Pisang Molen Mang Aa “Si Amis nan Ngepros”

Moleng Mang Aa (Istimewa)
BANDUNG, AYOBANDUNG.COM -- Upami Salira urang Kabupatén Bandung--Kopo-Soréang-Banjaran Balééndah-Ciparay-Bojongsoang jeung sakitarna--heug Salira teh badé nganjang ka sadérék atawa ka babaturan nu geus heubeul teu panggih, tuluy Salira bingung mawa oléh-oléh naonnya? Naha maké jeung kudu bingung sagala. Pan aya Pisang Molen Mang Aa “si Amis nan Ngepros” téa.
Tapi, kétang warga Kabupatén Bandung mah teu kudu dibéjaan. Geus papada apal ka Molen Mang Aa. Lain ngan saukur pas jang oléh-oléh. Tapi molen “Si Amis nan Ngepros” téh geus biasa jadi opieun nu maneuh--boh dina rapat rw, konsumsi tahlilan, atawa dina riungan sejénna.
Atuh da Pisang Molen Mang Aa mah salian hargana murah meuriah, ogé rasama moal ngérakeun mun dijadikeun oléh-oléh. Nuangna moal matak boseun. Sok wé, bakal geup deui, geup deui nyokot. Komo lamun panas kénéh mah. Tapi, kétang sanajan diisukkeun gé angger wé ngeunahna teu ngurangan. Angger wé ngepros. Angger wé amis.
Éta atuh da si kulit nu tina tarigu na téh meni ngepros—ieu nu ngabédakan jeung molen lainna. Teu amis teuing. Amisna téh “dapet” tina cau nu asakna pas. Pisang Molen Mang Aa geus jadi légénda kuliner di Kabupatén Bandung.
ayo baca
“Duka irahanya Mang Aa ngadirikeun ieu warung? Abdi ngiring damel ka Mang Aa téh ti taun 2005. Harita, warung ieu tos ramé. Hartina Mang Aa ngadirikeun warung ieu saméméh taun 2005,” ceuk Yoga (23), nu ngaku masih incuna Mang Aa, basa dipanggihan di warungna di Warung Lobak, Jalan Gandasari, Soréang, Rebo 14/10/2020.
Yoga nyebutkeun basa manéhna gawé harita harga molen téh Rp250. Ayeuna hargana geus Rp800. “Rata-rata sapoéna adonan béak 70 kg. Cauna béak opat kuintal. Mangga étang nyalira sabaraha sapoé omsétna,” ceuk Yoga bari seuri.
Pisang Molen Mang Aa cabang resmina aya di Kopo Elok jeung Munjul Balééndah. Nu lainna mah masih sadérék atawa mantan padamelna Mang Aan nu nyieun usaha sorangan, kitu ceuk Yoga.