web analytics
  

Tukang Obat

Kamis, 1 Oktober 2020 17:47 WIB Dudung Ridwan
Bandung Baheula - Bandungan, Tukang Obat, Cerita Fiksi,fiksimini,Sastra Sunda

Ilustrasi botol obat (istimewa)

Botol leutik nu pang ahirna geus dieusian ku minyak warna konéng. Terus diasupkeun eta sakabéh botol ka tas ecolac warna hideung. Geus tabuh sawelas peuting. Meujeuhna saré da isuk kudu nyubuh muru Pasar Kordon.

Tabuh genep geus maneuh di tempat biasa. Ecolakna dibuka. Aki leutik, toa leutik, jeung ampli jadul dikaluarkeun tina kantong gedéna. Teu poho kulit monyét nu geus diérkeras dijajarkeun.

Toana disada. Tés-tés. Aya soraan.

Bismillah. Manéhna mimiti ngocoblak. Sorana agem. Wibawaan.

Bapa, ibu, sadérék anu gaduh panyakit ateul. Koréng, éksim, panu, kadas, kurap, mangga ka dieu. Ieu aya minyak monyét asli ramuan bapa kumis. Resép karuhun. Sakali olés dijamin cageur, moal aya tapakan, moal gégétret deui. Obat nu geus kasohor mujarab. Cekap sakali olés.

Kitu jeung kitu basana téh diulang-ulang. Aya nu meuli hiji dua ti nu lalar liwat téh. Tapi lolobana mah haré-haré.

Tabuh sawelas manehna bébérés. Geus dahar jeung istirahat, laju muru Pasar Kiara Condong. Ngampar deui di dinya tepi ka tabuh tilu.

“Lumayan payu sapuluh botol. Lima puluh rébu,” ceuk manéhna bari gagaro lebah palangkakannana alatan geus sataun éksimna teu cageur-cageur. Manéhna reugreug da minyak jalantah jang dagangkeuneun isuk loba kénéh.***

Editor: Dudung Ridwan
dewanpers