web analytics
  

Paguneman Tengah Peuting

Sabtu, 10 Oktober 2020 12:58 WIB Dian Wulan
Bandung Baheula - Bandungan, Paguneman Tengah Peuting, Carpon Sunda,Sastra dan Seni Sunda,Bandungan

Ilustrasi Paguneman Tengah Peuting (Heindry Kurniawan)

Atép ceuleumeut. Manéhna melongkeun indungna nu keur ngitung duit. Duit beubeunangan manéhna tadi beurang. Ku indungna duit lambaran dipisahkeun jeung duit kencring. Tuluy nu lambaran diéntépkeun. Ukur lambaran dua rébuan, taya deui lambaran séjén. Mun geus aya lima lambar, nu salambar ditilepkeun, keur ciri yén éta téh geus jangkep sapuluh rébu. Tuluy pindah kana lambaran lianna anu acan diéntépkeun.

“Meunang sabaraha, Ma, poé ieu?” ceuk Atép ka indungna.

Indungna teu némbalan. Jongjon mébér-mébér duit. Duit lalecek balas lila dikeupeul.

“Nu récéhna mah ku uing nya, Ma, ngitungna,” ceuk Atép deui bari nyokot gundukan duit récéh. Indungna angger ngabetem. Jongjon ngitung duit.

Geus aya dua tumpuk duit dua rébuan nu ditilepkeun salambar téh. Katambahan dua lambar nu teu milu diéntépkeun, da euweuh deui baturna. Kabéhanana jadi dua puluh opat rébu.

“Ieu, Ma, anu récéhna.”

“Sabaraha?”

“Sabelas rébu kawasna mah, da lolobana lima ratusan.”

“Montong kawasna atuh. Kudu puguh.”

Duit récéh dicokot ku indungna. Tuluy diitung deui. Bener baé aya sabelas rebu. Duit récéh dihijikeun jeung duit lambaran. Lumayan, poé ieu Atep meunang duit tilu puluh lima rébu.

“Geus dipotong ku Si Juhro acan?”

“Acan, Ma. Tadi Mang Juhrona euweuh.”

“Jig, anteurkeun bisi kaburu magrib. Ieu lima belas rébu. Yeuh, bagéan manéh.”

“Naha uing ngan dibéré lima rébu?”

“Apan dikumpulkeun keur meuli HP.”

Teu ngomong nanaon deui, jung Atép nangtung, mawa duit dua rébuan tujuh lambar ditambahan ku kencring lima ratusan dua siki. Teu lila inditna téh geus datang deui.

“Geuning sakeudeung?”

“Mang Juhrona keur loba tamu.”

“Heueuh atuh. Jig geura dahar. Tuh, aya sangu jeung tahu nu tadi isuk.”

Koloyong Atép nyokot piring luhureun méja. Méjikom dibuka. Sangu nu kari dua cukileun deui téh dikeduk nepi ka béak. Lapar pisan tayohna mah. Gap kana tahu nu dibeulahan, aya tilu beulahna.

“Keur uing kabéh nya, Ma?”

“Pék baé béakkeun, Ema mah geus seubeuh.”

Kedewek Atép dahar bangun nimat naker.

“Ma, ari Si Bapa iraha digawéna deui?” ceuk Atep rada ngosom ngomongna, bahamna pinuh ku sangu.

“Lah, sok tatanya nu lain-lain. Dahar mah dahar sing seubeuh, ambéh gedé tanaga.” Indungna ngagebés.

Atep beuki segut daharna. Sangu poé jeung tahu tilu beulah diremus nepi ka ledis. Teu nyésa réméh-réméh acan. Tayohna karék manggih sangu deui ti saprak tadi dahar saméméh lohor.

Indungna nyahunjar kénéh di tengah imah, basa Atép bérés dahar. Meureun lain tengah imah ngaranna téh, da tempat dahar ogé di dinya, kitu ogé Atép saréna di dinya. Geus bérés dahar, koloyong ka cai, gebrus mandi tuluy solat. Geus kitu mah golédag Atép ngagolér gigireun indungna. Ngadon ngahérang. Melongkeun lalangit imahna.

Ras manéhna ka Jana, batur sakelasna. Keur naon ari Jana, nya? Atép norowéco dina haténa. Meureun keur ngomé HP anyarna anu kamari ieu dipangmeulikeun ku bapana téa. Hayang ningali HP-na nu kumaha. Tapi ayeuna mah hésé panggihna ogé, da diperékeun sakolana. Geus lila teu tepung jeung papada babaturan sakola. Osok éta gé tepung saliwatan di jalan mun pareng manéhna keur jadi tukang parkir pa ogah di pertélon jalan nu teu jauh ti imahna. Babaturan sakolana sok ngageroan ti heula. Kitu ogé Jana, harita, ngageroan Atép basa ngaliwat diboncéng ku bapana kana motor. Jana ngajorowok tarik naker.

“Atép ...! Keur naon, euy?!” Sora Jana saweur jeung sora kandaraan.

Atép rungah-ringeuh. Néangan sora nu ngageroan ngaran dirina. Asa wawuh kana éta sora. Barang panénjona ngarérét ka belah kénca, Jana keur gugupay. Hadéna motorna eureun heula. Atép lumpat nyampeurkeun.

“Rék ka mana, Jan?” ceuk Atép bari rénghap-ranjug.

“Rék meuli HP, dianteur ku Bapa. Apan ngerjakeun tugas sakola téh kudu maké HP ayeuna mah.”

Atép unggeuk.

“Manéh geus meuli, Tép?” Atép teu némbalan. Ukur gideug.

“Hayu, ah, bisi soré teuing.”

“Enya sok.” Sora Atép ampir-ampiran teu kadéngé.

Dius motor bapana Jana maju deui ninggalkeun Atép nu melengek. Beuki jauh, beuki teu katémbong.

Ras Atép ka dirina. Teu kapikir ti mana bisa boga duit gedé keur meuli HP. Bet ngumpulkeun duit tina ladang markiran ogé hésé ngagundukna. Semu beungeutna langsung robah. Nguyung. Atép ngalénghoy. Balik deui kana tempat nu tadi. Ngelemeng beungeut bapana. Mun seug Bapa digawé kénéh mah, bisa ménta duit ka Bapa. Meureun ayeuna téh geus meuli HP sarua jeung Jana. Atép ngocoblak dina haténa. Henteu dikedalkeun. Teu nyaho kudu ka saha ngedalkeunana.

Ti saprak sasalad beuki mahabu, bapana Atép dieureunkeun tina pagawéannana. Unggal poé katempoeun ku Atép bapana téh aya di imah waé. Ka dieunakeun jarang papanggih, da bapana mindeng balik ti peuting. Sakapeung mun ti beurang aya di imah, sok kadéngé paséa jeung indungna. Tara ari hareupeun Atép mah paséana téh, ngan sok kadéngé wé ku Atép. Gawéna ukur ambek-ambekan, murang-maring teu pupuguh. Matak Atép leuwih betah cicing di luar tibatan cicing di imah. Rungsing kana pikirannana cicing di imah mah. Ari di luar mah nya loba batur, jabaning meunang duit paméréan nu boga mobil nu kajasaan ku manéhna, ari motor mah jarang nu méré. Untungna Juhro, tatanggana, nitah manéhna jadi tukang parkir pa ogah. Teu gaplah cicing di luar ogé. Teu nyangka manéhna gé bisa diajak ku Juhro. Sasat karék naék ka kelas genep SD. Can ngarti kumaha-kumahana. Teuing karunyaeun meureun Juhro téh ka Atép, teuing mémang butuh ku tanagana. Teu matak jadi pikiran pikeun Atép mah. Nu penting boga duit keur digundukkeun pikeun meuli HP. Matak basa Atép ditawaran téh langsung haget.

Juhro mah geus jero pangalamannana dina markiran. Atép ogé keur mimitina mah dipapatahan heula cara-carana. Diaping heula meunang saminggu mah. Ceuk rarasaan Atép, manéhna nu pangleutikna di antara nu lian. Matak pangsaeutikna beubeunangannana téh. Ari Juhro mah duitna ogé loba, setoranana ti ditu ti dieu.

Duit beubeungannana téh teu diteundeun di manéhna, ngahaja dipihapékeun ka indungna. Dikumpulkeun keur meuli HP. Lantaran ceuk pamikirna mun diteundeun di manéhna tangtu kana béak, kacéot kapaké jajan.

Rét, Atep ka indungna nu keur diuk kénéh gigireun. Ayeuna mah teu ajeg deui diukna téh, teu kawas tadi basa keur ngitung duit. Ayeuna mah indungna nyangsaya kana témbok, bangun nu lungsé.

“Geus salat isa acan?” Indungna ngarérét ka nu keur nyerangkeun.

“Nya ayeuna arék.” Teu talangke jung, Atep nangtung. Léos ka cai. Cong solat isa. Tuluy ngagolédag deui gigireun indungna.

Sanajan geus peuting, Atép teu ngarasa tunduh. Ingetanana museur kana HP nu kudu dipimilik ku manéhna ayeuna-ayeuna. HP urut bapana ogé aya, ngan geus ruksak. Teuing bisa dioméan teuing henteu, da can kungsi dibawa ka counter. Mun ditanyakeun ka bapana iraha HP dioméan, lain némbalan, sok kalah ka tuluy ambek-ambekan. Tara sakeudeung ngambekna téh. Kabéh kabarérang. Tungtungna Atép teu wani nananyakeun deui. Ceuk indungna mah baroraah keur ngoméan HP, keur dahar gé teuing ti mana.

“Ma, ari duit uing di Ema geus aya sabaraha?” ceuk Atép. Panénjona mencrong ka indungna.

“Naon kitu tatanya sagala?”

“Teu nanaon, hayang nyaho wé. Hayang buru-buru meuli HP. Si Jana mah geus meuli da, Ma.”

“Aya duit mah. Meunggeus ulah sok diitung waé, leungit hayoh geura. Jeung deuih tong sok kabitaan ku batur ari teun téh.”

Atép jempé sakedapan, tuluy ngomong deui.

“Uing mah meuli HPna rék ménta anteur ka Mang Juhro, ah. Loba babaturanana cenah.”

“Heueuh kuma karep wé. Buru, geura saré. Isukan lain kudu isuk kénéh ceuk Si Juhro.”

Atép teu ngomong deui. Panonna dipeureum-peureumkeun, sanajan pitunduheun jauh kénéh gé. Lila-lila mah les, teu inget di bumi alam.

Tinggal indungna ngahuleng sorangan, ngalelentuk nungguan salakina balik. Geus ampir tengah peuting panto aya nu ngetrok. Indungna Atép rucang-riceung, keur ngalenyap kagareuwahkeun ku sora nu keketrok. Jung nangtung. Jajarigjeugan. Bray panto dibuka. Salakina keur nangtung dina lawang panto.

“Mani lila muka panto téh!”

“Lain mawa konci sorangan atuh nya, ngagawékeun pisan.”

“Masak naon tadi beurang?” témbal salakina barang abus ka imah.

“Boro-boro masak. Pan euweuh duitna ogé. Mana, mawa duit teu?”

“Duit Si Atép geus béak kitu?”

“Duit budak éta téh lain nu urang, kadé poho gantianeun. Euweuh ka karunya ka budak téh!”

“Heueuh nyaho. Ari euweuh naon nu kudu dibikeun!”

Indungna Atép teu ngomong deui. Jamedud.

“Meunggeus paké heula éta. Loba omong pisan!” Salakina ngomong deui.

“Geus teu nyésa sapérak-pérak acan. Ledis!”

“Teuing, ah! Pipusingeun pisan balik ka imah téh!” Gejlig, salakina kaluar ti imah. Indit deui, ninggalkeun pamajikannana nu olohok.

Simpé deui di jero imah téh. Nu kadéngé ukur sora rénghap nu keur saré. Atép beuki tibra saréna. Teuing naon nu kaimpikeunnana. Nu pasti mah tatan-tatan nyiapkeun tanaga keur isukan jadi tukang parkir pa ogah deui. Ngumpulkeun duit sangkan ngagunduk pikeun meuli HP.

Bandung, September 2020.

Radiul – P13

Editor: Dudung Ridwan
dewanpers