web analytics
  

Dongéng Prajurit

Selasa, 8 September 2020 11:54 WIB Dudung Ridwan
Bandung Baheula - Bandungan, Dongéng Prajurit, dongeng,prajurit,jariah,cerpen

Ilustrasi prajurit. (Devanath dari Pixabay )

Aya hiji raja. Hiji waktu éta raja téh miwarang ka salah sahiji prajuritna. “Prajurit, jug, anjeun indit ka hiji tempat. Tempat éta téh katelah pikageueumeun. Siga guha, poék, mongkléng. Teu katingali curuk-curuk acan. Sanajan kitu, anjeun, wayahna kudu indit!”

“Siap, Raja,” ceuk éta Prajurit. Padahal dina haténa mah ngarempod. Rék nanahaon kudu asup ka tempat anu poék mongkléng? Haroréam teuing. Sudi najis. Tapi, éta téh da paréntah raja. Kudu digugu jeung diturut. Anjeunna kudu taat jeung patuh kana paréntah nu jadi dunungan.

Isukna, jug wéh si Prajurit téh angkat ngajugjug tempat nu poék téa. Méh teu keueung teuing, saméméhna, si Prajurit nyamper baturna nu kahiji, ménta dibaturan.

“Embung, ah,” ceuk baturna, “ari kudu nganter ka tempat poék bari jeung pikasieuneun mah. Barina gé anjeun jeung kuring ayeuna geus ‘putus hubungan’. Tos teu aya gantar kakaitan.”

Deuh, meni kitu nya. Si Prajurit nyeri haté. Padahal manéhna téh baheula diihtiaran ti isuk jedor nepi ka peuting jedar. Geus benang, dipupusti. Dielapan. Dikosokkan.

Si Prajurit kuciwa. Manéhna ngingkig balik ngajugjug babaturanna nu kadua.

“Sok, ku kami dianter,” ceuk baturna nu kadua. Ngan aya tapina ...”

“Naon tapina?”

“Horéam ari kudu nganter ka jero mah. Daék sotéh nganter tepi ka panto gerbang wé. Ka jero na mah jug wé anjeun sorangan.”

“Meni kitu,” ceuk si Prajurit. Padahal baheula mah manéhna téh ti leuleutik tepi ka gedéna diurus ku aing. Tuang leueutna dipangmilariankeun. Sagala pangabutuhna dicumponan.

Nya atuh ari kitu mah. Kami rék nepungan babaturan nu katilu. Sugan wé bisa nganter.

Panggih jeung babaturan nu katilu. Sagala pamaksudan si Prajurit teh alhamdulillah dicumponan.

“Hayu, ku kami dianter ka mana gé. Tong boro maturan asup ka nu poék, nganter nepungan ka Raja na gé, hayu, ku kami dianter.”

Si Prajurit bungah kacida. Teu nyangka baturna aya kubageur naker. Singkat carita, si Prajurit téh dianter ku babaturanna nu katilu.

Pamiarsa, tah, dongéng di luhur téh ngan saukur simbol.

Saha atuh anu jadi Raja téh? Nyaéta Allah Swt. Nu Kagungan sagala alam. Anu paréntahna kudu diturut jeung digugu. Sagala laranganna kudu disingkahan.

Saha atuh anu jadi si Prajurit téh? Nyaéta urang sadaya, makhluk Allah Swt. Nu kudu turut tumut ka paréntah Mantenna.

Nu kumaha atuh harti tempat nu poék téh? Nyaéta alam kubur. Teu aya nu apal, isuk pagéto, atawa jaga, teu budak teu kolot, urang sadayana pasti kabagéan.

Saha atuh nu jadi réréncangan nu kahiji téh? Nyaéta dunya. Ti isuk jedor tepi ka peuting jedar dunya ku urang ditéangan.  Ngabélaan suku di luhur, hulu di handap. Lamun urang maot, dunya rék milu ka jero kubur? Moal.

Saha atuh nu jadi réréncangan nu kadua téh? Nyaéta kulawarga urang. Dipiara, dipupusti, ku urang dijaga ti leuleutik dugi ka gedé. Pami urang maot ngan bisa nganterkeun samet kuburan. Careurik di luhur kubur urang. Geus kitu mah baralik wéh.

Pertarosan terakhir, saha atuh nu jadi babaturan katilu, babaturan nu bageur, keresa nganter di jero kubur malah dugi akhirat nepangan Allah Swt? Teu aya sanés, nyaéta amal jariah.

Hadis populér:

“Upami hiji jalma maot, pegat sagala amalanna kecuali tilu perkara (nyaéta): sedekah jariyah, ilmu nu diamalkeun, atawa du’a budak nu sholeh” (HR Muslim no. 1631)

Editor: Dudung Ridwan
dewanpers