web analytics
  

Réalis Magis dina Sastra Sunda

Selasa, 1 September 2020 15:58 WIB Cecep Burdansyah
Bandung Baheula - Baheula, Réalis Magis dina Sastra Sunda, Sastra,Budaya Sunda,Resensi Buku,Sunda

Buku Sawidak Carita Pondok, Abdullah Mustappa (istimewa)

Ari réalis magis téh nu kumaha? Jeung naha enya milik Amérika Latin?

Patalékan ieu jadi karasa penting sabada milu diskusi buku kumpulan éséy Nirwan Dewanto Kaki Kata dina webinar, Kemis 27 Agustus tabuh 19.30 nepi ka tabuh 22.00. Nu Ngabahahasna Ari J Adipurwawidjana, dosén Sastra Inggris ti Universitas Padjadjaran.

Anu kawilang narik perhatian, pernyataan penulis buku, Nirwan Dewanto soal réalis magis dina kasusastraan. Saenyana soal réalis magis lain fokus bahasan, ngan disabit saeutik ku Nirwan patali jeung éséyna ngeunaan sastra Amérika Latin.

Nirwan nyabit-nyabit soal éta sabada kuring dina éta diskusi nyebutkeun, éséyna soal Sastra Amerika Latin anu dimuat dina buku kumpulan éséy Senjakala Kebudayaan, kawilang alus tur bisa nambahan wawasan pikeun saha waé anu midalit sastra. Ngan ceuk kuring harita, hanjakal éksplorasi Nirwan anu lampar jauh dina soal sastra henteu dibarengan ku éksplorasi ka jero, nyaéta tradisi dina sastra nu aya di Indonésia, boh basa daérah boh basa Indonesia, boh lisan boh tulisan.

Henteu ngajawab langsung, ngan di antarana Nirwan nyarita, naon sababna nulis soal sastra Amérika Latin, nyaéta pikeun ngélingan para pangarang Indonesia kaayeunakeun anu sok tuturut munding gaya réalis magis.

Hanjakal Nirwan henteu nyebutkeun pangarang Indonesia téh saha waé anu karya-karyana mibanda gaya réalis magis. Tapi nu kabaca panganyarna, karya sastra Indonesia anu mibanda gaya réalis magis téh, novél munggaran karya Goenawan Mohamad, anu judulna Surti + Tiga Sawunggaling.

Unsur réalis magis dina novél Goenawan nyaéta hiberna tilu sawunggaling, rupa manuk anu digambar ku Surti dina kaén mori, terus kakalayangan ninggalkeun nu ngagambarna. Ku unsur réalis magis ieu alur novél karasa weweg, mistis tur éstétis. Sabada hiber jauh, éta tilu manuk téh datang deui nyampeurkeun dununganana tuluy ngobrol ngadongéngkeun lalakon salaki Surti anu lila leungit.

 Tuluy timbul pertanyaan, naha Goenawan kaasup anu disindir ku Nirwan? Tangtu ieu pertanyaan bakal hésé ngajawabna iwal ti nu maca kudu  nyukcruk tradisi réalis magis dina sastra Jawa jeung seni rupa, pangpangna dina tradisi seni ngabatik.

Intina tina pernyataan Nirwan téh, gaya réalis magis raket patalina jeung sajarah budaya masarakatna, lain barang impor anu bisa kitu waé diturutan. Gaya tulisan réalis magis dina sastra Amérika Latin, siga Seratus Tahun Kesunyian atawa karya-karya Jorge Luis Borges raket patalina jeung sajarah masarakat katut budaya Amérika Latin. Hartina, tradisi réalis magis teu bisa dicomot kitu waé ku pangarang ti nagara séjén anu dina sajarahna teu boga tradisi akar réalis magis. Istilah kasarna mah, teu bisa diaya-ayakeun, sabab antukna bakal artifisial alias henteu matut katénjona da sadakar gagayaan.

Logika Nirwan memang bener. Urang papandékeun waé ka hiji komunitas masarakat anu dina sajarah jeung budayana teu kungsi aya tradisi dangsa, terus dangsa harepeun batur, katénjona pasti bakal tumarumpang. Kitu deui mun dina tradisi barat samodél Amérika Serikat teu kungsi hirup dunya wayang jeung padalangan, terus aya urang Amérika ngadalang di lemburna sabab manéhna kungsi neuleuman dunya padalangan di tatar Sunda, manéhna tangtu bakal teraliénasi. Moal kajiwaan boh ku manéhna nu ngadalang boh ku nu lalajona. Kitu kira-kira dina karya sastra gé.

Ku saliwatan mah pamanggih Nirwan téh karasa gagahna. Ngan saenyana mun dijujut mah, asa jadi gagabah. Pangpangna mah, urang kudu sapuk heula kana istilah réalis magis. Dina literatur sastra, réalis magis minangka konsép éstétis tina hiji carita gaya réalis, ku cara ngadumaniskeun atawa ngagalokeun unsur-unsur anu irasional atawa anu henteu asup akal, tapi kana alur carita jadi leuwih ngawewegan. Jadi sacara nalar dongéng, unsur anu henteu asup akal téh malah jadi fungsi éstétis.

Dina sastra Sunda, tradisi réalis magis téh akarna geus nyampak dina sastra wangun pantun jeung legénda. Dina pantun Mundinglaya Dikusumah, munculna jimat Lalayang Salakadomas anu dicokot ti jabaning langit minangka unsur réalis magis. Kitu deui dina dongéng Sangkuriang, déwa ti kahiyangan anu disupata jadi anjing (si Tumang), tuluy kawin ka Dayang Sumbi akibat omongan Dayang Sumbi anu sompral. Malah waktu Dayang Sumbi ngélébétkeun kaén bodas nepi ka alam katingalina ku Sangkuriang jadi caang siga beurang, ogé kaasup réalis magis.  Bolayna kawin antara indung jeung anak kulantaran unsur réalis magis.

Dongéng séjénna anu ngandung réalis magis, bari geus dipikawanoh ku urang Sunda ti bubudak kénéh, sabab turun tumurun didongéngkeun ku kolot-kolotna, nyaéta dongeng Nini Antéh ninun di bulan dibarengan ku ucingna.  Dongéng-dongéng kieu téh pan henteu asup akal, tapi bisa dipesék minangka siloka, sabab awal ahir apan manusa bisa ngadongkang bulan.

Dina sastra Sunda kontémporér, pangarang Sunda can sagemblengna jeung can sakabéhna bisa ngolah unsur réalis magis jadi kabeungharan dina karya-karyana. Carpon-carpon Godi Suwarna henteu bisa kagolongkeun kana réalis magis, tapi asupna kana absurditas. Sanajan ku sastrawan kahot Muh Rustandi Kartakusuma dikritik bébéakan tur disebut aabsuran, lantaran  tradisi asbsurditas ayana dina tradisi barat (Prancis), tapi gaya sastra Godi tetep asup kana gaya absurd, nyaéta teraliénasi alias mencilna manusa sakumaha anu kagambar dina tokoh-tokoh karya Godi. Ngan mun Albert Camus mah absurdna kamanusaan téh kudu ditarima minangka takdir sabada usahana ngahontal kabagjaan teu timu-timu, Godi mah siga-siga aya usaha terus baruntak alias ngalawan takdir.

Réalis magis atawa kagoiban dina sastra Sunda bisa kapanggih dina “Ringkang” karya Abdullah Mustappa anu dimuat dina Sawidak Carita Pondok, novél Dadan Sutisna Sabalakana, carpon “Kawung Ratu” karya Wahyu Wibisana, jeung karya-karya Moh Ambri. Karya-karya anu ditataan bieu ngandung kagoiban alias réalis magis anu matak pogot keur nu macana. Téhnik jeung cara nyaritakeunana boga wanda masing-masing anu ngabeungharan karya sastra Sunda.

Hiji deui anu bisa disebutkeun gegedugna pangarang nu midanda réalis magis sajaba ti Moh Ambri, nyaéta Ki Umbara. Carpon “Kasilib” anu jadi unggulan kadua Hadiah Sastra Manglé taun 1963 tur dimuat dina buku Sawidak Carita Pondok, ngébréhkeun pisan yén tradisi réalis magis dina sastra Sunda mah lir gula jeung peueutna ti jaman saméméh Gabriel Garcia Marquez nulis novél Seratus Tahun Kesunyian. Carpon “Kasilib” dimuat dina Majalah Manglé No. 68-69 Taun ka VI Juni-Juli 1963, sedeng Seratus Tahun Kesunyian terbit tahun 1967. Jadi, aya selang waktu opat taun.

“Kasilib” minangka carpon réalis magis anu paling nembrak, lalakon jalma anu paéh hirup deui. Mun ditulis lain ku pangarang anu asak dina soal téhnik nyarita, carpon modél kieu pasti bakal tigebrus kana carita nu sabulangbéntor teu puguh alangujurna. Tokoh Maléndra anu geus dianggap paéh ku indung bapana jeung ku sakabéh tatanggana, ngadadak muncul dina tahlilan poéan katujuh. Ti dinya lalakon terus ngalir. Deskripsi, suasana, alur jeung karakter tokoh-tokohna boh di alam dunya (alam manusa) boh di alam goib (alam siluman) éstuning hirup bari nyurup. Matak tibelat nu maca.

Hanjakal, pangarang-pangarang anyar anu sering midang kaayeunakeun dina media, umumna henteu maca karya-karya anu geus ngagurat kuat dina lemah sastra Sunda. Pangarang ayeuna umumna ukur resep ngagul-ngagul karya sorangan, bari umumna karya téh taya pupurieuneunana, malah jajar pasar gé henteu.  Jadi, saenyana pernyataan Nirwan Dewanto téh bisa dibaca ogé keur para pangarang Sunda anu ayeuna sering mijah ngagul-ngagulna karya sorangan dina sosméd, yén saenyana tradisi ngarang téh kudu diwewegan ku tradisi maca, pangpangna maca karya-karya sastra ti jaman ka jaman, utamana pisan maca karya-karya anu kagolongkeun petingan alias kanonik. Henteu cukup ku maca karya sastra Sunda, tapi kaasup sastra nu ngampar di alam dunya.

Cecep Burdansyah

Editor: Dudung Ridwan

artikel terkait

dewanpers