web analytics
  

Harénghéng di Cikalang

Sabtu, 26 September 2020 05:59 WIB Cecep Burdansyah
Bandung Baheula - Bandungan, Harénghéng di Cikalang, Cerita Pendek,Seni dan Budaya,Sastra dan Budaya

Ilustrasi Harengheng di Cikalang (Heindry Kurniawa )

LAIN hareudang deui ayeuna mah suasana di Cikalang téh, tapi geus panas. Sahéng pamajikan bupati nyalon geus lain gosip deui, tapi geus jinek. Béja tina ukur hawar-hawar, terus santer, pamustungannana mah tutug kana jinek, sabada déklarasi di alun-alun Cikalang. Ngumumkeunnana gé gelaran pésta sagala. Pidato di panggung anu sakitu gedéna, ditéma ku dangdutan. Nu lalajona mungguh ngagimbung, ayeuh-ayeuhan, suiit swiww, terus jogéd nandakeun suka bungah. Matak keueung lawan.

“Salah urang kénéh,” ceuk Tisna, beungeut ngabatu némbongkeun kakeuheul. Aula désa anu biasana hégar, ngadadak muyung.

“Salah kumaha?” ceuk Mustajab teugeug, nadana teu rido ari kudu disalahkeun mah.

“Kuduna urang boga ihtiar ti awal mula, supaya di Kabupaten Cikalang ulah aya budaya dinasti,” ceuk Tisna. Ngenyot ududna kaciri leungit kanimatan, malum dibarung kakeuheul.

“Ari kitu kumaha carana? Pan euweuh larangan dina konstitusina gé?” Musjatab malik nanya, angger teugeug.

“Ari nyindekel kana konstitusi mah nya enya atuh,” ceuk Tisna, panonna rada mureleng, gegetun, malah udud nu panjang kénéh dibebeskeun kana asbak, némbongkeun kakeuheul.

“Tapi pan urang ulah bodo-bodo teuing. Kudu aya ihtiar,” sambung Tisna.

Mustajab jempé. Néangan hojah. Tapi ari haténa mah ngaenyakeun kana pamadegan Tisna.

“Cik kumaha kitu ihtiarna, Jab, sugan ayeuna bisa kénéh, ari enya urang aya ketak mah,” ceuk Wa Mantri. Disebut Wa Mantri pédah pangsiunan mantri guru. Ari ngaranna mah Rukanda. Umurna pangkolotna di antara anu keur ngariung. Nyobat jeung kapala désa anu sarua ngoposisi ka bupati. Jadi, ulah héran mun aula désa sok dipake riungan ngobrolkeun sagala rupa masalah, kaasup politik, da puguh sasatna dihempékkeun ku kapala désa. Kumplit kopi jeung lalawuhna. Ari kapala désana mah, najan sarua teu panuju ku cara-cara dinasti politik, tara aub kana riungan. Sieun kaémpér-émpér ka pendopo.

“Wa Mantri boga pangaruh di kalangan guru di Cikalang. Kuduna ti awal organisasi guru dideukeutan. Apan Wa Mantri mindeng pisan ngobrolkeun, lapisan guru mah gampang pisan dipangaruhannana. Jadi, mun Wa Mantri ngadeukeutan kekentong guru, terus nyaritakeun politik dinasti sarua jeung neruskeun politik karajaan, jauh tina démokrasi, saeutikna lingkungan guru sa-Cikalang kapangaruhan,” ceuk Tisna, ludeung nyalahkeun ka nu leuwih kolot.

“Lain teu hayang, Jang Entis, tapi pan kudu maké logistik. Mun Uwa teu nyawér, angger moal teurak. Dina nyawérna, ku keluarga bupati bakal ditimpahan, angger urang éléh,” ceuk Wa Mantri tetep ayem, najan asa disedekkeun.

“Bener, Wa, kuno cara kitu mah. Barina gé ulah sok nganggap kalangan guru belegug kabéh. Réa nu beuntana,” Mustajab aya lolongkrang meupeuh Tisna. Da éta wé, nyebut belegugna téh neundeut pisan, nadana lain ditujukeun ka guru.

“Ari Akang, réa nu beunta kumaha? Pan urang gé maksudna supaya ulah milih pamajikan bupati téh, supaya maranéhna beunta. Ku salakina waé Cikalang sakieu ramijudna, komo deui ku pamajikannana!” Tisna malik nyereng.

“Maksud Akang mah, kieu, Adi. Di kalangan guru can tangtu sapikiran jeung urang. Can tangtu kabéh panuju kana démokrasi. Ieu téh lain di kalangan guru waé, kaasup di kalangan patani, padagang, malah di kalangan pagawé pamaréntah gé can tangtu sapikiran kana soal démokrasi mah. Teu saeutik nu nganggap démokrasi téh impor ti Barat, nu can tangtu luyu dilarapkeun di urang,” Musjatab rada panjang ngajéntrékeunnana.

“Mun kitu mah ulah meulit dina démokrasi atuh. Kumaha mun béré gambaran, jaman ku salakina, Cikalang taya kamajuan pisan. Piraku rék rido dipasrahkeun ka pamajikannana?” Tisna méré usul.

“Alus, tapi kudu weweg datana. Naon waé nu teu maju téh? Ulah nepi ka boboléh mun warga ménta bukti data-datana,” Wa Mantri ngélingan, “ongkoh dibawa ngobrol démokrasi mah moal timu juru-juruna acan. Komo deui apan hakékat démokrasi téh bébas milih. Ayeuna ku urang sasatna dihalang-halang milih pamajikan bupati, apan tojaihah jeung démokrasi,” sambung Wa Mantri.

“Gampang soal bukti mah, Wa, ilikan wé Indeks Pangwangunan Manusa, pan Cikalang pangbocétna di saprovinsi, padahal urang téh deukeut ka ibu kota provinsi, ukur sajam, tapi éléh ku kabupatén anu pangtungtungna,” ceuk Tisna.

“Kira-kira ngartieun mun urang ngadongéng soal indéks pangwangunan manusa?” ceuk Mustajab bari nyerebungkeun haseup udud.

“Nya urang husnudon wé, apan cenah ulah nganggap kabéh barodo,” ceuk Tisna boga kasempetan malikkeun.

“Ke, Akang mah lain nganggap masarakat bodo. Ari indéks pangawangunan manusa téh apan raket patalina jeung kabodoan, kamiskinan, kaséhatan. Jadi, kira-kirana bakal ngartieun dibawa ngadongéng soal nu kitu mun  peujitna waé keri ?”

“Ari di kalangan guru mah bisa jadi bakal ngalartieun. Tapi masalahna lain dina sual ipm,” ceuk Wa Mantri nu salawasna aya di tengah.

“Soal naon, Wa? Ceuk Tisna.

“Hih, apan Uwa tadi geus nyarita. Soal sawéran. Sanajan guru kaasup jalma ngarti, angger loba pangabutuhna, sarua jeung rayat umumna. Politik praktis mah di mana-mana gé pragmatis. Téori jeung nu idéal mah ukur aya dina dongéng, ukur semet sungut,” ceuk Wa Mantri.

Jep jempé. Nu ngariung saenyana aya tujuhan. Tapi nu opatan mah can nyarita, malum karampaeun gétréngna Mustajab jeung Tisna. Jadi, milih balem batan matak ruhay. Ongkoh aya nu dijadikeun kokolot, Wa Mantri. Di Kabupatén Cikalang mah Wa Mantri kaasup tokoh anu aya pangaruhna, jeung dipikolot ku sakabéh warga nu ngoposisi ka pendopo. Asak pikir jeung réalistis, ngan hanjakal dina urusan duit kurang weweg. Cacak mun kandel pakayana, geus sapuk pada ngarojong sina nyalon. Ngan partéy euweuh nu nyanggut hiji gé, malum dompétna kempés. Wa Mantri gé kéképéhan embungeun, sabab apal kana watek partéy, moal jalan mun teu diolian. Keur manaskeun mesin partéy, olina lain bantrak-bantrakeun. Basa diangsonan maju ti jalur indépéndén, Wa Mantri sarua nolak. Angger kudu maké oli. Hanas capé ngumpulkeun kartu penduduk, milihna mah angger ka nu panglobana nyawér. Karunya ka tim suksés, majar téh.

“Kumaha lamun kieu,” ceuk Gunadi, pamuda nu keur kuliah di universitas di dayeuh.

“Cik, cik, kumaha tah ketak mahasiswa?” ceuk Wa Mantri. Kaciri kolot asakna, ka budak ngahargaan pisan tur hayang pisan ngabandungan pamanggihna.

“Urang gérilya wé,” ceuk Gunadi.

“Gérilya kumaha?” Tisna langsung nyamber.

“Maksudna gérilya serangan fajar?” Musjatab antara teu sabar jeung nyapirakeun.

“Ih sanés. Leres saur Wa Mantri, ari kudu sawéran mah atuh sanés gé hayang memener Cikalang,” témbal Gunadi.

Saréréa saregep. Komo Wa Mantri mah antusias pisan, da tonggongna anu tadina nyarandé kana korsi, langsung doyong ka hareup, roman ngadadak caang, nunggu nu sapok-pokeun ngomong.

“Urang gérilya inteléktual wé, meungpeung aya kénéh waktos,” ceuk Gunadi. Jep heula, kawas nungguan aya nu némpas. Sabada taya nu nyela, pok deui:

“Namina gé ihtiar, kana pemilihan aya waktos opat bulan deui, kumaha mun ti ayeuna ngararancang programna,” cenah.

“Cik, cik, méméh kana program, alusna pérélékeun heula nu disebut gérilya inteléktual téh nu kumaha, ari sakolaan mah meureun ngajéntrékeunnana matak nyerep ka urang saréréa,” ceuk Wa Mantri.

“Maksadna sederhana, Wa, masarakat kedah apal naon anu disebat politik dinasti, naon waé bahayana kanggo sistem démokrasi sareng pelayanan publik, kumaha cara ngungkulannana atanapi solusina, tah éta téh kedah dugi ka kabaca ku urang Cikalang,” ceuk Gunadi.

“Ke, ari carana?” tanya Wa Mantri unggut-unggutan.

“Uwa tangtos émut kana perjuangan kapungkur. Apan Uwa dina obrolan sering pisan nyarios, kamerdékaan urang teu samata-mata direbut ku senjata, tapi apan anu ampuhna mah ku uteuk, ku kaom inteléktual. Uwa gé pan kantos nyebatkeun, sababaraha kali tiap daérah ngalawan ku senjata, ahirna rubuh waé ditumpes ku Walanda. Sakumaha gagahna Pangéran Diponegoro, angger lumpuh. Tapi sabada para aktivis bajuang ku cara inteléktual, urang tiasa meungkeut diri ngahiji, ngalawan ku tulisan, ku diskusi, ku pidato,” ceuk Gunadi.

“Rada nyay-nyayan, ngan kumaha carana?” Mang Engkas anu tadina caméot ukur loba ngagayem opieun, giliran nyarita.

“Ayeuna jaman média, Mang. Saha nu nyekel média, éta nu bakal kawasa. Itung sabaraha hiji média konvénsional anu nyebar di Cikalang, terus média sosial, urang tiasa milarian, sabaraha akun milik urang Cikalang. Ieu mah gampang milariannana, keun urusan abdi,” ceuk Gunadi.

“Urusan média konvénsional, abdi percanten ka Kang Mustajab, Kang Tisna, duanana aktivis anu caket sareng kalangan jurnalis. Uwa ge pan sahanteuna kantos caket sareng média nalika nuju dines,” omong Gunadi.

Nu tujuhan kawas nu langsung kasirep ku omongan budak ngora, taya nu nyela saurang gé, padahal tadina mah dianggap budak bau jaringao.

“Stratégi jeung taktikna kumaha?” Wa Mantri teu sabar.

“Dina urusan ieu, Emang purah naonna yeuh, da Emang mah lain sakolaan,” ceuk Mang Engkas.

“Sarua kuring gé,” Mang Adil jeung Mang Tata kompak.

“Tong salempang. Gérilya inteléktual sanés hartona kedah dipigawé ku jalmi sakolaan waé, Mang,” ceuk Gunadi.

“Sukur atuh, Jang, jadi moal nganggur yeuh,” ceuk Mang Engkas, dihaminan ku nu duaan.

Gunadi terus ngadadarkeun soal stratégi jeung taktik. Aya dua stratégina, perang darat jeung perang udara. Perang darat turun langsung ka lapangan, ngajak warga ulah milih dinasti. Carana bisa masang spanduk, nyebarkeun stiker, jeung sajabana.  Tapi ku perang darat mah moal nguntup. Moal kabedag kudu masang spanduk, nyieun stiker. Paling anu kabedag nyusun program diskusi terbatas, anu hasilna tangtu moal maksimal. Ongkoh keluarga bupati pasti loba amunisina ari perang darat mah.

“Cik, ari perang udara kumaha?” ceuk Wa Mantri.

Galantang deui Gunadi nerangkeun. Perang darat sanajan hasilna henteu mucekil, angger kudu dilakonan, ku cara ngayakeun diskusi. Kang Tisna nu tanggung jawab. Sabab, Kang Tisna katotol aktivis anu bisa nyarita jeung persuasi ka warga. Tara éléh nyarita dina saban forum gé. Kang Mustajab boga tugas ngadeukeutan média citak, koran, majalah jeung tabloid. Wartawan jeung rédaktur diperih sumbangannana keur nyegah poltik dinasti di Cikalang. Keun waé rék milih nu mana waé gé, asal ulah bau-bau dinasti. Pasti média moal nganggap urang aya politik interes, sabab teu ngarahkeun warga sangkan milih jago, ngan saukur ulah milih politik terah. Salian ti ngamuat hasil diskusi, urang kudu nulis di rubrik opini ngeunaan bahaya politik dinasti jeung ramijudna Kabupatén Cikalang salila lima taun. Lebah dikusi, urang bisa ngadatangkeun ahli pamaréntahan, ahli ékonomi kewilayahan, ahli pedidikan, ahli kaséhatan, ahli pangwangunan keur ngirut wartawan supaya ngaliput. Keur honorna piraku hésé néangan sponsor. Sanésna Haji Manasan gé, bandar tatanén urang Kacamatan Cirigih, teu resepeun pisan kana gawé bupati téh? Pasti daékeun nyeponsoran.

Abong sakolaan jeung gaulna di kota, Gunadi capétang pisan. Tisna jeung Mustajab panuju. Wa Mantri kawas keur ngalenyepan kénéh.

Pok deui Gunadi nuluykeun caritaannana. Perang udara, cekel sing pageuh média sosial, radio, jeung mun bisa mah stasiun televisi. Tapi ku jaman ayeuna mah nu penting pisan média sosial. Keun bagéan abdi ngadeukeutan média onlén sareng ngumpulkeun akun média sosial warga sa-Cikalang. Kaasup urang nyieun wébsite anu eusina ngébréhkeun bahaya politik dinasti. Kabéh tulisan kudu fokus kana soal picilakaeun Cikalang mun politik dinasti ngakar di Cikalang.

“Eundeurkeun, Jang!” ceuk Wa Mantri.

*

SANAJAN can mangsana usum kampanyeu, sabab goongna can ditakol ku komisi pemilihan umum, ari ngakalan kampanyeu mah para kandidat moal béakeun akal. Spanduk para calon geus nyebar di sapuluh kacamatan di Kabupaten Cikalang. Komo di Kacataman Cirigih mah, sasatna ibu kota, pangraména jeung panggegekna. Kacamatan Cunihin jeung Poréngés gé teu éléh ramé, bubuhan natangga jeung Kacamatan Cirigih. Nu rada tiiseun ku spanduk téh di kacamatan anu pangnenggangna, diriung ku leuweung jeung pasir, nyaéta kacamatan Caméwék jeung Kacamatan Cameubleu.

Spanduk gambar Ibu Bupati ngadominasi di saban kacamatan. Sapuluh banding hiji jeung spanduk lawan-lawanna. Aya tilu lawan nu bakal jadi saingan Ibu Bupati. Ngan ceuk itungan warga, nu tilu mah ukur ngaramékeun. Moal kuat ngalawannana. Komo di Kacamatan Caméwék, Cameubleu jeung Kacamatan Camepem mah taya hiji hiji acan spanduk lawan. Dikuah ku spanduk Ibu Bupati. Malah mun nanya ka warga di tilu kacamatan bieu, teu arapaleun saha waé calon Bupati Cikalang iwal ti Ibu Tina Saléha, istrina bupati nu keur manggung. Sloganna geus kawentar di warga sapuluh kacamatan. “Dipingpin ku nu Saléhah, Cikalang Bakal Maju Lahir Batin.” Puguh wé ngaran Tina Saléha beuki nyaliara dina uteuk warga Cikalang.

Lawan-lawan geus gimir méméh prung. Gunadi, Tisna, Mustajab, Wa Mantri sarua ngarasa keueung. Tapi opatannana istikomah rék ihtiar. Dibantuan ku Mang Engkas, Mang Tata jeung Mang Sdil, sauyunan digawé sakumaha job masing-masing. Kalawan sponsor ti Haji Manasan, Tisna nguriling ka tiap désa di sapuluh kacamatan, ngayakeun diskusi jeung para pamuda, tokoh masarakat. Naék motor, hujan jijibrugan, halodo papanasan. Dina prungna mah nu séjén gé milu, iwal Wa Mantri, paling milu téh mun ka nu deukeut.

Mustajab geus bisa ngadatangkeun wartawan kana acara diskusi. Malah tulisan-tulisan ti nu anti politik dinasti, geus loba dimuat dina koran jeung tabloid.  Mustajab kaasup logor di kalangan média. Malah kungsi nguriling ka kantor koran ngadon silaturahmi. Alhamdulillah, média ngabagéakeun positif, sabab Mustajab cs teu ngajagokeun sasaha. Gerakanna ukur hiji: anti politik dinasti tur dianggap gerakan moral, minangka hiji-hijina cara ngupayakeun sangkan Cikalang ulah jadi milik keluarga. Sabab sacara hukum mah taya celah keur ngalawan.

Gunadi kitu deui. Ampir tujuh puluh lima persén nomer ponsél warga Cikalang geus kacekel. Manéhna terus-terusan nyebarkeun gerakan anti dinasti politik. Dina internét, Gunadi geus bisa ngedetéksi akun-akun urang Cikalang, utamana facebook. Wébsite geus dijieun kalayan rapih tur menarik tata wajahna. Tulisan-tulisan sabudeureun politik dinasti geus rapang dina wébsite. Ku Tisna, Mustajab, Gunadi jeung Wa Mantri terus disebarkeun via facebook.

Cikalang beuki sahéng lain waé di darat, tapi di udara. Perang status mahabu. Geus puguh dina grup-grup whats’app mah. Saban  usik terus digeder ku polémik soal politik dinasti. Nu ngadukung kana program anti politik dinasti milu giat nyebarkeun kateubecusan Bupati Cikalang salila mingpin, ditémbalan ku para pendukungna. Ragot dina média sosial teu sirikna saban waktu. Tisna, Mustajab, Gunadi, Wa Mantri jeung nu tiluan mimiti ngarasakeun hasil capé tina perjuangan. Implengan Cikalang lésot tina dinasti mimiti ngelemeng.

“Beunta, beunta, piraku Cikalang rék kieu waé!”

“Nyaring, nyaring, geus waktuna Cikalang ngabantingkeun nu teu éling!”

“Cikalang bakal makalangan, asal wargana boga kahayang!”

Kitu babasaaan dina média sosial jeung internét.

Sahéng di sakuliah Cikalang ahirna jadi bahan adurényom di pendopo. Raray Ibu Bupati geuneuk lain meumeueusan. Saréréa nu aya di pendopo can aya nu wani nyarita deui sabada Ketua Tim Suksés némbongkeun skrinsyut tina grup whats’app jeung sagala nu nyebar di internét ngeunaan Cikalang.

“Ayeuna jaman keterbukaan. Urang ulah kabawa ku amarah, sanajan keur ambek,” saur Bupatit.

“Janten kumaha mayunanana, Pah?” ingkang garwa teu sabar.

“Kudu beunang laukna, caina angger hérang. Tapi keun éta mah urusan Papah. Pan papah téh dua periode nyanghareupan nu sok marijah kitu. Piraku Papah teu bisa ngungkulannana, komo ieu keur Mamih,” saur Pa Bupati.

“Mamih mah ayeuna bilih badé istirahat, sok geura kulem wé, bisi énjing kasiangan. Apan énjing badé ngrulingan ka désa-désa nu aya di Kacamatan Camerok,” saurna deui bangun deudeuh.

Celengok ingkang garwa ngesun taar ingkang raka. Nu séjén ngarasa longsong.

*

WA Mantri ngarasa aya nu anéh. Nu asalna kerep boh dina internét boh dina médsos, ayeuna ngendoran. Malah ti pihak itu siga nu malikan. Dina internét, malah aya wébsite tandingan. Lain hiji deuih. Aya kana opatna, opatanana nyoarakeun kapentingan pihak pendopo, sarta nu dua mah néror ka saha waé anu ngungkit-ngungkit soal politik dinasti. Malah ngancam rék diséréd ka hukum.  Warga Cikalang nu tadina mijah dina médsos jeung internét ngadadak murengked.

Kakara gé rék nelepon Tisna, Mustajab jeung Gunadi, torojol Mustajab uluk salam ka imah Wa Mantri.

“Geuning siga malikan,” ceuk Wa Mantri.

“Moal kuat, Wa,”  walon Mustajab.

Wa Mantri kerung, “Maksudna?”

“Saéna, Wa Mantri ka Pendopo waé. Pa Bupati ngulem Uwa énjing.”

“Ké, ké, ieu mah siga rék meuli,” Wa Mantri kerung.

“Wa…,” ceuk Mustajab, ngan kaburu kapegat ku nu uluk salam. Tisna jeung Gunadi arasup.

Wa Mantri ngarasakeun aya nu béda. Teuteupna teleb ka nu tiluan. Henteu pok nyarita, tapi nungguan naon nu rék dikedalkeun ku nu tiluan. Ngan ditunggu-tunggu, nu tiluan kalah silih rérét, tiluanana siga pada-pada hayang dipiheulaan.

“Heug, teu kudu dicaritakeun. Uwa ngarti. Ayeuna mah urang béda jalan. Meureun ieu anu disebut résiko démokrasi téh. Tapi keur Uwa mah teu ngarasa keueung najan kudu sorangan,” pokna leuleuy, tapi karasa ku nu tiluan tandes.

Nu tiluan angger ngajengjen, biwirna lir nu dkonci. Tina roman jeung panon teu bisa dibohongan, tiluannana ngarasa éléh ku teuasna Wa Mantri.

Nepi ka leupasna ti imah Wa Mantri, nu tiluan teu ngomong pisan. Rumasa ngarumpuyuk hareupeun kolot.

Isukna, Gunadi, Tisna, jeung Mustajab geus aya di Pendopo, keur ngariung jeung Bupati katut istrina. Kalawan lirih Bupati naros, “Ari Wa Mantri mana?”

Nu tiluan silih tunggu, embung miheulaan némbalan. Lantaran taya nu ngajawab, Bupati ahirna sasauran deui. “Sok wé ayeuna urang dalahar heula. Yu, nu séjén geus narungguan,” saurna bari nangtung, indit ka rohang makan.

Nu tiluan nuturkeun. Di rohang paranti ngajamu tamu, geus kasampak tim suksés Ibu Bupati. Nu tiluan ngajenghok, lantaran sidik aya Wa Mantri. Mustajab jeung Tisna  rék pok pisan nyarita, ngan Wa Mantri kaburu neueulkeun curukna kana biwirna. Tuluy ngaharéwos ka Tisna nu kabeneran ngadeukeutan.

“Engké ngobrol mah di imah,” pokna.

Ti harita, nu sok ngalanto ka aula désa ngan tiluan; Mang Engkas, Mang Tata, jeung Mang Adil. Tiluannana ngarasakeun aya nu béda jeung ahéng, tapi tiluannana bingung teu bisa ngalisankeunnana.

Jakarta, 2020

 

 

Editor: Dudung Ridwan
dewanpers