web analytics
  

Si Éta Nya!

Sabtu, 19 September 2020 08:53 WIB Darpan
Bandung Baheula - Bandungan, Si Éta Nya!, Sastra,cerpen,Seni dan Budaya,Seni

Illustrasi Nya si Eta! (Ayi Sacadipura)

Horéam saenyana mah. Maké kikieuan sagala. Enya gé kungsi baluas, tapi da asa teu kudu tétérapian. Da saenyana kuring sorangan asa geus teu nanaon. Reuwas mah enya. Baluas, enya. Ngan ti minggu kamari gé kabangbalérkeun ku kabungah bisa balik deui ka lembur.

Si Sarko nu kitu téa mah. Ngagebruskeun batur. Sugan téh enya rék digawékeun jadi perawat lansia. Kaduhung karayu. Ah salah kuring ongkoh, da harita Ema hayoh baé ngomél di imah. Ninitah kuring daék kawin ka Haji Mahmud. Sakitu geus cetuk huis hayoh hayang ka kuring. Enya gé keur léléngohan, tapi kudu kawin ka aki-aki mah ké heula. Siga euweuh lalaki séjén baé. Ari Ema mah geus kabadé maksudna, sangkan hirup di imah robah. Keur meuli béas gé apan loba nganjukna batan mayarna. Kuring sorangan rumasa loba ngagojod di imah. Leungiteun salaki nu ninggalkeun. Meureun sarua, loba digambréng ku Ema pédah teu bisa loba mantuan kasusah di imah. Bubuhan ukur honorér di rumah sakit.

Leungiteun ku Kang Atép mah, urut salaki, da kuring dimulyakeun pisan ku manéhna mah. Asa enya jadi awéwé. Nepi ka kuring boga pikiran, teu kudu réa gawé pamajikan mah, cukup ku ngalayanan kabutuh jeung ngurus rumah tangga nu hadé, salaki soléh hadiahna. Saéstuna, keur ukuran kuring mah Kang Atép téh salaki soléh. Enya gé lain santri. Lemes rasana, ka pamajikan teu kungsi ngaluarkeun kekecapan nu matak susah haté. Salilana muji, salilana ngogo. Hanjakal wé tuluy-tuluyan digamréng ku Ema. Meureun leungit kasabarannana, nepi ka téga ninggalkeun kuring. Mun teu inget Ema téh uruseun, hayang kuring milu ka manéhna. Inget baé kana omonganana basa rék ninggalkeun imah, “Titip duriat Akang…”

Geringna gé kuring teu cukup sabulan.

Nya keur kitu jol Si Sarko, nu sok biasa nyaloan urang lembur jadi TKW. Ceuk manéhna, ieu mah keur ka Singapur. Aya lowongan keur perawat lansia. Sapuluh urangeun.

“Bisi manéh hayang, sok ku urang dibantuan modalna mah. Asal gantian wé ké mun geus enya digawé. Ti batan manéh jadi mangandeuh kolot sorangan. Karunya siah, Neulis. Kolot geus sakitu ripuhna!” pokna.

Lah-lahan antukna mah. Ongkoh kuring embung doraka ka indung. Embung milu napsu sabisa-bisa mah mun dicarékan téh. Nya pok ka Si Sarko, “Urang mah teu boga duit keur modalna. Ku manéh wé tanggung heula. Mun aya mah sakalian nginjeum, mekelan Ema salila ditinggalkeun. Bisi teu dahar. Ke mun geus gajihan digantian!”

Anéh, apan biasana ceuk batur, mun urang rék digawé di luar negri téh sok dilatih heula. Ieu mah langsung dikirim ka Pénang. Enya di dinya aya nu kudu diulik. Tapi lain diajar jadi perawat atawa jadi babu. Nu diajarkeun téh kumaha dangdan, kumaha leumpang, jeung kumaha papakéan nu dianggap pantes. Teg, geus curiga. Ari tempat ‘latihannana’, éstuning teu béda jeung bui. Saha baé moal bisa kaluar sambarangan. Cindekna mun embung bengep, kudu nurut.

Horéng simanahoréng, ukur digawékeun di bar ésék-ésék. Ah, éra nyaritakeunnana ogé. Enya gé digajih, sakapeung dibéré tip, atawa mun tamuna balabah, sok aya paleuleuwih, da lain éta nu kabayang ku kuring mah. Inget ka dinya, ras ka Kang Atép. Gustiiii… sakitu aing dimulyakeunnana ku salaki, kitu gerentes téh, bet kudu ngalaman kikituan. Untung Si Déwi bisa maok HP tamuna, nelepon lanceukna di lembur. Ku lanceukna dilaporkeun ka pulisi. Si Sarko gé cenah dicerek, nepi ka kuring jeung Si Déwi bisa dipulangkeun ka lembur.

Ngan aya-aya baé, kuring kudu ditampung heula di rumah aman. Kuring jeung Déwi kudu miluan healing therapy. Padahal mah kari balikkeun wé atuh ka lembur. Keun baé éra-éra gé, asal bisa ngariung deui jeung Ema. Melang ongkoh ditinggalkeun, ukur dititipkeun ka tatangga.

Nyaéta kuring mah teu resep. Kudu ruang-riung, sina ngadongéngkeun pangalaman, anu puguh mah kalah ngéra-ngéra manéh. Enya gé cénah jadi rusiah nu moal bocor ka sasaha. Nu matak kuring mah rumasa loba balem. Ari ceuk nu sok tatanya téh kalah dibéjakeun déprési berat cenah. Beurat naonna, balem téh kahayang mah ngarah gancang dipulangkeun ka lembur. Embung réa nyarita.

Dasar kitu kuduna meureun, jadi wé rada lila di rumah aman téh. Tuh, geus jol deui nu rék méré térapi. Tapi lain nu sasari, nu sok tatanya téa, da ieu mah kalah mawa orgen. Duaan. Nu hiji geus rada kolot, nu hiji deui mah sigana saumur jeung kuring. Budak ngora, rada kasép. Tah nu budak ngora nu ngajingjing orgen téh.

Cindekna, poé ieu mah rék “hiburan”. Kuring jeung nu di rumah aman, kaasup Si Déwi, lamun daraék sina nyaranyi saseubeuhna. Rék gégéréwékan, rék bari ceurik, rék bari babarakatakan, ceuk nu geus kolot téa, bébas. Nu penting haté bungah, kakeuheul kabudalkeun, atawa masalah kabangbalérkeun.

Saperti sasarina, kuring mah rada horéam. Enya gé waktu di lembur sok géték wé hayang nyanyi mun aya panggung nu hajat téh, tapi da ari kaayaannana keur kieu mah horéam-horéam acan. Nempo Si Déwi mijah gé asa sebel. Mending sora alus mah. Nu jadi perhatian kuring mah tah nu ngaorgenan. Sigana geus pangalaman pisan maén orgenna téh, lagu naon baé dilayanan. Jeung éta deuih, bet rét deui-rét deui ka kuring bari mencétan tuts téh. Siga jalma nu asa wawuh.

“Tah, Si Téh Neulis jago panggung mah,” ceuk Si Déwi. Nyel sebel. Puguh keur horéam téh.

“Sok, Téh, urang cobian,” ceuk budak ngora téa.

“Ulah korét ku haté sorangan,” ceuk nu kolot. “Sakapeung aya anu istiméwa dina diri urang, tapi ku haté sok disumput-sumput. Da nyangka éta mah lain kahayang atawa kaistiméwaan urang. Padahal can tangtu. Da dina diri jelema téh, kumaha baé kaayaannana, sok aya kaistiméwaan nu kakubur da haténa sok tara méréan. Nu matak haté urang ulah korét ka diri sorangan!”

Asa kakara ngadéngé omongan kitu mah. Jaba nyaritana ngeunah kana haté, teu siga nu sok tatanya atawa nu mamaksa sina ngadongéngkeun lalakon sorangan nu bari sok rada seukeut neuteup. Manéhna mah nyarita kitu téh siga lain ka kuring, da kalah mencrong ka jandéla nu muka, siga ngomong sorangan. Padahal écés, nyarita kitu téh ka kuring, da euweuh deui anu séjén, nu diuk deukeut jeung manéhna, iwal kuring.

“Téh…,” ceuk budak ngora, siga nu miharep.

Antukna mah éléh géléng. Kop kana emik. Tapi lila kalah huleng jentul. Nepi ka budak ngora téa siga teu sabar, mani geus déngdék-déngdék hayang ngadéngé kuring nyebut judul lagu nu rék dihaleuangkeun.

Ari géréwék téh Si Déwi, “Tanjung Baru, A. Dikoplokeun! Karesep Téh Neulis éta téh!”

Si Bedul téh. Jeung teu méré kasempetan deuih budak ngora téh, langsung bréng ngaintroan. Bari horéam-horéam téh nya ngong nyanyi, bari siga patung wé, sahayuna. Lagu gé teu dirugal-rigel maké momonés, asal nincak kana nada.

Tapi karék gé rék nincak ka reffrain, si budak ngora nu ngaorgenan téh kalah ngeureunan piriganana. Kuring nu keur nyanyi gé rungah-ringeuh, kitu deui nu séjén. Tapi si budak ngora kalah ka mencrong seukeut. Ti dinya tuluy nangtung, sarta ngdeukeutan kuring.

“Tiasa abdi ngobrol?” Si Éta nya. Puguh kuring téh keur horéam. Kalah der hayang ngajak ngobrol.

“Serius ieu mah. Da abdi apal saha Tétéh…,” cenah.

“Apal naonnana?” cékéng téh bari keuheul.

“Apal hayang énggal uih ka lembur!” cenah rada diharéwoskeun.

Kuring mentegeg. Nya apal ti saha manéhna mun kuring hayang gancang balik ka lembur. Apan tepung gé karék ayeuna. Nyanyahoanan.

“Tadi Déwi ngaharéwos ka abdi!” cenah, siga nu surti. “Upami leres hoyong énggal uih, urang ngobrol heula geura yu. Ulah di dieu, urang di bangku nu aya di buruan. Keun abdi nu ménta idinna ka Pa Maman,” cenah bari mélétét ka jalma nu kolot téa.

Ari heug téh, nu disebut Kang Maman gé siga surti, da kalah ngulang-ngulangkeun ramona ngarah kuring jeung si budak ngora sina indit, gancang kaluar. Si Budak ngora ukur nyenghél. Kuring mah teu méré budi ieuh. Sigana katempona ku manéhna mah kuraweud wé.

Tukang ngaorgenan dihilian ku Kang Maman téa, da sarua sigana geus papada ahli. Kuring jeung si budak ngora kaluar, guk-gék dina bangku taman hareup rumah aman.

“Nepangkeun, Hanhan,” cenah, bari ngasongkeun leungeun, hayang ngajak sasalaman. Teu dilayanan ieuh. Nepi ka manéhna ngécagkeun deui leungeunna. Tapi sigana teu ieuh kasigeung, da kalah imut maur, siga nu éra.

“Mun abdi meunang jujur, sok sanaos Tétéh tadi nyanyi salancar, tapi éta soanten, serak lain, halimpu lain. Sora nu unik da, mungguh ceuk abdi nu sakadar tukang orgen. Ieu mah bilih leres hoyong uih, da urang téh geuning natangga. Ceuk Déwi, Téh Neulis téh ti Binuangeun. Apan abdi gé ti Legokhilir. Abdi kantun nyarios ka Kang Maman, da anjeunna nyobat pisan sareng nu ngurus Rumah Aman. Abdi gé tos sababaraha kali diajak ku anjeunna ka dieu téh.”

Can waka ditémbalan.

“Abdi nembé pisan dikantun ku penyanyi abdi. Aya nu ngabajak ti grup sanés. Bilih ieu mah, Tétéh kersa ngagentosan. Ti batan jauh-jauh nyiar kipayah ka luar, tina nyanyi gé da lumayan nu kaalaman ku abdi mah. Malah mun kaanggo, sok pabéja-béja, sok diviral-viral. Sapertos penyanyi abdi nu ti payun. Nu matak pada hayang ngabajak ogénan. Abdi percaya, Tétéh bisa. Sakali deui ieu mah mung ukur nawisan.”

“Gaduh grup naon kitu?” antukna kuring nanya, bari horéam ogé.

“Namina mah Senada. Lulumayanan baé. Sanes mung organ tunggal. Aya nu ngendangna, nu nyulingna, nu ngagitarannana. Aya ogé MC-na, sareng nu ngurus upacara adat.”

Ras ka indung antukna téh. Ditarima baé kitu?

Enya teu bohong Hanhan téh, da soréna kuring bisa kaluar ti Rumah Aman. Si Déwi mah malah ditahan kénéh. Kuring asa bungangang pisan. Langsung ka lembur, malah dijajap ku Hanhan kana Véspana. Indung dirangkul diceungceurikan. Asa ngemplong haté téh. Asa bangblas. Hanhan mah caméot wé di juru. Barang ditanya ku Ema, saha manéhna. Manéhna sorangan nu ngajawab. “Ojég abdi mah,” cenah. Si Éta nya!

Basa pamitan, kuring teu ngajangjian arék nedunan kahayangna. Kumaha parengna baé. Sok sanajan manéhna mah siga enya pisan miharep kuring jadi penyanyina téa. Kuring ukur nganuhunkeun kana usahana nu geus dibuktikeun bisa ngaluarkeun kuring ti Rumah Aman. Manéhna pamitan, sanggeus méré nomer WA dina sosoéhan keretas tilas bungkus roko.

Teu jauh tina sangkaan, Ema balik deui kana adat awalna, angger ninitah kuring kawin ka Haji Mahmud. Geus sababaraha kali ka dieu cenah salila kuring euweuh di lembur téh. Sakitu béja kuring jadi korban human trafficing téh geus nyebar di lembur mah.

Ah, nékad antukna mah. Bada asar belenyeng ka Legokhilir. Sugan enya jadi ubar, batan teu betah di imah bari hayoh digambréng. Barang srog ka alamat nu dibikeun ku Hanhan, aya plang tina kai dina gapurana “Sanada”. Sup ka pakarangan, katempo rada resik. Rada lega buruanana téh. Hawar-hawar kadéngé nu keur gembrang-gembréng, di tukang. Aya ku sepi di buruan mah.

Kuring wawanianan asup ka gang gigireun imah, anu brasna ka tukang. Beuki ka jero, beuki kadéngé raména nu keur tatabeuhan téh. Enya baé di tukang téh aya bangunan deui, misah ti imah, ngan asa ngareunah, da ditata siga taman. Aya bangku jeung méja tina kai alam. Aya ogé anu tina batu, sarua tina batu alam. Teu mangrupa, tapi nyeni. Di luhurna wé balatak ku asbak nu geus pinuh ku kuntung. Sigana paranti istirahat.

Asup waé kitu, da bangunan nu dipaké tatabeuhan téh pantona nutup. Sigana mah ngahaja sangkan teu ngagandéngan tatangga. Ketrok ulah, ketrok ulah. Kuring ngajengjen salila-lila hareupeun panto, bari alak-alik ka jero.

“Nuhun kersa sumping,” ujug-ujug kadéngé sora tukangeun pisan. Puguh kuring ngaranjug. Si éta nya! Hanhan geus nangtung tukangeun bari ngabelenyéh imut. Kasép budak téh. Manéhna ujug-ujug langsung muka panto sarta gogorowokan siga nu owah.

“Eureun-eureun. Cumah manéh gembrang-gembréng bari euweuh vokalis mah!”

Nu tatabeuhan rep jempé. Horéng éta bangunan téh siga studio. Loba alat-alat sonsistem, mik jeung kabelna pajuranteng. Alat musik pabalatak. Témbok dilapisan ku busa, sigana ngahaja sangkan kendap sora.

“Kita sambut vokalis kita,” cenah nyéta-nyéta MC nu sok loba kapanggih dina youtube. “Liz Ivanka.”

Kuring ceuleumeut. Ari babaturanana kaleprok nepi ka rohangan téh mani sahéng. Tuluy tingsolongkrong ngajak sasalaman bari ngawilujengkeun. Kuring kapaksa umat-imut, ngarah ulah disangka sombong. Ari panon mah rurat-rérét wé ka Hanhan. Ceuk haté, Si Éta nya! Saha Liz Ivanka téh?

Nepi ka jam sapuluhan peuting kakara bérés latihan téh. Latihan ngadadak téa. Da apan niatna ogé ukur hayang kabur ti imah. Bageur saenyana Hanhan téh. Beuki heureuy deuih. Tapi lebah ngadidik kumaha nyanyi nu alus mah rada galak. Ah, diturut wé ku kuring ogé, da bisi enya di dieu aya pangabetah téh. Aya panglumpatan mun di imah keur bangreung.

“Minggu isuk siap manggung, nya! Di Jalan Cangkurileung. Hajat Pa Encép Ridwan,” ceuk Hanhan.

“Hah…,” kuring calangap. “Teu salah?”

“Nya naonna anu salah? Apan tadi sora sakitu méncrang jeung unikna. Lalaguan da tos arapal. Soal papakéan sareng lunggak-linggek mah, mangga, abdi moal pipilueun,” cenah teu euleum-euleum. Gorowok deui ka babaturanana, “Liz Ivanka. Urang viralkeun dina cénel Youtube Sanada, euy!”

Geus teu kudu dicaritakeun kumaha ngagambréngna Ema waktu kuring balik ka imah. Hanhan nu ngajajapkeun maké Véspana milu kacarékan. Tapi manéhna mah kalah hahah-héhéh wé. Siga rumasaeun.

Enya baé, kuring jadi artis lokal. Subscribe dina Youtube geus leuwih ti lima rébu. Geus aya sapuluh rekaman nu diapungkeun dina cénel Sanada. Can di Instagram, can di TikTok. Geus puguh di WA mah, da ngahaja unggal ngunggah rekaman ku balad Hanhan diviralkeun ogé dina médsos nu séjén. Liz Ivanka ayeuna mah kuring téh. Pangasilan lumayan, da Hanhan jauh tina pelit ka kuring mah. Kadang-kadang tina sawéran satengahna baé anu dicokot keur dibagikeun ka nu séjén mah. Di luar honor manggung éta téh.

Ngan angger keur Ema mah. “Sia téh naha hésé-hésé teuing diatur Neulis. Tuh Haji Mahmud beuki kagégéloan ku sia siah. Bongan sia jadi artis!”

Rumasa embung doraka téa ka indung téh. Nu matak mun geus ngagambréng kuring leuwih milih ka studio. Milih ngéndong malah di imah Hanhan. Da ayeuna mah teu sing melang ninggalkeun Ema gé, da kabutuhanana ku kuring geus kacumponan. Sawaréh dibérékeun langsung ka Ema, sawaréh dititipkeun ka Ceu Isah, tatangga gigireun. Bari sina dipangnalingakeun bisi Ema aya nanaon. Ngahaja sok ngaleuwihan buruh ka Ceu Isah téh. Manéhna sok bungaheun, sarta sok milu muji-muji Liz Ivanka nu sok midang dina youtube.

 

Buah ngora, buah ngora,

Nu ngora, pakél ngaranna.

Abdi éra, abdi, abdi éra

Éra ku indung, indung bapana…

 

Lagu kliningan cenah ceuk Hanhan mah. Ngan diaransmén ulang ku manéhna, dirancagkeun, dipopkeun, sakapeung dikoplokeun. Lagu éta anu jadi trademark Liz Ivanka téh. Ngan lamun geus dihaleuangkeun di panggung, sok tuluy dimédléykeun, da lamun kuring geus ngahaleuang Buah Ngora, nu naraék ka panggung téh teu sirikna hayang ngambreg, paheula-heula hayang nyawér. Nyaéta, teu ngarti ku Youtube. Kuring sajorélat jadi pada mikaresep. Paingan aya béjana jelema beunghar tina Youtube.

Sok ngaheureuyan deuih. Mun kuring geus ngahaleuangkeun hiji lagu, tuluy nu nongton atawa undangan nu hajat moyég kénéh, tara asa-asa manéhna mah ngamédléykeun lagu. Sakapeung kuring nu sok késél, da teu méré pisan waktu keur ngarénghap. Sok dipokkeun bari nyelang ngahaleuangkeun téh, “Si éta nya!” manéhna mah tungkul baé kana orgen bari séséréngéhan. Enggeusna wé sok ngaharéwos, “Wios, nu meuseulna ogé tara myuhunkeun bayaran ieuh…”

Ngan aya nu anéh waktu manggung di Polres. Sababada bébérés manggung, rék cat kana mobil séwaan, manéhna ngaharéwos, “Engké mah mun aya nu sok nyelapkeun sawéran dina susu ulah sok dilayanan,” cenah serius pisan. Budina teu siga biasana. Rada alum. Di jero mobil gé, waktu mulang, teu loba nyarita. Kalah anteng ngitung duit hasil sawéran. Jeung teu disangka-sangka, manéhna sorangan nu nyelapkeun bagian kuring kana sela-sela kutang. Kituna téh bari angger budina mah alum. Kuring jadi surti ayeuna mah.

Teu siga kana dangdanan. Ari kuring embung nurutan batur nu sok maké erok pungsat. Salilana maké erok panjang. Ngan ka luhur mah, lebah dada atawa taktak, sakapeung sok diboléklakeun. Henteu ari nepi ka matak éra nu nempo mah. Kuring gé teu wani. Jeung kawasna, Hanhan gé tara opénan. Padahal ceuk Si Oméd, tukang suling, vokalis nu baheula mah séksi abis! Tara éra nagog hareupeun nu nongton bari jeroan katempo ka mamana.

Ti saprak kajadian tas manggung di Polrés téa, Hanhan gé rada robah. Perhatiannana béda pisan ka kuring. Éta baé, mun rék meuli pakéan keur manggung, atawa ngahaja pesen ka nu ngajait, kudu manéhna nu milih bahan jeung kumaha modélna. Kuring mah kari rap. Balaka baé, kuring gé resep kana pilihannana. Papakéan téh bahan mah teu pira, tapi nyeni modélna, ngeunah dipakéna. Ka dituna mah, manéhna nu sok mangmeulikeun parfum, bros, wig, atawa bra jeung cd kuring. Kuring beuki surti. Asa bisa maca kahayangna.

Keur manggung di Cianten waktu aya WA ti Kang Atép téh. Manéhna nyicil imah cenah di Perum Linggamanik, teu jauh ti lembur kuring. Ngajak ngahiji deui. Balaka baé keur kuring mah jadi kabungah. Meureun ti Linggamanik mah Ema gé bisa katalingakeun. Ongkoh apan ayeuna mah kuringna gé geus aya pagawéan. Ngan hiji wé pertanyaan téh, ridoeun moal Kang Atép mun kuring jadi penyanyi? Tapi piraku manéhna teu nuturkeun kuring dina cénel Sanada.

Isukna ditepungan di Linggamanik, da imah téh geus dieusian cenah ku manéhna. Barang dipapagkeun di lawang panto ku manéhna, kuring mah langsung ngarangkul, bari rambisak. Ceuk Kang Atép téh, “Hampura Akang, ngatep Neulis… Tapi aya hikmahna, ayeuna mah akang bisa ngahiji deui sareng artis!” cenah. Ku kuring digégél ogo ceulina, da kitu karesepna.

Teu ku hanteu, Hanhan kaciri siga nu pundung. Didongéngan kuring rék balik deui ka Kang Atép téh manéhna teu kungsi némbalan sakemék-kemék acan. Nepi ka bérés latihan di studio, manéhna alum baé. Teu méré réspon kana dongéng kuring. Atuh latihan poé éta mah karasa pisan tiisna. Karasa pisan teu laluginana. Kuring nga-WA gé, biasa ngaheureuyan ku émotikon kecupan, tara ieuh dijawab.

Balik ka imah, Ema gé sarua teu béragna. Aya ku keukeuh ninitah kuring kawin ka Haji Mahmud téh. Basa dibéjakeun rék pindak ka Linggamanik, nuturkeun deui kang Atép, Ema nyangangangna lain kira, “Mun sia embung doraka ti aing, ngajedog di imah!” Gusti, mun lain indung, geus hayang nambalang. Kieu salah kitu salah. Nepi ka aya pikiran nu anéh dina sirah téh, enya kitu manéhna téh indung teges aing?

Da kuring rumasa loba kahutangan budi, loba ditulungan, loba dibungahkeun malah ku Hanhan téh, aya niat rék bébéja kalawan hadé ka manéhna. Kuring moal ninggalkeun Sanada, lantaran kahutangan budi, dijait tina kasusah. Tapi kuring gé rék balik ka Kang Atép. Kang Atép sorangan geuning teu ngahalang-halang kuring jadi vokalis Sanada, asal ngajaga étika. Balaka bungah kuring téh. Bungah bisa tepung jeung Hanhan sok sanajan mimitina sok dijudesan. Bungah bisa tepung deui jeung Kang Atép nu haat hayang mulang deui ka kuring. Bungah ku jalma-jalma nu geus loba jasana dina hirup kuring salila ieu. Ka personél Sanada geus asa ka kulawarga. Ka Hanhan geus asa ka salaki baé. Tapi mun téa mah kudu milih, kuring leuwih beurat ka Kang Atép. Jalma soléh, nu geus kabuktian bisa ngamulyakeun pamajikan. Ari Hanhan, boa ka vokalisna anu séjén gé kitu.

Tapi kuring nyarita téh hayang hadé. Embung goréng tungtungna. Hayang méré pamahaman ka Hanhan ku naon kuring kudu balik ka Kang Atép. Tapi kuring bakal tetep rék ngabdikeun hirup ka Sanada. Kumaha baé kaayaannana. Sugan manéhna bisa narima.

Ari jol ka gapura, plang Sanada geus ngaplék, sigana pakuna copot hiji. Jol ka buruan mani tiiseun. Kuring tuluy ka studio nu di tukangeun imah. Sarua jempling. Padahal poé éta téh jadwal latihan. Naha euweuh nu gembrang-gembréng? Jol ka studio, ukur aya Si Oméd nu keur melenyun udud di taman tukang. Dina asbakna geus nyampak sababaraha kuntung roko. Ari dina méja sababaraha suling, barang nu jadi jimatna, geus rapih dibeungkeutan.

Kuring datang téh siga nu haré-haré baé.

“Méd?” cékéng téh.

Manéhna ujug-ujug pok, “Kang Hanhan tos angkat ka Papua. Badé bumetah di ditu sareng lanceukna saurna!”

Kuring ngajeten, matung. Si éta nya!

 

Editor: Dudung Ridwan

artikel terkait

dewanpers