web analytics
  

Cacing

Sabtu, 12 September 2020 06:48 WIB E.D. Jenura
Bandung Baheula - Bandungan, Cacing, cerpen,Seni Bandung,Seni dan Budaya,Sastra

Ilustrasi Cacing (Ayi Sacadipura)

HALODO. Taneuh ngabelenyéh. Patani léwéh. Ngadéngé béja aya nu palid kabawa caah déngdéng di séjén lembur, Mang Ocim jejebris. “Lain los ka dieu atuh caah téh, ieu jagong butuh nginum!”

“Ari taeun téh sok suaban!” Bi Iti ngahuit.

“Kompa ruksak, nyéwa tangki mahal, tonggong asa potong, Iti! Na samaruk hampang bulak-balik ngakut cai téh? Pék, cobaan! Leuheung mun aya nu hideng mencétan!”

Sor kopi anyar cur. Mang Kosim ngalungkeun panénjo ka jauhna.

“Si Adi nelepon, cenah rék balik ka lembur,” Bi Iti ngadongéng bari maling rérét ka Mang Ocim nu bangun haré-haré, “Sorangan, si Nénéng jeung barudak mah moal milu. Kitu geuning lalakon rumah tanggana téh...”

Beungeut Mang Ocim ngabatu, ngarasa sué. Kopi panas, itungan usum nyalahan, béja nu tepi sarwa teu genah. Rét deui kana taneuh nu ngabelenyéh, saminggu dua minggu gé ngabarakatak taneuh téh, calangap, halabhab.

“Sugan kudu nyaba deui,” pokna laun, sasoranganeun.

Bi Iti nu ngadéngé, tungkul.

***

MANG Ocim ngaringkel. Beurang. Cahaya panonpoé karasa ku awakna. Kuliat, gurubug! Mang Ocim buru-buru ngaringkel deui. Sakujur badan karasa garing. Sidik halodo. Ka mana kudu ngiuhan? Tuh, aya tangkal céngék di juru pager, buahna bareureum semu amis, daunna rarubak,  seungit cibéas nu sok dicéborkeun Bi Iti saban rebun, seungit daun leumpeuh, seungit tai embé, seungit taneuh baseuh tingtrim.  

Langsud. Langsud. Mang Ocim ngahuleng. Langsud. Naha aing lalangsudan cara orok? Kapan boga suku. Kuduna mah jolad, jolad. Tapi hésé rék ngaléngkah téh. Ka mana suku? Aya gé bulu-bulu lemes nu muntang kana taneuh. Lod, lod, Mang Ocim maju. Nu penting mah manggih iuh heula, ieu awak asa leuleus kahuru. Eungap. Lapar, deuih. Wayah mumuluk. Ras Mang Ocim ka Bi Iti nu sok hideng mangnyieunkeun cikopi, tara kudu dipénta deui, geus surti.

“Iti, ténjo aing lalangsudan kieu,” ceuk haténa. Lod. Lod. Maju.

Satengahing lalampahan, bet karérét dedek kopi ngabarak. Mang Ocim teu sirikna surak. Hiliwir kopi kabawa angin minuhan pangrasa, lir haleuang sindén wayang golék nu mikat éngklak, Mang Ocim ngagabrug dedek cikopi, gugulitikan, guley, guyang! Teu kudu maké cai, Iti, dedekna gé ngeunah, deuleu! Rauk, rauk. Mang Ocim ngalemod di pakararangan, segut, awakna gugurilapan katojo cahaya beurang.

Aing cacing, Mang Ocim ngagerentes jero haténa. Wawuh pisan kana dedegan rupa kieu, saban poé gé panggih di kebon, di galengan, di buruan, di jalan. Cacing Ocim. Aing Cacing Ocim. Awak panjang siga sedotan, pulas beureum semu hideung, teu boga ceuli, teu boga suku, teu boga mata. “Aing cacing.” Kasadaran téh rada elat datangna, muncengis babarengan jeung jebulna tanaga anyar. Tanaga dedek kopi.

Cacing Ocim kebat nuluykeun lalampahan, mapay buruan muru iuh-iuh tangkal céngék.

***

SANAJAN cacing, Cacing Ocim mah béda jeung cacing séjénna, nyaéta rada pipilih, embung dahar bangké. Teu héran mun Cacing Ocim pada nganggap anéh, katambah loba teuing ngalamun, ngaringkuk jero liang, jeung mumul diajak kawin. Osok éta gé ngariung jeung cacing séjén, milu gawé bareng, dahar bareng, tapi saban disampeur ku papada cacing, diléndotan, jawabna cukup ku teu purun.

Basa hujan mimiti cur, rombongan cacing pindah ka handapeun tumpukan bata di pipir imah. Bata sésa kuriak taun kamari. Atoh pisan Cacing Ocim. Atuh da tumpukan bata téh perenahna hareupeun pisan panto dapur. Asa cacap kasono téh ku ngarasakeun riyeg taneuh nu ditincak ku Bi Iti saban turun-unggah ka imah panggungna. Saban Bi Iti nyeuseuh di kulah, moékeun baju, sasapu, moé opak atawa naon baé, Cacing Ocim tibuburanjat kaluar tina tumpukan batu, ngadon noong.

“Bahaya kitu peta téh!” ceuk baturna papada cacing.

“Lah, pira gé noong.”

“Musuh urang téh réa, utamana jelema. Hayam jeung bangkong onaman ukur dahar cacing sawareg kadutna, jelema mah hawek! Manggih cacing sahiji, imah urang bisa dikali, bangsa urang tumpur dipaké eupan atawa ubar panas! Komo kapanggih ku barudak mah, sok deleka, disiksa cacing téh, ditojosan ku nyéré, ditincak atawa dipékprék batu, abong can boga wiwaha. Hayu asup!”

“Lah…” Cacing Ohim leungiteun kecap. Enya, dipikir-pikir mah bener ogé caritaan baturna téh. Najan kalékéd, teu burung manéhna asup deui kana liang. Ti dapur, selengseng seungit asin japuh jeung tarasi dibeuleum. Cacing Ocim neureuy ciduh.

Hiji waktu mah taneuh karasa eundeur, ririyegan. Cacing Ocim kalah curinghak tuluy gura-giru naék, ngaliwatan liang cacing séjén nu ngahéphép.

“Ka mana, Cim? Ulah kaluar! Bahaya!”

Teu didéngé. Langsud. Langsud. Lol. Serrrr… Geter taneuh mingkin rohaka. Incu-incuna keur ajrag-ajragan, beberetekan di pipir, ka buruan, tingjarerit bangun atoh. Ramé, siga Lebaran. Aya deui geter sora séjén, sora budak jeung minantuna nu semu dareuda. Geter inghak Bi Iti.

Cacing Ocim tipepereket nangkeup taneuh ku leungeunna nu ukur bulu lemes. “Baturan indung manéh, Adi, Neneng, peupeuriheun Bapa sakieu ayana….”

Cacing gé bisa bagja, balik ka liang teu sirikna sosorodotan dina taneuh baseuh cara budak satepak. Peuting éta, Cacing Ocim tibra.

Ukur sahiji cita-cita Cacing Ocim, nyaéta nepungan Bi Iti. Moal ari wawuheun mah (ti iraha jelema wawuh ka cacing?), moal nyuguhan cikopi, deuih. Tapi sahenteuna padeukeut. Orokaya hésé ayeuna mah, da anak-incuna araya di imah, bangsa cacing kudu leuwih tarapti ngelol jeung barangsaba.

Tapi ari keyeng mah teu burung laksana.

Ku lantip ngintip-ngintip, Cacing Ocim jadi apal kabiasaan anyar di imahna. Saban isuk, sangeus bérés nyeuseuh, minantu indit ka tukang bubur jeung incu-incuna, Bi Iti bagéan moékeun baju. Orokaya rada gédé résikona lalampahan ka deukeut popoéan téh, cai sabun pait pahang karasana ku cacing mah, katambah sok aya bangkong moyan deukeut tihang popoéan.

“Manéh ngarti teu sih konsép salamet? Leuheung panggih jeung bangkong, kumaha mun panggih jeung jelema?” batur-baturna gogodeg.

“Paéh ku jelema nu ieu mah uing rido,” Cacing Ocim nembalan.

“Boa édan!”

Langsud, langsud, Cacing Ocim tabah. Rék kitu rék kieu, kumaha béhna baé. Nu penting katénjo ku Bi Iti, panggih deui jeung Bi Iti.

Rék naon mun geus panggih?

Cacing Ocim ngarandeg. Teuing. Oh. Oh. Rék amitan, rék ménta dihampura, rék nganuhunkeun, rék muji. Naon deui? Rék kitu baé. Cukup sakitu gé.

Langsud, langsud. Peleték panonpoé matak halabhab. Tahan, geus deukeut. Sreeettt…! Bi Iti ngibringkeun baju nu kakara dipeureut, sawaréh keuna kana awak Cacing Ocim.

“Nénjo atuh kikibring téh, Iti! Nyéprét deuleu!” Cacing Ocim mureleng, Aéh, bit. Moal ngartieun, kapan. Moal kadéngéeun. Tah, di dieu yeuh, deukeut émbér, iuh di dieu mah. Cacing Ocim nungguan bari culang-cileung, sieun panggih jeung bangkong moyan.

Teu lila, émbér diangkat, gewur sésa cai di jerona dicéborkeun kana rungkun bawang daun. Bi Iti malikkeun awak, rék asup deui ka imah.

Gurubug. “Alah siah, meni reuwas! Méh baé katincak!”

Pung, awak Cacing Ocim ngalayang, ngawang-ngawang. Lain hiber, lain kabawa angin. Sidik diangkat, dijiwir palebah beuteungna pisan.

Cacing Ocim gogoakan.  

“Iti! Iti! Lésotkeun! Ieu aing! Aduh! Aduh! Ramo manéh panas, Iti! Matak garing kana awak, nyeri! Teu kuat, kasiksa, teu kuat! Sot, Iti, sot! Puragkeun aing! Ulah dicabak, aduh! Aduh!” Cacing Ocim ngagoak, baruntak, nerejel, pépéréngkélan, ajol-ajolan hayang leupas tina capit ramo Bi Iti nu késangan, uyahan. “Geuning sia téh asin, Iti! Kulit jelema téh horéng asin, kulit aing asa dicucukan! Sot! Leupaskeun!”

“Sieun dipaéhan, nyah?” Bi Iti nyakakak bangun kagugu nénjo pamolah Cacing Ocim.

“Ulah kitu, Geulis, Bageur, Deudeuh, sing nyaah ka sato, ulah deleka. Turunkeun aing, Iti!” 

Sot cacing kana pot kuping gajah. “Moal atuh. Anggur mah geura ngaliang masing jero, suburkeun taneuh, dahar sing loba ngarah gedé tanaga. Los!”

Cacing Ocim rikat ngagali. Suruduk, suruput, taneuh dibaheum, barangkal, akar jeung anak-anakna disuaykeun, beuki lila beuki jero, beuki tiis jeung baseuh, genah karasana, ni’mat nakeran. Cacing Ocim ngojayan taneuh, merdeka.

“Nuhun, Iti,” ceuk Cacing Ocim dumareuda, sanggeus nyelegon di antara akar kuping gajah, niis ngareureuhkeun seubeuh capé. “Manéh, pamajikan patani nu sajati.”

***

TI saprak harita Cacing Ocim tumamprak kana papastén carita nu tumiba ka dirina. Barina ogé, taya waktu pikeun ngarasula. Cacing Ocim segut digawé, nyurungkuykeun taneuh sangkan gembur, miceun gemuk, nyangkéré di ranggeuy akar, kukuliatan ana kapanasan, sosorodotan dina cihujan, gutak-gitek muru liang saban rentang-rentang ti kajauhan ngarasakeun hayam, manuk, beurit, atawa bangkong. Kitu polahna sapopoé, nepi béak waktuna.

Sakapeung, karasa ku Mang Ocim, geter Bi Iti ngulampreng di buruan, ngasuh incu-incuna, barudak si Adi jeung si Nénéng, nuduhkeun rupa-rupa kekembangan. Biwir buleud Cacing Ocim teleb imut.

Sakapeung, Bi Iti ukur ngajanteng di buruan bari neuteup ka jauhna, bangun jauh panineungan, bangun aya nu dipiharep datang. Mun geus kitu, Cacing Ocim ngagero halon jero haténa, “Iti! Iti! Ieu aing! Dagoan, Iti, dagoan aing!”

Séptémber 2020

Editor: Dudung Ridwan
dewanpers