web analytics
  

Ubar Kasusah jeung Karuwed

Senin, 21 September 2020 13:10 WIB Dudung Ridwan
Bandung Baheula - Bandungan, Ubar Kasusah jeung Karuwed, doa,Salat Tahajud,obat stres,salat

Ilustrasi. ( Konevi dari Pixabay )

Sakum jalma pasti ngalaman kasusah jeung karuwed. Mun teu kurang-kurang iman mah matak strés nyanghareupan dua hal éta. Malah teu saeutik jalma cageur jaradi gélo atawa nyicingan pangbérokan gara-gara dua perkara éta. Kasusah jeung karuwed euntreup ka saha baé, teu pipilih: ka nu kolot, nu ngora, nu sangsara, nu beunghar, nu goréng patut, nu kasép, nu geulis, nu bodo, nu pinter, jalma biasa, pajabat, artis jeung réa-réa deui.

Pangbérokan pinuh ku nu loba duit. Mantan gupernur. Mantan bupati. Mantan wali kota. Mantan anggota dpr. Teu saeutik ogé nu teu boga duit poékeun, uleung ku pasualan ékonomi. Nu kolot hayang ngora—dioperasi plastik. Nu ngora hayang nyoba-nyoba--kena narkoba. Nu sangsara hayang beunghar—ngarampok atawa datang ka dukun. Nu beunghar hayang beuki beunghar—korupsi.

Asa anéh bangsa urang mah ninggali tatangga maju, meunang milik, sok ngarasa panas. Sirik. Haté ngagedur kahuruan. “Nya enya loba duit gé da meunang ‘nguyupan’ aspal”. Komo deui pami batur atawa tatangga meunang kasusah jeung karuwed, ngarasa atoh. Keprok. Surak. “Puas usahana bangkrut da dimodalan ku duit meunang korupsi”; “Ah, pantes paéhna hésé da ngabogaan susuk”; “Sok wé tingali sakeudeung deui beuteungna melendung  da dihénénan waé ku kabogohna”. Terus kasusah jeung karuwed batur didagang-dagang, diomong-omong, diiklan-iklan. Di golodog tatangga, di warung, di pangajian, di médsos.

Naha ku cara kitu kasusah jeung karuwed bakal leungit? Moal. Malah kalah ka beuki nambahan. Sok wé tingali eunggeusna: “Nama baik kuring cemar. Kuring rék lapor pulisi”; “Kuring teu rumasa. Ieu fitnah”; “Kuring teu geunah. Ku aing diontrog”. Der, gelut.

Sabenerna kasusah jeung karuwed téh bungbu kahirupan. Mun hirup lempeng-lempeng waé, teu aya éta kasusah jeung karuwed, moal ramé dunya téh. Euweuh tikungan. Euweuh ujian. Euweuh tangtangan. Iwal iman nu bisa ngendalikeun jelema tina kasusah jeung karuwed.

Ceuk ustad, kasusah jeung karuwed sorangan—komo nu batur mah—tong didagang-dagang. Tong diomong-omong. Tong diiklan-iklan. Tapi, buntel ku sarung. Talian sing pageuh. Asupkeun ka jero lomari. Konci lomarina. Pami lomarina di jero kamar, konci kamarna. Pami kamarna di jero imah, konci imahna. Pami imahna dipager, konci pagerna. Simpeun di handeuleum sieum.

Cukup ku dikonci? Henteu. Tah, pami geus tabuh dua atawa satengah tilu peuting, anjeun hudang. Kacai. Nyokot wudhu. Amparkeun sajadah. Tahajud. Sanggeus kitu, kaluarkeun buntelan téh tina lomari. Buka. Tamprakkeun lengen. Béjakeun sagala kasusah jeung karuwed ka Anjeunna. Pék ngadua bari ceurik. Allah ngadawuh di QS Al-Mu’min (40): 60: “Pék anjeun ngadoa ka Kami, pasti ku Kami dikabulkeun.” Rasulullah Saw. nyarios, “Allah ’Azza wa Jalla rék turun ka langit dunya unggal peuting dina sapertilu peuting anu panungtung bari ngadawuh, ”Sing saha nu ngadua ka Kami, Kami rék nyumponan kahayangna jeung sing saha nu ménta ampun ka Kami, Kami rék meré pangampun.” (HR Bukhari dan Muslim). … Sabenerna ngan ka Allah kuring ngabéjakeun kasusah jeung karuwed, QS Yûsup (12): 86.

Jadi, sakali deui, kasusah jeung karuwed sorangan—komo nu batur mah—tong didagang-dagang, tong diomong-omong, tong diiklan-iklan. Pasrahkeun sadayana ka Allah. Insya Allah, isuk pagéto boga jalan kaluar pikeun nyanghareupan kasusah jeung karuwed.

Editor: Dudung Ridwan
dewanpers