web analytics
  

4 Kulinér “Kojo” Bandung: Sanggeus Seblak Naon Deui?

Selasa, 22 September 2020 15:35 WIB Dudung Ridwan
Bandung Baheula - Bandungan, 4 Kulinér “Kojo” Bandung: Sanggeus Seblak Naon Deui?, Seblak,Kuliner,Brownies,Wisata Kuliner

Seblak, makanan khas Bandung. (selerasa.com)

Kréativitas warga Bandung dina widang kulinér mah teu diragukeun, euy! Jaragoan. Papada kréatif. Salut lah. Aslina. Ti zaman ka zaman aya wé kamonésanna. Kamonésan anu ngalégénda. Ieu tah 4 kulinér kojo Kota Bandung di antarana.

Kuéh Pisang Bolen Kartikasari

Kuéh pisan bolen Kartikasari bisa disebut pionér. Taun 1986-an kuéh bolenna geus jadi oléh-oléh khas Kota Bandung. Merlukeun waktu 10 taunan—Kartikasari, berdiri taun 1975—tepi ka Ibu Ratnawati Purnomo manggih resep nu jitu nu dipikaresep ku balaréa.  Baheula mah teu usum FB jeung youtube, tapi pemasaranna ku cara pabéja-béja, kelezatan pisang bolen Kartikasari nepi ka konsumén. Konsuménna lain urang Bandung wungkul, tapi ti Nusantara, malah ti mancanagara. Rasa bolen originalna, perpaduan kuéh nu renyah nu lucir ku mantéga ditambah ku cau nu pas asakna plus ngabuciayna kéju. Komo anyar ngangkat tina oven mah. Duh, teu kabayang. Ayeuna gerai kuéh  Kartikasari bisa dipanggihan di mana waé.

 

Batagor

Beda jeung kuéh pisang bolen, batagor cenah dijieun “tanpa perencanaan” alias teu kahaja. Aya nu ngarantau asal Jawa Tengah. Ngaranna téh Kang Isan. Taun 1973 manéhna datang ka Bandung. Jualan baso tahu ditanggung, ngurilingan kampung di daerah Kopo. Ngaranna gé dagang, tangtu tara béak unggal poé. Sok aya wé sésana. Mun kitu, méh teu mubazir, Kang Isan sok ngabagikan sésa baso tahuna ka tatangga. Hiji poé, baso tahuna nyésa loba. Méh teu haseum, sésa baso tahuna digoréng hela. Baso tahu goréngna tuluy dibungbu kacangan, dibagikeun ka tatanggana. Eh, tatanggana raresepen. Ti harita tenar wéh ngaran baso tahu goréng Kang Isan. Batagor Isan pusatna aya di Jalan Bojongloa. Nu dagang batagor ayeuna lain ngan Kang Isan wungkul.  Nu rada mahalan kelas réstoran gé aya, saperti Batagor Kingsley, Batagor Riri. Loba ogé nu dagang batagor sisi jalan maké roda atawa nu ditanggung ngurilingan kampung.

 

Brownies Kukus Amanda

Teu pira, mimiti na mah Hj. Sumi Wilujeng dibéré kuéh bolu coklat ku adina. Bu Sumi nu tukang masak, jeung lulusan sakola tataboga, teu puas ku rasa kuéh éta. “Lain kieu da kuduna rasana téh. Ieu mah teu ‘nendang’ rasana,” ceuk pikirna. Ti dinya mimiti manéhna ngutak-ngatik resep bolu coklat.

Taun 2000 an, geunjleung di daerah Métro Sukarno-Hatta aya toko kué di mana nu meulina ngantri, panjang siga oray. Kuéh nu dipikaantri téh dingarannan Brownies Kukus “Amanda”—anak mantu damai. Kuéh nu téksturna lembut ku rasa coklat nu pas téh meunang “rejekina” sanggeus nempatan ruko anyar di Jalan Tata Surya, di mana ruko saméméhna kahuruan. Resep jitu hasil ngutak-ngatik Bu Hj. Sumi dipikaresep konsumén. Tepi ka ayeuna rasa kueh cokelat original dipertahankeun. Tapi, tambahan toping keju, jeung nulainna gé aya. Gerai Brownies Amanda ayeuna aya di mana-mana.

 

Seblak

Mimiti ramé na mah taun 2000 an. Tapi, beuki dieu beuki ramé. Di Bandung, saha nu teu nyaho seblak?  Nu dagang seblak aya di unggal tempat. Di jero gang sempit, di sisi jalan, nepi ka di ruko kelas réstoran. Hargana berpariasi ti mimiti Rp5.000 tepi ka Rp25.000 saporsina.

Seblak biasana kombinasi tina kurupuk atah nu ditumis ku bungbu bawang beureum, bawang bodas, uyah, cikur, céngék, kunyit jeung penyedap rasa séjénna. Ka dieunakeun seblak dipariasi ku tambahan endog puyuh, cékér, sosis, sayur, baso, seafood, batagor, jeung réa-réa deui. Tingkatan ladana disasuéikeun jeung nu meuli, ti mimiti lével hiji tepi ka level 10.

Sabenerna kurupuk nu dikulub lain bahan utama seblak. Sanajan, sensasi “enyoyna kurupuk” ieu mawa “kenikmatan tersendiri”. “Sensasi bungbu cikur nu puguh mah nu jadi ciri khas seblak,” cenah.

Aya nu nyebut seblak asalna ti daérah Sumpiuh, Banyumas, Jawa Tengah. Cenah, di Sumpiuh, seblak geus aya ti taun 1940-an, tapi baheula mah ngaranna kurupuk godog.

Salain di Sumpiuh, seblak gé geus aya aya di Cianjur saencan Kamerdékaan. Cenah, baheula di Cianjur mah seblak jadi dahareun kelas ékonomi lemah. Tah, geuning.

Editor: Dudung Ridwan

artikel terkait

dewanpers