasedot ku kakuatan anu kacida gedéna, kakuatan anu metot mangsa girimis maseuhan rambutna. Sanajan sakumaha pageuhna muntang, manéhna angger katalikung. Koléang, clé manéhna eunteup dina katumbiri warna-warni nu melengkung nutug ti langit ka lemah, lebah salakina jeung anakna. Salakina rikat néwak tungtung katumbiri ku sabeulah leungeunna. Ngan sakilat pisan, katumbiri ngagulung ti handap mapay ka luhur, nepi ka lebah pamajikannna nu cunengneng nangtung.

Belesur katumbiri ngapung ka langit. Les, mongkléng, sakedapan teu katempo nanaon. Bray deui, langit alum, sabudeureun hieum. Burinyay, tatit di luhur patingburinyay. Jelegér, sora gelap gegelegeran. Breg, hujan kawas nu dibahékeun ti langit.

Berebet, Odang lumpat muru imahna bari nanangkeup budak. Sora ceurik budak nu geus peura kasaweur séahna cihujan. Budak kokotéténgan dumaligdeug, néangan rangkulan deudeuh nu saban rénghapna biasa marengan. Nyiar haneut kanyaah dina kawih Ayun Ambing.

“Ambu, Ambu hayang nyusu....” Bari can pati béntés, budak jumerit, tanggah ka langit. Odang ngan saukur bisa reumbay cimata, poho kalalakiannana, alatan teu téga nempo anak nu dikisat saacan waktuna. Kahanjakal anu pohara kebek minuhan dadana. Kaduhung sagedé gunung. Bet poho, kalah nitah pamajikannana ka luar ti imah nalika keur hujan girimis.

Saeutik ogé manéhna teu surti kana isarat pamajikannana nolak paréntahna sacara lantip. Kalah nyel keuheul, dina pikirna, pamajikannana geus wani baha. Padahal kahayang anu teu pira, enya teu pira manéhna béakeun ududeun. Hayang nyinglar tiris alatan langit ngepruy ti subuh mula. Manéhna nitah pamajikannana, meuli bako ka warung keur hujan girimis. Lali kana pantrangan, poho nu matak cilaka.

“Ka engkang jisim ngabakti, buméla salalawasna, nanging sahiji panuhun, poma ulah akang lali, sakumaha akang neja, meredih ka jisim abdi, dipahing ngajurung laku, mangsa langit balilihan.

***

BASA hujan raat téh, wanci maju ka soré. Budak geus répéh ceurikna, ngan kapireng kénéh sisimekeun. Pasosoré nu cakueum karasana ku anak jeung bapa di éta imah. Pikeun Odang, nyanghareupan peuting téh pinuh kamelang. Sieun budakna rungsing. Kangaranan budak can ngarti nu karandapan, kabayang hésé dirérépéhna. Bieu ogé, jumeritna ka indung nu kiwari paanggang matak nalangsa, sok komo engké peuting, nu biasana tara jauh ti nu tangkeupan indung. Budak gulinggasahan, ngagolér di luhur balé, panonna anteng neuteup ka buruan anu beueus. Awahing ku geus capé sigana, budak téh ngageubra saré.

Sabot budakna tibra, Odang ngaléos ka pawon. Nyiuk béas sacanggeum. Ger, ngahurungkeun seuneu. Béas meunang ngumbah diwadahan kana katél. Cur, dicaian. Gen, katél ditunda na luhur hawu. Manéhna rék nyieun citajén. Bisi engké budakna lapareun, itung-itung gantina cisusu indung. Dakar-deker di hawu bari haténa liwung. Rus-ras nu kungsi kaalaman jeung pamajikannana. Kaéndahan nu kiwari saukur tinggal waasna. Odang rumahuh, nyinglar katineung.

Ngan sakerejep budak téh saréna. Rarat-rérét néangan indung. Goak ceurik ngagegero indung nu teu kasampak siga sasari. Kajadian tadi isuk asa ngimpi dina ingetannana, indungna ngapung bari gugupay, mingkin lila mingkin jauh, nepi ka lesna teu katempo. “Ambu, Ambu, ka dieu, nyai hayang nyusu.” Sorana lumengis. “Ambu, Ambu ka dieu, nyai hayang nyusu.” Sora budak les-lesan.

Gagancangan Odang muru budakna bari mawa citajén. Citajén disiuk saséndok, song ka budakna. Budak karah mingkin jejeritan bari sasambat ka indungna. Odang liwung. “Deudeuh teuing, Anaking, alatan kasalahan bapa, hidep nandangan tunggara.” Ras kajadian tadi, kabayang pamajikanana nu gugupay bari hujan cimata. Kapireng deui ku Odang, kekecapan pamungkas pamajikanana saacan ngiles diteureuy langit.

“Kadeudeuh abdi, cikahuripan pikeun Si Nyai, dipihapékeun dina langari.” Barang inget ka dinya, Odang curinghak. Kerewek, budak nu keur ceurik dipangku. Deregdeg, teu sirikna lumpat muru ka imah tatanggana nu pangdeukeutna. Enya kasebut pangdeukeutna téh kahalangan ku tegal eurih nu ngajejembrung. Mokaha Odang capéna. Anjog deui ka imahna haruhah-haréhoh, laju labas muru ka pipir. Kerewek kana lodong paragi ngala cai anu nanggeuh dina bilik. Gedig deui rurusuhan muru ka kebon. Palebah handap nu ngawates ka susukan, ngajegir tangkal kawung. Langarina geus katempo ngarumbay.

Sakedapan Odang ngahuleng. Tanggah nelek-nelek langari. Léos ka lebah lamping peuntaseun. Gedok, manéhna nuar awi saleunjeur. Sangeus diraradan régangna, awi di panggul ka deukeut tangkal kawung.

Sajongjongan, Odang meresihan harupat, injuk jeung sésa palapah supaya beresih teu matak nyugak di mana manéhna engké naék. Ceg deui kana awi, tiap buku awi ku manéhna dikohokan. Maksudna pikeun tétécéan indung sukuna.

Kalayan haté kebek ku pangharepan, sigay téh ditanggeuhkeun dina tangkal kawung. Laju ditalian. Hiji-hiji tétécéan awi dipapay. Indung sukuna karasa nyeri. Tapi dina implenganna, dirina keur naék kana tarajé kahiyangan. Rék nepungan pamajikannana, rék ménta pangampura. Kabayang ku manéhna, pamajikannana nungguan bari mawurkeun imut.

Sanggeus di luhur, manéhna bingung ku pilampaheun. Naon maksud pamajikannana nitip kadeudeuh cikahuripan asihna dina langari. Leng, Odang ngahuleng tarik naker. Kadeudeuh indung, langari, budakna nu ceurik hayang nyusu, piligenti narémbongan. Bréh langari nu ngagapuy, gagangna lir panangan nu gugupay ngahiap-hiap, siga rangkulan asih indung ka anak. Kasawang dina rangkulan langari, budak ngecrot nyusu ngilangkeun halabhab.

Reup, Odang meureumkeun dua panonna. Museurkeun pikirannana sangkan panceg élingna, neneda diaping Nu Kawasa, dibéré pituduh kumaha nya pilakueun. Éta langari kudu dikumahakeun? Rada lila ngaragameneng. Pamustungannana, manéhna rék nuturkeun kumaha keretegna haté. Rék nurutkeun kumaha ketakna dua leungeun bari teu eureun manteng neda pangaping-Na.

Ceg leungeun kawung dicekel pageuh, dina pikirna kabayang panangan pamajikannana. “Nyai Geulis, bojo akang, widian akang ménta sakeclak kanyaah pikeun buah ati urang ....” Laun, kebek ku pangaharepan Odang nuturkeun karepna leungeun. Kawas aya hiji kakuatan anu nuyun metakeun leungeunna.

Gagang langari diusap deudeuh. Laju diteunggeul lalaunan semu ngalagu, palias jangji habek waé, teunggeul anu kebek kaasih. Sanggeus kitu, Odang ngudar iketna keur nalian ranggeuyan langari lebah handap jeung tengahna, supaya langari ulah paburencay di mana ku manéhna diayun-ayun. Gagang langari ogé ku manéhna ditalian, digantung kana palapah, ngajaga bisi pites nalika diayun-ayun.

Wirahma tresna kapireng semu dihariringkeun basa Odang ngayun langari anu geus ditinggur. “Aduh, Nyai bojo akang, nu geulis kawanti-wanti, palias akang campelak, ngagunasika Nyai. Paralun anu kasuhun, ngarumasa tos codéka, kiwari diri sumerah, nganti sakeclak kaasih, cikahuripan tresna, sakumaha jangji Nyai, nitip asih na langari, sabagé ganti cisusu, pikeun buah ati urang ....”  Odang ruménghap. Haténa ngemplong. Rarasannana tos sosonoan jeung nu jadi pamajikan. Nyacapkeun kasono nu leuwih ti biasana.

Sanggeus ngarasa cukup ngayun, langari téh ku Odang dipagas, laju dipopok ku daun kanyéré. Gen, lodong ditagenkeun dina leungeun kawung. Odang ruménghap jero nakeran. Dirina bisa migawé sakitu téh taya lian ti pituduh ti Nu Kawasa. Sorosod turun, bari biwirna teu eureun neneda kaasih Nu Maha Agung.

“Nyai, Geulis, bojo akang. Laku akang diaping Anu Kawasa, ihtiar geus dilakonan, paparin cisusu anu juuh pikeun puputon ati urang ...,” ceuk Odang bari ranggah, neuteup langari nu ngarumbay.

Dina titingaliannana bet ngolébat Nyi Putri, nu taya lian pamajikannana keur sidéngdang. Odang gigisik nyinglar tetempoan nu asa ngagerihan atina. Kahanjakal, karumasa, jeung salempang ku pikahareupeun nu pinasti bakal beurat nandangan kasono, awor dina léngkob haténa. Langit nu kulawu. Sabudeureun simpé. Sakeudeung deui, peuting datang nedunan jangjina.

Patrem Geulis, 15 Oktober 2020

 

Editor: Dudung Ridwan

terbaru

Sastra Sunda: PETI PANYINGLAR PATI

Bandungan Sabtu, 15 Mei 2021 | 09:05 WIB

Tali peti anu ceuk pangrasana geus pageuh ditalikeun kana palang dada, singhoréng talina pegat kabawa tanaga cai nu nyéo...

Bandung Baheula - Bandungan, Sastra Sunda: PETI PANYINGLAR PATI, cerpen Sunda,Cerita pendek Sunda,Cerita pendek bahasa Sunda,Carpon Ai Wawang,Carita pondok,Bandungan,Sastra Sunda,Bahasa dan Sastra Sunda,carpon

IDULFITRI

Bandungan Rabu, 12 Mei 2021 | 17:27 WIB

Poho kana protokol kaséhatan. Sabab, kébeh hayang ngarayakeun Idulfitri.

Bandung Baheula - Bandungan, IDULFITRI, fiksimini,Fiksimini Sunda,fiksimini bahasa sunda,cerita  pendek sunda,Carpon Sunda,fiksimini dudung ridwan

Peré Lebaran, Maén Badminton jeung Pamaén Persib

Bandungan Senin, 10 Mei 2021 | 13:47 WIB

Nyaan nyemésna tarik—da puguh gedé tanaga. Tapi, kieu senina badminton. Manéhna ku uing teu dibéré bola cemésen.

Bandung Baheula - Bandungan, Peré Lebaran, Maén Badminton jeung Pamaén Persib, fiksimini,fiksimini,Fiksimini Sunda,Cerita pendek Sunda,Cerita pendek bahasa Sunda,fiksimini dudung ridwan

Sastra Sunda: IMPIAN SAMÉMÉH LEBARAN

Bandungan Sabtu, 8 Mei 2021 | 06:11 WIB

Henteu gampang geuning jadi pangarang téh. Ngahuleng ti balik tarawéh nepi ka ampir jam sabelas, asa acan manggih waé ca...

Bandung Baheula - Bandungan, Sastra Sunda: IMPIAN SAMÉMÉH LEBARAN, Cerita Pendek,Cerita pendek bahasa Sunda,Cerita pendek Sunda,cerita pendek Yus R. Ismail,carpon,Carpon Sunda,carpon yus r. ismail,seni dan budaya sunda,Sastra Sunda

Dongéng Nasruddin Hoja: Numpak Keledai Nyanghareup ka Tukang

Bandungan Jumat, 7 Mei 2021 | 14:40 WIB

Tapi ayeuna mah jumaahanna bari ngabringkeun murid-muridna. Atuh da murid-muridna téh barandel pisan.

Bandung Baheula - Bandungan, Dongéng Nasruddin Hoja: Numpak Keledai Nyanghareup ka Tukang, Kisah nasruddin hoja,kisah nasruddin hoja basa sunda,carita nasruddin hoja dina basa sunda,dongeng nasruddin hoja

Aglonéma Diprédiksi Tetep Bakal Jadi Primadona

Bandungan Kamis, 6 Mei 2021 | 15:17 WIB

Aglonéma nu boga ngaran latin Chinese evergreen ieu boga kakhasan nu béda jeung nu lain.

Bandung Baheula - Bandungan, Aglonéma Diprédiksi Tetep Bakal Jadi Primadona, Tanaman Hias,Aglonema,jenis Aglonema,Aglonema impor,Aglonema lokal,harga Aglonema Bandung,harga aglonema

Timburu

Bandungan Rabu, 5 Mei 2021 | 15:40 WIB

Da di tukang baso tahu éta pisan cinta manéhna baheula ngajadi.

Bandung Baheula - Bandungan, Timburu, fiksimini,Cerita Fiksi,Fiksimini Sunda,fiksimini dudung ridwan,timburu

Hayang Lauk Laut Teu Kudu ka Laut, Aya Pasar Ikan Modern Soreang

Bandungan Selasa, 4 Mei 2021 | 14:45 WIB

Sagala lauk laut aya. Di lantéi dua aya dua puluh lapak nu narima meuleum lauk atawa narima mangmasakeun.

Bandung Baheula - Bandungan, Hayang Lauk Laut Teu Kudu ka Laut, Aya Pasar Ikan Modern Soreang, pasar ikan,Pasar Ikan Modern Soreang,Pasar Ikan Modern,Pasar Ikan Modern Bandung
dewanpers