web analytics
  

Pangalaman Dagang Buku: Kuring nu Ngarangna, nu Nyitakna, nu Ngajualna

Rabu, 16 September 2020 12:35 WIB Aan Merdeka Permana
Bandung Baheula - Bandungan, Pangalaman Dagang Buku: Kuring nu Ngarangna, nu Nyitakna,  nu Ngajualna, Buku Murah,sejarah,Sastra,Seni dan Budaya

Dagang buku di Gunung Salak (aan merdeka permana)

Ceuk budak mah cenah, kuring téh nya direkturna, nya pagawéna. Nya tukang utah-étah, nya tukang diutah-étah. Meujeuhna da sagala dipigawé ku sorangan.

Dagang buku ieu téh. Nu dijieunna, buku kumpulan carita-pondok, novel jeung buku roman panjang (roman téh jenis carita anu panjang, ieu ditambahan deui ku kecap panjang, kacipta. Tapi da kuring nyieunan buku roman sajarah sajudulna aya anu tamat 12).

Rumasa, kikieuan téh tadina mah duméh olo-olo wé, embung ngagumantungkeun nasib kana naon anu disebut redaktur. Sok wé geura. Pangarang mah nasibna gumantung ka redaktur, boh redaktur koran boh redaktur majalah, boh redaktur penerbit buku. Ari kuring, ngarang téh ti baréto gé jiga nu digawé di pabrik sukro, karya tulis téh sasat ngadirihdil ting borojol. Leupas tina urusan ajén-inajén, ceuk sasaha ogé kuring téh pangarang produktif. Ku produktif-produktifna, ceuk bohongna, koran Galura mah sanggup dieusian ku sorangan. Tangtu aya anu muji-muji, tapi da teu kurang jumlahna anu ngarasa sebeleun ogé.

Naha euweuh deui penulis téh, Aan deui Aan deui? Hahaha, aya tatéh nu geuleuheun duméh kuring loba nulis. Ku sabab kitu, teu euweuheun aya redaktur anu rada ngenyed tulisan kuring, dumeh hayang méré tempat ka penulis séjén.

Tapi da sabenerna mah kuring gé teu ngarasa diogo ku redaktur. Lamun dina sabulan aya lima tulisan anu dimuat di saban média massa, da sabenerna mah aya puluhan tulisan anu teu dimuat ku maranéhna. Kuring teu rumasa jadi anak-emas atawa diprioritaskeun ku para redaktur. Sanajan jeung redakturna wawuh, mun manéhna teu sapuk kana tulisan kuring, da tara dimuat jeung kuringna gé tara protés. Baé antep kumadinya! Beuki gedé media massa anu diasupan, beuki karasa teu asa diprioritaskeun, da jauh leuwih loba anu teu dimuatna, rék nyieun artikel rék nyieun karya fiksi (komo nu ieu mah).

Réngsé pangsiun tina gawé di media massa kuring teu boga panglumpatan cabak. Da di keur SMP kénéh cabak gawé téh kana nulis, atuh ayeuna gé teu robah. Hartina, nulis téh dipaké lahan hirup, dipaké lahan usaha. Wadul atuh ngaranna mun pangupajiwa ukur ngandelkeun sihpiwelas deungeun. Ngirim naskah carita pondok opat judul ka Galura, da moal dimuat saban minggu. Dina dimuatna paling copel saban bulan, pasti diomongkeun ku sasama penulis (heug kabeneran manéhna mah teu nitih tilu bulan sakali dimuatna ku redaktur Galura téh.) Ngarang buku dianteurkeun ka sahiji penerbit, asup 30 judul, nu terbit jadi buku ukur dua tilu, kitu gé kudu nungguan dua tilu taun. Modar atuh moal bisa hirup, padahal pan nyatu mah saban poé.

Tah, ahirna ti dieu meureun légégna téh: mending jadi penerbit keur karya-karya kuring sorangan. Ari diterbitkeun ku sorangan mah, sagalana nya “kumaha aing” wé da teu ngaliwatan redaktur ieuh, moal aya nu nimbang-nimbang ieu pantes itu henteu. Diparuji? Ah, henteu. Malah ari para seniman sastra mah loba anu manghariwangkeun. Aya anu ngageunggeureuhkeun sacara togmol, aya anu malibir ngiritik teu langsung. Ngan intina, sawatara seniman sastra jeung ahli basa mah hariwang, mun aya pengarang anu medalkeun buku teu ngaliwatan seleksi redaktur, hasilna bakal léléwodéh. Ari kuring léléwodéh? Bisa jadi.

Heueuh teu nanaon, da kuring medalkeun buku lain jang ngudag-ngudag juara. Ieu mah daria kuring nyarita, nerbitkeun buku téh hayang kabaca ku umum. Leuwih loba anu maca, leuwih sugema kana haté, jauh leuwih sugema loba dibeulian batan jadi juara wungkul mah.

Soal dipikaresep jeung henteu, soal dianggap alus atawa ukur diajén gawé léléwodéh, keun da kamampuh jalma dina ngajén pagawéan batur téh rupa-rupa tingkatanana. Nu penting, kuring salaku pengarang teu boga maksud hayang ngaruksak moral nu maca. Malah maranéhna dihormat dianggap redakturna karya tulis kuring. Satungtung karya kuring dianti-anti ku nu maca, nya satungtung éta kuring nerbitkeun buku. Lamun dina hiji waktu buku kuring teu payu di toko-toko buku, nya meureun kuring bakal ngoléséd sorangan, teu kudu diusir-usir ku para pengamat sastra.

Teu karasa, ayeuna geus medalkeun 108 judul buku, dibeulina ku umum da dijualna gé di toko buku umum, lain disogrog-sogrog ka saban sakola atawa ka saban lembaga. Nu mareuli buku kuring, kabéh gé saridona, ku sabab baroga minat maca buku kuring. Keun ari sual capé mah. Kekeleyengan nguriling ka kota-kota nu aya di tatar Sunda, kaluar asup toko buku, ukur ngagunakeun sepéda-motor. Hujan kahujanan, panas kapanasan. Ngan lamun geus balik narik setoran ti toko buku, rék gedé rék leutik, bungahna jauh leuwih gedé batan jadi juara ngarang.

“Pa Aan, aya urang Cisompét tos opat balikan nanaroskeun novel Surawisésa Jayaperkosa, iraha atuh badé ngintun deui?” ceuk Bu Asih nu boga Toko Merpati Garut.

“Muhun, mangga-mangga, ké sasih payun,” témbal téh rada ngabohong da sabenerna bukuna mah béak can nyitak deui.

Aya kasugema anu can tangtu kaalaman ku pengarang séjén. Ku sabab kuring mah tukang ngurilingan toko buku sa tatar Sunda, jadi baé apal, kumaha kahayang nu maca. Sakapeung ngahaja ngadeukeutan nu maca, ménta saran-saran ka maranéhna. Lamun geus tepung jeung nu maca tur manéhna geus ngamadat kana macaan buku kuring, sok asa jadi artis. Komo mun manéhna maksa sangkan buku-buku anu geus dibeulina ménta ditandatangan ku kuring, geus kitu ménta dipotrét babarengan.

Éta nu genahna. Nu teu genahna gé loba. Lain sakali baé momotoran ti Bandung nepi ka Kuningan (bulak-balik teu mondok da hayang ngirit duit) bari di sapanjang jalan huhujanan jeung ditutur-tutur ku dordar gelap. Sup ka toko buku anu rék tutup, nu bogana jamedud baeud. “Engké deui mah kedah nelepon heula ari badé nagih téh, sareng ulah sonten teuing!” cenah teugeug. Ana nampa setoran, duitna saeutik. “Mayunan taun ajaran baru mah, jalmi téh perhatosanana kana seragam sakola sareng buku tulis, sanés buku bacaan,” ceuk nu boga toko. Buku-buku kuring gé ditumpuk di juru, teu nembrak dina étalase sabab dina bulan-bulan éta, étalase dipentingkeun keur buku tulis jeung buku pelajaran.

Kekeleyengan tumpak motor bari ngangkleung-ngangkleung buku beunang nyieun sorangan, kebek ku bungah jeung susah. Bungahna mun buku payu loba, sajajalan sagala dibeuli tepika motor rimbil ku runtuyan peuteuy atawa cau. Malah dahar gé milih réstoran. Susahna lamun keur usum hujan jaba buku teu payu, mun sakalina lapar gé ukur sanggup meuli bala-bala asal beuteung kahaneutan. Ari ngatur pembukuan kumaha mun duit sok béak di jalan? Ah, keun baé pan sorangan dirékturna sorangan pagawéna, naha rék tanggungjawab ka saha?

Editor: Dudung Ridwan

artikel terkait

dewanpers